WorksheetsPAT BAHASA SUNDA KLS 8
Total questions: 30
Worksheet time: 3600secs
kecap rajekan sagembleng ku cara nyebut dua kali kecap dasar na bari robah sora vokalna kecap rajekan....
dwimurni
dwimadya
dwireka
dwipurwa
kecap ''tajong''upama di rajek ku cara dwipurwa maka jadi....
tajong-tajong
tatajong
titajong
tujang-tajong
warta teh nyaeta katerangan atawa beja anu diteupikeun ka.....
balarea
pribadi
kelompok
kulawarga
kajadian anu bisa dijadikeun warta teh nyaeta kajadian.....
anu dianggap peunting pikeun urang
anu dianggap penting pikeun kulawarga urang
anu dianggap penting pikeun pamimpin
anu dianggap penting pikeun balarea
dina warta aya unsur-unsur nu di sebut.....
W+H
5W+1H
5H+1W
5WH+5H
surat anu ditulisna ku salahsaurang jalma tur dikirimna ka jalma lianna disebut surat......
resmi
pribadi
uleman
dines
bagean surat anu netelakeun ka saha jeung ka mana ditunjukeunnana surat disebut....
alamat surat
bubuka surat
titimangsa surat
panutup surat
Nuliskeun titimangsa surat anu bener teh......
Bandung,20 januari 18
Bandung 11 januari 18
Bandung, 16 juli 2018
Bandung: 21 juni 2018
sakitu serat anu tiasa kasanggakeun,kana samukawis perhatosanna simkuring ngahaturkeun sewu nuhun.
Di luhur teh sempalan tinba surat bagean....
bubuka
eusi
titimangsa
panutup
Naon ari tatakrama teh..?
Aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoe
Aturan sopan santun anu ditetepkeun ku pamarentah
Tata tertib dina sakola
Tata cara kahirupan manusa sapopoe
Kumaha tata krama dina natamu..?
Kudu barangbawa atawa mawa oleh-oleh lamun rek natamu
Kudu make pakean anu alus lamun rek natamu
Ngucapkeun salam,punten atawa ngetrok panto 3 kali
Mun rek natamu datangna kudu sore-sore
Geus biasa,lamun tas nynyabaan,Atia mh sok tetelepek ngeunaan naon-naon anu katenjo atawa nu kaalaman,boh diperjalanan boh di tempat nu dituju.
kecap Tetelepek ngandung harti........
Tara daek tatanya
sok tunya-tanya
Bawel/cerewet
Tara campur gaul
Mana kalimah langsung anu bener?
Saha anu teu sakola?
Iraha rek indit ka jakarta teh?
''Mah aya nu bade ditaroskeun?''
Atia nanyakeun ka indungna naon ari tata krama teh?
''Sareng saha Bu,..........ka garut na?''
Angkat
indit
Mangkat
Mios
Basa tepung ge meuni ngembang Tiwu jiga kanu teu wawuh.
kembang Tiwu hartina....
eumbreuk
bosongot
alewoh
badaus
"ari kitu?" malik nanya, giliran indungna ngembang kadu.
ngembang kadu hartina .................
olohok
geulis
alewoh
bolotot
"bu nuju damel naon, tos tabuh 10 wengi teu acan ..... keneh?"
sare
mondok
kulem
hees
"sok bade naroskeun naon? mani bangun daria," ceuk indungna deui, bari neuteup ......... breh budak teh mani ngembang cengek.
kembang cengek sebutan nana nyaeta ..........
gelenye
mayang
ulated
mencenges
istilah minangkar jeung minangkub teh ayana dina kaulinan ..............
gatrik
ngadu karet
pecle
damdaman
langlayangan peugat alatan lain karana diadu disebut .......
godos
kabandang
ditataran
kapakan
istilah blep ayana dina kaulinan ...............
ngadu kaleci
panggal
pecle
jajangkungan
salah sahiji kaulinan barudak awewe nyaeta .........
anyang-anyangan
gatrik
ngadu kaleci
medar
tanah darat nu sok dipelakan pare disebut ......
hunyur
tetelar
huma
tepis wiring
sesebutan pikeun wewengkon pasisian atawa palemburan nyaeta ..................
hunyur
tetelar
huma
tepis wiring
bagean walungan anu jero disebut ...............
babantar
tetelar
leuwi
tepis wiring
wanci dimana poe geus mimiti poek, deket ka waktu magrib disebutna ............
sareureuh budak
sareupna
janari leutik
pecat sawed
manceran teh nuduhkeun wanci ..................
mimiti bijil panon poe
panon poe geus ngageser ka beulah kulon
tengah poe
waktu kira-kira jam 7 isuk-isuk nepi jam 9 isuk
carangcang tihang ge punbapa mah tos angkat ka pasar. carangcang tihang nyaeta? .......................
wanci liwat pajar, tetenjoan reumeung-reumeung keneh
waktu sabada hanet moyan, panon poe geus karasa panas
waktu dimana panon poe geus rek surup
waktu dimana udat-udat bodas katembong ti beulah wetan
babasan "buntut kasiran" hartina .....................
koret
daekan
hese di titah
babari borok
sesebutan pikeun anak munding nyaeta .......
ciak
eneng
buruy
bilatung
