WorksheetsPAT BAHASA SUNDA KELAS 8 e
Total questions: 35
Worksheet time: 18mins
Rumpaka kawih ngandung unsur-unsur puisi, bohunsur lahiriah (Ékstrinsik) boh unsur batiniah (Intrinsik). Unsur lahiriah ngawengku ...
Imajinasi - simbol/lambang - nada
Musikalisasi/wirahma – nada – rasa
Tema – rasa – amanat
Imajinasi – simbol/lambang – wirahma
Gambaran nu karasa, katingali/kareungeu, sok sanajan ukur dina wangwangan (ngira-ngira). Disebutna ...
Simbol
Rasa
Imajinasi
Nada
Alam nu ngémploh héjo, pinarengan ngarangrangan dimamana”
Jumlah éngang jeung guru lagu dina sempalan kawih diluhur, nya éta ....
19 a
20 a
19 i
20 i
Ilaharna kawih sok dijieun ku juru sanggi jeung juru rumpaka. Jalma nu sok nyiptakeun mélodi lagu atawa notasi lagu, disebutna ....
Juru kawih
Juru rumpaka
Juru sanggi
Juru lagu
Kang Puloh .... pare ti sawah.
Tanggeuy
Nogencang
Ngelek
Nanggung
Usum bungbuahan dimana-mana, disebutna ..
Usum tigerat
Usum nguyang
Usum panen
Usum ajra
Mawa ku rancatan, tapi ngan sabeulah, disebut
Nogencang
Tanggeuy
Panggul
Ngagotong
Paparikan kaasup kana wangun sisindiran anu sorana padeukeut sarta murwakanti dina tungtung kecap atawa padalisan (baris). Dina paparikan tiap pada (gundug) diwangun ku ...
3 padalisan
4 padalisan
5 padalisan
6 padalisan
Dina nulis warta atawa rék ngawawancara kudu nyumponan hiji rumusan 5 W+ 1H. Pananya pikeun ngawawancara patani nu mérénah, nya éta ...
Iraha diadégkeunana ieu bangunan?
Dimana badé kerja bakti téh?
Pupuk naon nu dianggo, pa?
Resép teu diajar disakola téh?
Sisindiran ieu di handap anu kaasup kana paparikan nya
Ngawuluku ngawalajar
Kudu dibaladah heula
Dina waktu rék diajar
Hayu ngarado’a heula
Kudu getol neukteuk kuku
Ngarah pinter lamun dangdan
Kudu getol maca buku
Ngarah pinter jiga Dadan
Ulah ngala cocongoan
Bisi ruksak tangkal manggu
Ulah waka bobogohan
Bisi sakola kaganggu
Sanaos ka haur geulis
Andi mah resep ka Cina
Sanaos Neng Nunur geulis
Andi mah resep ka Rina
Anu mangrupa ciri-ciri sisindiran dituduhkeun ku nomer ...
1. Diwangun ku opat jajar
2. Unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang
3. jajaran kahiji jeung katilu mangrupa cangkang
4. jajaran kadua jeung kaopat mangrupa cangkang
5. engang panungtung jajaran kahiji kudu murwakanti jeung engang panungtungjajaran katilu
1, 2, jeung 3
1, 2, jeung 5
1, 4, jeung 5
2, 3, jeung 4
Komputer bisa dijingjing,
top waé ari hayang mah.
Wangsal tina wangun sisindiran di luhur nya éta
Notebook
Hapé
Laptop
Internét
Rama mah ti kapungkur ogé parantos ...
Tilar dunya
Maot
Ngantunkeun
Paéh
Basisir Cicaladi
Di basisir laut kidul
pernahna di Cicaladi
alamna éndah tur waas
lambakna patingsiriwik
siliudag jeung baturna
matak narik kana ati
Mun nyawang ka tengah laut
nyidikkeun lambak jaladri
caina liuh teu motah
lambakna teu matak risi
malah lir nu ngagupayan
ngajak ocon nu peles
Guguritan di luhur ngagaunakeun patokan pupuh .....
Asmarandana
Kinanti
Sinom
Maskumambang
Basisir Cicaladi
Di basisir laut kidul
pernahna di Cicaladi
alamna éndah tur waas
lambakna patingsiriwik
siliudag jeung baturna
matak narik kana ati
Mun nyawang ka tengah laut
nyidikkeun lambak jaladri
caina liuh teu motah
lambakna teu matak risi
malah lir nu ngagupayan
ngajak ocon nu pelesir
Guru lagu jeung guru wilangan pupuh nu digunakeun dina guguritan di luhur nya éta .....
