wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT SMP PLUS KELAS VII (dongeng)

Total questions: 50

Worksheet time: 2hrs 10mins

Name
Class
Date
1.

Dongéng nya éta karya sastra wangun...

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Lirik

d)

Drama

2.

Ditilik tina perkembangan atawa sajarahna, dongéng kaasup karya sastra...

a)

Buhun

b)

Modéren

c)

Kaayeunakeun

d)

Anyar

3.

Dongéng mah biasana caritana...

a)

Pondok

b)

Panjang

c)

Sedeng

d)

Monoton

4.

Dongéng sumebarna sacara...

a)

Tulisan

b)

Lisan

c)

Visual

d)

Audio-visual

5.

Dongéng mah teu apal saha anu ngarang mimitina atawa istilahna...

a)

Anonim

b)

Pantomim

c)

Homonim

d)

Hiponim

6.

Ciri utama tina dongéng anu ngabédakeun jeung carita séjén nya éta dongéng mah...

a)

Ngandung unsur pamohalan

b)

Ngandung amanat

c)

Ngandung wirahma

d)

Ngandung latar

7.

Salah sahiji ciri dongéng nya éta nyaritakeun...

a)

Sasatoan wungkul

b)

Kahirupan jaman baheula

c)

Kahirupan jaman ayeuna

d)

Ngilu atawa nurutkeun perkembangan jaman

8.

Anu dimaksud pamohalan dina dongéng téh nya éta...

a)

Hal-hal anu teu penting

b)

Hal-hal anu teu asup akal

c)

Hal-hal anu lumrah

d)

Hal-hal anu bakal kajadian

9.

Dongéng mah lain ngan saukur carita keur ngahibur wungkul, tapi ogé ngandung...

a)

Hikmah atawa pangajaran

b)

Seni atawa kaéndahan

c)

Ramalan

d)

Unsur sajarah

10.

Anu teu kaasup ciri dongéng nya éta...

a)

Ngandung unsur pamohalan

b)

Sumebar sacara lisan

c)

Caritana pondok

d)

Caritana asup akal

11.

Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan anu miboga kalakuan saperti jelema misalna bisa ngomong, bisa mikir, jsb disebut dongéng...

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Sasakala

d)

Mite

12.

Dongéng anu nyaritakeun asal muasal hiji tempat, kajadian, sato jeung sajabana disebut dongéng...

a)

Sasakala

b)

Babad

c)

Fabel

d)

Parabel

13.

Dongéng anu nyaritakeun kahirupan jalma biasa anu teu lumrah di masarakat disebut dongéng...

a)

Parabel

b)

Fabel

c)

Sasakala

d)

Mite

14.

Dongéng anu nyaritakeun jalma sakti atawa anu aya hubunganana jeung sajarah disebut dongéng...

a)

Babad

b)

Mite

c)

Fabel

d)

Parabel

15.

Dongéng anu nyaritakeun ngeunaan jurig atawa hal-hal gaib disebut dongéng...

a)

Mite

b)

Parabel

c)

Fabel

d)

Sasakala

16.

Si Kancil Maok Bonténg mangrupa conto dongéng...

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Sasakala

d)

Babad

17.

Si Kabayan mangrupa conto dongéng...

a)

Parabel

b)

Babad

c)

Mite

d)

Sasakala

18.

Nyi Roro Kidul mangrupa conto dongéng..

a)

Mite

b)

Sasakala

c)

Babad

d)

Parabel

19.

Prabu Siliwangi mangrupa conto dongéng...

a)

Babad

b)

Mite

c)

Parabel

d)

Sasakala

20.

Sangkuriang mangrupa conto dongéng...

a)

Sasakala

b)

Fabel

c)

Parabel

d)

Mite

21.

Anu kaasup dongéng fabel nya éta...

a)

Asal muasal gagak jadi hideung

b)

Kuya jeung Kelenci balap lumpat

c)

Si Ujang asup ka pasantrén

d)

Kéan Santang

22.

Anu kaasup dongéng parabel nya éta...

a)

Asal muasal gagak jadi hideung

b)

Kuya jeung Kelenci balap lumpat

c)

Si Ujang asup ka pasantrén

d)

Kéan Santang

23.

Anu kaasup dongéng sasakala nya éta...

a)

Asal muasal gagak jadi hideung

b)

Kuya jeung Kelenci balap lumpat

c)

Si Ujang asup ka pasantrén

d)

Kéan Santang

24.