8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a
8-u, 8-u, 8-a, 8-a, 8-a, 8-u
8-u, 8-a, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
Basisir Cicaladi
Di basisir laut kidul
pernahna di Cicaladi
alamna éndah tur waas
lambakna patingsiriwik
siliudag jeung baturna
matak narik kana ati
Mun nyawang ka tengah laut
nyidikkeun lambak jaladri
caina liuh teu motah
lambakna teu matak risi
malah lir nu ngagupayan
ngajak ocon nu pelesir
Eusi guguritan di luhur ngagambarkeun .....
Marudah
Melang
Tagiwur
Tengtrem
UPACARA LABUH SAJI
Upacara adat nu tumuwuh tur mekar di lingkungan masarakat anu tangtu ngagambarkeun yén paripolah masarakatna masih kénéh nyekel tradisi warisan karuhun. Salah sahijina nya éta upacara labuh saji anu sok dilaksanakeun ku masarakat Palabuanratu. Ieu upacara téh mangrupa wangun sukuran parapamayang (nelayan) ka Sang Hyang Widi nu salawasna nangtayungan tur ngaraharjakeun masarakat.
Upacara labuh saji ayeuna mah geus mangrupa tradisi anu dilaksanakeun ku masarakat anu aya di wewengkon Palabuhanratu. Dilaksanakeunana unggal tanggal 6 April. Malah, tanggal ieu téh geus kawentar jadi hari nelayan sa-Indonésia.
Numutkeun carita anu dicaritakeun deui, upacara labuh saji geus lumangsung ti jaman kakawasaan dicepeng ku Nyai Ratu Mayang Sagara. Ieu upacara téh mangrupa babakti ka Sang Hyang Batara Tunggal jeung ka gaib nu ngawasa lautan nu katelahna Sang Hyang Guriang Sagara. Tah, ku lantaran kitu, numutkeun kapercayaan alam harita, upacara labuh saji téh lain keur ka Nyi Roro Kidul.
Tradisi upacara labuh saji di Palabuanratu harita, méméhna kudu nyiapkeun kidang sajodo. Kidang éta téh sok disebut papasangan kidang, sabab aya jalu jeung aya bikang. Kidang atawa uncalna téh kudu nu pelén jeung nu danten. Ari ngalana kudu ti sampalan alas tangtu. Ieu daérah téh kaasup ka wewengkon gunung Jayanti, kaléreun Panglabuanratu.
Kidang atawa uncal téh tangtu waé ditéwak hirup-hirup, diasupkeun kana garogol. tuluy diarak di tukangeun imah puun. Harita mah nu jadi puunna Nyai Ratu Mayang Sagara. Isukna, éta uncal téh bakal dijadikeun sasajén dina upacara labuh saji
Upacara labuh saji biasana dilaksanakeun di wewengkon ......
Ujunggenténg
Palabuanratu
Cisolok
Cibangban

Kagiatan upacara labuh saji geus lumangsung ti jaman kakawasaan dicepeng ku
Nyai Putri Purnamasari
Nyai Putri Kadita
Nyai Putri Gandrung Arum
Nyai Putri Mayang Sagara
UPACARA LABUH SAJI
Upacara adat nu tumuwuh tur mekar di lingkungan masarakat anu tangtu ngagambarkeun yén paripolah masarakatna masih kénéh nyekel tradisi warisan karuhun. Salah sahijina nya éta upacara labuh saji anu sok dilaksanakeun ku masarakat Palabuanratu. Ieu upacara téh mangrupa wangun sukuran parapamayang (nelayan) ka Sang Hyang Widi nu salawasna nangtayungan tur ngaraharjakeun masarakat.
Upacara labuh saji ayeuna mah geus mangrupa tradisi anu dilaksanakeun ku masarakat anu aya di wewengkon Palabuhanratu. Dilaksanakeunana unggal tanggal 6 April. Malah, tanggal ieu téh geus kawentar jadi hari nelayan sa-Indonésia.
Numutkeun carita anu dicaritakeun deui, upacara labuh saji geus lumangsung ti jaman kakawasaan dicepeng ku Nyai Ratu Mayang Sagara. Ieu upacara téh mangrupa babakti ka Sang Hyang Batara Tunggal jeung ka gaib nu ngawasa lautan nu katelahna Sang Hyang Guriang Sagara. Tah, ku lantaran kitu, numutkeun kapercayaan alam harita, upacara labuh saji téh lain keur ka Nyi Roro Kidul.
Tradisi upacara labuh saji di Palabuanratu harita, méméhna kudu nyiapkeun kidang sajodo. Kidang éta téh sok disebut papasangan kidang, sabab aya jalu jeung aya bikang. Kidang atawa uncalna téh kudu nu pelén jeung nu danten. Ari ngalana kudu ti sampalan alas tangtu. Ieu daérah téh kaasup ka wewengkon gunung Jayanti, kaléreun Panglabuanratu.
Kidang atawa uncal téh tangtu waé ditéwak hirup-hirup, diasupkeun kana garogol. tuluy diarak di tukangeun imah puun. Harita mah nu jadi puunna Nyai Ratu Mayang Sagara. Isukna, éta uncal téh bakal dijadikeun sasajén dina upacara labuh saji
Tujuan diayakeunana kagiatan upacara labuh saji nya éta .....
Wangun sukuran parapamayang (nelayan) ka Sang Hyang Widi
Pikeun ngaraharjakeun masarakat pamayang (nelayan)
Mangrupa tradisi anu dilaksanakeun ku masarakat Palabuanratu
mangrupa babakti ka Nyi Roro Kidul nu ngawasa lautan
Kidang atawa uncalna téh kudu nu pelén jeung nu danten.
Dina éta ungkara disabit-sabit kecap danten. Kecap danten dina éta ungkara ngandung harti ....
Sesebutan ka sato bikang anu teu daék waé anakan
Sesebutan ka sato bikang anu can anakan
Sesebutan ka sato jalu anu geus meujeuhna dipeuncit
Sesebutan ka sato jalu anu geus mangkat begér
Mangsa kiwari upacara samodél labuh saji geus samistina ....
Dilastarikeun lantaran geus teu lumrah jeung kahirupan mangsa kiwari
Dipupusti ku sakumna masarakat lantaran titinggal karuhun
Dipiara tur dihadé-hadé lantaran loba kénéh nu mikaresep
Dilaksanakeun luyu jeung kamekaran masarakat mangsa kiwari
Pikeun barudak mah bulan puasa mangsa katukang téh ngadatangkeun kabagjaan nu tan wates wangen. Anu jadi alesanana, sakola peré. Kitu deui ngaji, sarua peré. Anu biasana ti mimiti Asar nepi ka Subuh idek liher di masjid, salila bulan puasa mah euweuh kagiatan, iwal ti solat berjamaah, tarawéh, jeung tadarus.
Pasosoré anu biasana ngabring ka masjid, salila bulan puasa mah diganti ku kagiatan ngabuburit. Loba pisan kamonésan anu dipilampah salila ngabuburit téh, di antarana ucing-ucingan, galah, pocés, ngadu panggal, susumputan, jeung hahayaman. Ieu kagiatan téh eureun lamun layung ti belah kulon mimiti némbongan. Hartina, marebot anu aya di masjid jami dina waktu anu moal lila deui baris méré tangara ku cara nakol kohkol. Éta tangara téh méré iber ka sakumna nu puasa sangkan geuwat baruka.
..............................
Bulan puasa téh pikeun barudak mah ngadatangkeun kabagjaan anu tan wates wangen. Ieu hal téh dibalukarkeun .....
Salila bulan puasa bisa tadarusan
Salila bulan puasa aya kagiatan tarawéh
Salila bulan puasa kagiatan sakola peré
Salila bulan puasa bisa ngadulag saban wanci
Pikeun barudak mah bulan puasa mangsa katukang téh ngadatangkeun kabagjaan nu tan wates wangen. Anu jadi alesanana, sakola peré. Kitu deui ngaji, sarua peré. Anu biasana ti mimiti Asar nepi ka Subuh idek liher di masjid, salila bulan puasa mah euweuh kagiatan, iwal ti solat berjamaah, tarawéh, jeung tadarus.
Pasosoré anu biasana ngabring ka masjid, salila bulan puasa mah diganti ku kagiatan ngabuburit. Loba pisan kamonésan anu dipilampah salila ngabuburit téh, di antarana ucing-ucingan, galah, pocés, ngadu panggal, susumputan, jeung hahayaman. Ieu kagiatan téh eureun lamun layung ti belah kulon mimiti némbongan. Hartina, marebot anu aya di masjid jami dina waktu anu moal lila deui baris méré tangara ku cara nakol kohkol. Éta tangara téh méré iber ka sakumna nu puasa sangkan geuwat baruka.
Salila bulan puasa, pasosoré umumna barudak ....
Ngabring ka masjid
Idek liheur di masjid
Tadarus di masjid
Ngabuburit
“Jadi ieu teh rék garelut?” ceuk Hamid.
“Teu jadi kunaon?” témbalna patinggorowok.