Anu kaasup dongéng babad nya éta...

a)

Anu ngageugeuh leuweung angker

b)

Kuya jeung Kelenci balap lumpat

c)

Si Ujang asup ka pasantrén

d)

Kéan Santang

25.

Anu kaasup dongéng mite nya éta...

a)

Anu ngageugeuh leuweung angker

b)

Kuya jeung Kelenci balap lumpat

c)

Si Ujang asup ka pasantrén

d)

Kéan Santang

26.

Hal anu teu asup akal tina dongéng Si Kancil Maok Bonténg nya éta...

a)

Si Kancil bisa ngomong jiga jelema

b)

Pa Tani ngambek bonténgna dipaok

c)

Pa Tani Nyieun jebakan keur si Kancil

d)

Si Kancil dahar bonténg

27.

Unsur pamohalan tina dongéng Sangkuriang nya éta...

a)

Sangkuriang bisa nyieun kapal

b)

Kapal nu ditajong ku Sangkuriang jadi gunung

c)

Sangkuriang bisa panggih deui jeung indungna

d)

Indung Sangkuriang awét ngora

28.

Jaman baheula aya sakadang oray naga nu geus lila hayangeun ulin ka kahiyangan. Unggal poé si oray osok ngalamun bari jeung sok dangdan mapantes manéh. Tapi, keukeuh wé manéhna ngarasa teu pantes lantaran teu boga tanduk. Mangkaning rék ngahadep ka déwa.

Sanggeus mikir lila, manéhna kaingetann ka babaturanana sakadang titinggi. Maksudna arék nitah nginjeumkeun tanduk ka sakadang hayam, da baheula mah ari hayam jago téh aya tandukan.


Unsur pamohalan anu kakandung dina sempalan dongéng di luhur nya éta...

a)

Hayam boga tanduk

b)

Hayam teu cicing di kahiyangan

c)

Naga rék nginjeum tanduk ka hayam

d)

Naga teu boga tanduk

29.

Anu teu kaasup dongéng sasakala nya éta...

a)

Asal muasal Tangkuban Parahu

b)

Asal muasal Situ Bagendit

c)

Asal muasal hayam kongkorongok subuh

d)

Si Kabayan ngala nangka

30.

Anu lain dongéng parabel di handap ieu nya éta...

a)

Si Kabayan ka dokter

b)

Si Ujang asup ka pasantrén

c)

Mang Dipa dipegat bégal

d)

Asal muasal ngeureutan bawang jadi ceurik

31.

Jaman baheula aya sakadang oray naga nu geus lila hayangeun ulin ka kahiyangan. Unggal poé si oray osok ngalamun bari jeung sok dangdan mapantes manéh. Tapi, keukeuh wé manéhna ngarasa teu pantes lantaran teu boga tanduk. Mangkaning rék ngahadep ka déwa.

Sanggeus mikir lila, manéhna kaingetann ka babaturanana sakadang titinggi. Maksudna arék nitah nginjeumkeun tanduk ka sakadang hayam, da baheula mah ari hayam jago téh aya tandukan.


Anu teu kaasup palaku tina sempalan dongéng di luhur nya éta...

a)

Oray naga

b)

Titinggi

c)

Hayam jago

d)

Déwa

32.

Ceuk naga téh ka jago, "Engké tanduk manéh dibalikeun deui, dianteurkeun ku sakadang titinggi saméméh panon poé bijil, lamun can balik waé, bisi kaula poho, manéh méré tanda wéh kongkorongok sing tarik!"

Geus kitu, jug wéh naga jeung titinggi indit. Ari isukna, saméméh subuh hayam jago geus kongkorongok, tapi sakadang titinggi teu datang kénéh. Nepi ka brayna panon poé, titinggi euweuh datang.

Saking ambekna kacida éta hayam jago téh nepi ka ngancem lamun sakadang titinggi datang arék dipacok. Ti harita hayam jago tiap isuk sok kongkorongok sarta mun manggih titinggi sok langsung dipacok.


Latar waktu anu aya dina sempalan dongéng di luhur nya éta...

a)

Subuh

b)

Beurang

c)

Peuting

d)

Soré

33.

Ceuk naga téh ka jago, "Engké tanduk manéh dibalikeun deui, dianteurkeun ku sakadang titinggi saméméh panon poé bijil, lamun can balik waé, bisi kaula poho, manéh méré tanda wéh kongkorongok sing tarik!"

Geus kitu, jug wéh naga jeung titinggi indit. Ari isukna, saméméh subuh hayam jago geus kongkorongok, tapi sakadang titinggi teu datang kénéh. Nepi ka brayna panon poé, titinggi euweuh datang.

Saking ambekna kacida éta hayam jago téh nepi ka ngancem lamun sakadang titinggi datang arék dipacok. Ti harita hayam jago tiap isuk sok kongkorongok sarta mun manggih titinggi sok langsung dipacok.


Amanat anu bisa dicokot tina sempalan dongéng di luhur nya éta...

a)

Ulah jalir jangji

b)

Ulah malikeun deui barang

c)

Kudu hudang isuk-isuk

d)

Kudu nginjem lamun teu boga

34.

Ceuk naga téh ka jago, "Engké tanduk manéh dibalikeun deui, dianteurkeun ku sakadang titinggi saméméh panon poé bijil, lamun can balik waé, bisi kaula poho, manéh méré tanda wéh kongkorongok sing tarik!"

Geus kitu, jug wéh naga jeung titinggi indit. Ari isukna, saméméh subuh hayam jago geus kongkorongok, tapi sakadang titinggi teu datang kénéh. Nepi ka brayna panon poé, titinggi euweuh datang.

Saking ambekna kacida éta hayam jago téh nepi ka ngancem lamun sakadang titinggi datang arék dipacok. Ti harita hayam jago tiap isuk sok kongkorongok sarta mun manggih titinggi sok langsung dipacok.


Sempalan dongéng di luhur kaasup kana dongéng..

a)

Sasakala

b)

Fabel

c)

Parabel

d)

Mite

35.

Jaman baheula aya sakadang oray naga nu geus lila hayangeun ulin ka kahiyangan. Unggal poé si oray osok ngalamun bari jeung sok dangdan mapantes manéh. Tapi, keukeuh wé manéhna ngarasa teu pantes lantaran teu boga tanduk. Mangkaning rék ngahadep ka déwa.

Sanggeus mikir lila, manéhna kaingetann ka babaturanana sakadang titinggi. Maksudna arék nitah nginjeumkeun tanduk ka sakadang hayam, da baheula mah ari hayam jago téh aya tandukan.


Latar tempat tina sempalan dongéng di luhur nya éta..

a)

Kahiyangan

b)

Imah naga

c)

Imah titinggi

d)

Imah hayam

36.

Jaman baheula aya sakadang oray naga nu geus lila hayangeun ulin ka kahiyangan. Unggal poé si oray osok ngalamun bari jeung sok dangdan mapantes manéh. Tapi, keukeuh wé manéhna ngarasa teu pantes lantaran teu boga tanduk. Mangkaning rék ngahadep ka déwa.

Sanggeus mikir lila, manéhna kaingetann ka babaturanana sakadang titinggi. Maksudna arék nitah nginjeumkeun tanduk ka sakadang hayam, da baheula mah ari hayam jago téh aya tandukan.


Naha oray naga ngarasa teu pantes kana dirina sorangan?

a)

Sabab sok dangdan waé

b)

Sabab teu bogaeun tanduk

c)

Sabab arék ngahadep ka déwa

d)

Sabab inget ka hayam

37.

Jaman baheula aya sakadang oray naga nu geus lila hayangeun ulin ka kahiyangan. Unggal poé si oray osok ngalamun bari jeung sok dangdan mapantes manéh. Tapi, keukeuh wé manéhna ngarasa teu pantes lantaran teu boga tanduk. Mangkaning rék ngahadep ka déwa.

Sanggeus mikir lila, manéhna kaingetann ka babaturanana sakadang titinggi. Maksudna arék nitah nginjeumkeun tanduk ka sakadang hayam, da baheula mah ari hayam jago téh aya tandukan.


Saha babaturan sakadang naga téh?

a)

Hayam

b)

Titinggi

c)

Déwa

d)

Oray

38.

Ceuk naga téh ka jago, "Engké tanduk manéh dibalikeun deui, dianteurkeun ku sakadang titinggi saméméh panon poé bijil, lamun can balik waé, bisi kaula poho, manéh méré tanda wéh kongkorongok sing tarik!"

Geus kitu, jug wéh naga jeung titinggi indit. Ari isukna, saméméh subuh hayam jago geus kongkorongok, tapi sakadang titinggi teu datang kénéh. Nepi ka brayna panon poé, titinggi euweuh datang.