“Ké heula, déwék duaan ménta témpo,” ceuk Hamid deui. “Yeuh déwék ngajak jago Cikonéng, si Umar. Saha anu teu wawuh ka si Umar, lain? Manéhna sok dijieun tanggelan ku urang dieu. Saha anu teu gimir ku si Umar. Mun perelu, déwék duaan rék ijén. Déwék ngawakilan budak Kaum, Umar ngawakilan urang Cikonéng. Sanggup silaing, Umar?”
“Sanggup wéh ari puguh pasalna mah,” témbal Umar bari nangtung ajeg.
......................................................
Watek Umar anu kagambar dina sempalan carpon di luhur nya éta .....
Borangan
Ati-ati
Taya kawani
Sologoto
Cara nulis titimangsa surat pribadi nu bener nya éta….
Sukabumi, 12 April 2014
Sukabumi . 12 April 2014
Sukabumi, 12 April 2014
Sukabumi, 12 April 2014
Nu kaasup pupuh sekar alit, nya eta ..
Balakbak, dangdanggula, sinom, durma
Durma, gambuh, gurisa, kinanti
Balakbak, durma, gambuh, gurisa
Sinom,asmarandana,kinanti, dangdanggula
Nu kaasup pupuh sekar ageung, nya eta ..
Balakbak, dangdanggula, sinom, durma
Durma, gambuh, gurisa, kinanti
Balakbak, durma, gambuh, gurisa
Sinom, asmarandana, kinanti dangdanggula
Poé Ahad harita teh. Tabuh 7.30, kuring katut anggota PMR lianna geus karumpul di buruan sakola. Kuring saparakanca téh rék ngayakeun haiking ka Gunung Walat.
Kumpul di buruan sakola téh teu lila, ngan saukur ngaregepkeun rupaning pituduh nu kudu dilaksanakeun ti Pembina PMR. Satuluyna mah bring baé rombongan téh ka tempat mobil nu ti tatadi geus disadiakeun. Paramurid mani cut-cat naraék kana mobil, paboro-boro kawas nu sieun teu kabagéan. Para pembinana mah cuh-cih ngatur paramurid nu siliséréd
Ditilik tina wandana wacana di luhur téh kagolongkeun kana warna ....
Laporan kaayaan
Laporan perjalanan
Laporan kagiatan
Laporan panalungtikan
Poé Ahad harita teh. Tabuh 7.30, kuring katut anggota PMR lianna geus karumpul di buruan sakola. Kuring saparakanca téh rék ngayakeun haiking ka Gunung Walat.
Kumpul di buruan sakola téh teu lila, ngan saukur ngaregepkeun rupaning pituduh nu kudu dilaksanakeun ti Pembina PMR. Satuluyna mah bring baé rombongan téh ka tempat mobil nu ti tatadi geus disadiakeun. Paramurid mani cut-cat naraék kana mobil, paboro-boro kawas nu sieun teu kabagéan. Para pembinana mah cuh-cih ngatur paramurid nu siliséréd
Sempalan laporan di luhur téh kaasup kana bagian ....
Bubuka
Panutup
Eusi
Lampiran
Nu kaasup pupuh sekar alit, nya eta ..
Balakbak, dangdanggula, sinom, durma
Durma, gambuh, gurisa, kinanti
Balakbak, durma, gambuh, gurisa
Sinom,asmarandana,kinanti, dangdanggula
Nu kaasup pupuh sekar ageung, nya eta ..
Balakbak, dangdanggula, sinom, durma
Durma, gambuh, gurisa, kinanti
Balakbak, durma, gambuh, gurisa
Sinom, asmarandana, kinanti dangdanggula
“Iraha Pa pepen teh bade ...?
Datang
Sumping
Indit
Mios
Rorompok P Dida palih wetan, sedengkeun
1 2
bumi Pa Jajang mah palih kulon
3 4
Nu luyu jeung tatakrama basa Sunda, nya eta nomer...
1
2
3
4
Teu weleh – ka sasaha – eutik – amis budi –
1 2 3 4
mah - ramah
5 6
Runtuyan kecap nu bener, nya eta ...
3,4,2,1,6,5
3,5,4,2,1,6
3,4,2,5,1,6
3,6,5,1,2,4
Anu teu kudu diperhatikeun waktu ngajéjéran acara (nga-MC), nyaéta…
Terampil nyusun runtuyan acara
Bisa ngaluyukeun acara jeung situasi kondisi
Kudu ngagunakeun basa Inggris
Ngaluyukeun diri jeung kamampuh sarta kabiasaan nu ngahadiran acara