Saking ambekna kacida éta hayam jago téh nepi ka ngancem lamun sakadang titinggi datang arék dipacok. Ti harita hayam jago tiap isuk sok kongkorongok sarta mun manggih titinggi sok langsung dipacok.


Iraha jangjina sakadang naga rék malikeun deui tanduk ka hayam ku sakadang titinggi?

a)

Isukan saméméh panon poé bijil

b)

Poé ayeuna saméméh panon poé bijil

c)

Isuk-isuk

d)

Isukan sanggeus panon poé bijil

39.

Ceuk naga téh ka jago, "Engké tanduk manéh dibalikeun deui, dianteurkeun ku sakadang titinggi saméméh panon poé bijil, lamun can balik waé, bisi kaula poho, manéh méré tanda wéh kongkorongok sing tarik!"

Geus kitu, jug wéh naga jeung titinggi indit. Ari isukna, saméméh subuh hayam jago geus kongkorongok, tapi sakadang titinggi teu datang kénéh. Nepi ka brayna panon poé, titinggi euweuh datang.

Saking ambekna kacida éta hayam jago téh nepi ka ngancem lamun sakadang titinggi datang arék dipacok. Ti harita hayam jago tiap isuk sok kongkorongok sarta mun manggih titinggi sok langsung dipacok.


Kumaha carana hayam jago ngingetan sakadang naga jeung titinggi?

a)

Kongkorongok

b)

Macokan titinggi

c)

Datang ka kahiyangan

d)

Ngadu'a ka déwa

40.

Ceuk naga téh ka jago, "Engké tanduk manéh dibalikeun deui, dianteurkeun ku sakadang titinggi saméméh panon poé bijil, lamun can balik waé, bisi kaula poho, manéh méré tanda wéh kongkorongok sing tarik!"

Geus kitu, jug wéh naga jeung titinggi indit. Ari isukna, saméméh subuh hayam jago geus kongkorongok, tapi sakadang titinggi teu datang kénéh. Nepi ka brayna panon poé, titinggi euweuh datang.

Saking ambekna kacida éta hayam jago téh nepi ka ngancem lamun sakadang titinggi datang arék dipacok. Ti harita hayam jago tiap isuk sok kongkorongok sarta mun manggih titinggi sok langsung dipacok.


Naha hayam sok macokan titinggi?

a)

Lantaran titinggi teu datang malikeun tanduk hayam

b)

Lantaran titinggi teu datang malikeun tanduk naga

c)

Lantaran titinggi babaturan naga

d)

Lantaran titinggi indit jeung naga

41.

Cara ngadongéng anu hadé nya éta di antarana kudu make téknik vokal. Anu dimaksud téknik vokal téh nya éta...

a)

Ngabéda-bédakeun sora palaku dina dongéng

b)

Eksprési sora

c)

Ngagunakeun nada anu hadé

d)

Ngagunakeun wirahma

42.

Salah sahiji cara ngadongéng anu hadé nya éta..

a)

Apal kana carita

b)

Gancang dina ngadongéng

c)

Caritana panjang

d)

Ngadongéngna lalaunan

43.

Eksprési dina ngadongéng téh aya opat, anu lain kaasup ékspresi di handap ieu nya éta...

a)

Pasemon

b)

Lentong

c)

Vokal

d)

Peta

44.

Eksprési raray disebutna...

a)

Lentong

b)

Pasemon

c)

Peta

d)

Réngka

45.

Eksprési leungeun atawa gerak tangan disebut...

a)

Peta

b)

Réngka

c)

Pasemon

d)

Lentong

46.

Ekspresi sora disebutna...

a)

Peta

b)

Réngka

c)

Lentong

d)

Pasemon

47.

Ekspresi léngkah disebutna..

a)

Peta

b)

Réngka

c)

Pasemon

d)

Lentong

48.

Dina ngadongéng, leuwih hadé léngkah atawa posisi awak urang kudu...

a)

Cicing

b)

Leuleumpangan

c)

Ngaléngkah sakali-sakali

d)

Gerak

49.

Sora ngadongéng anu hadé téh ulah gegerenyeman jeung datar, tapi kudu...

a)

Aya wirahmaan

b)

Tarik

c)

Ngagorowok

d)

Gancang

50.

Leungeun urang nalika ngadongéng alusna mah...

a)

Nyapertikeun naon anu dicaritakeun

b)

Disimpen di tukang awak

c)

Ditempatkeun di hareup awak sabari dikeupeul

d)

Nulak cangkéng