wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Matrikulasi Bahasa Sunda

Total questions: 30

Worksheet time: 49mins

Name
Class
Date
1.

Rarakitan basa anu ditembangkeun ku juru sekar disebut . . . .

a)

paguneman

b)

pupuh

c)

kawih

d)

sajak

2.

Tanah Sunda (wibawa) gemah ripah (tur endah)

Nu ngumbara suka betah

Urang Sunda (sawawa) sing toweksa (perceka)

Nyangga darma anu nyata


Dumasar kawih di luhur

Urang Sunda kudu . . . nyangga darma anu nyata.

a)

ngumbara

b)

wasa

c)

toweksa

d)

wibawa

3.

Tanah Sunda (wibawa) gemah ripah (tur endah)

Nu ngumbara suka betah

Urang Sunda (sawawa) sing toweksa (perceka)

Nyangga darma anu nyata


Kecap gemah dina padalisan kahiji, murwakanti jeung kecap ....

a)

tanah

b)

sunda

c)

wibawa

d)

ripah

4.

Anu nyiptakeun lagu dina kawih disebut ....

a)

juru sanggi

b)

juru sekar

c)

juru rumpaka

d)

juru kawih

5.

Ieu Kuring

Kuring lalanang Sunda

Kuring wanoja Sunda

Mikanyaah ka rahayatna

Rek ngarumat lemah caina

Rek rumawat ka budayana


Judul kawih di luhur nyaeta ....

a)

Cinta Lemah Cai

b)

Tanah Sunda

c)

Priangan

d)

Karatagan Ki Sunda

6.

Kuring rek . . . ka budaya Sunda

a)

luncat mulang

b)

makalangan

c)

rumawat

d)

ngajauhan

7.

Ngarumat hartina ....

a)

mikacinta

b)

ngajauhan

c)

mikanyaah

d)

ngarawat

8.

Priangan

Tuh tuh di langit warna warni katumbiri

Endah duh endah matak asri nu nunggali

Tuh tuh di gunung keur ngempur sariak layung

Endah duh endah priangan lemah nu endah


Sariak layung dina kawih di luhur nuduhkeun mangsa ....

a)

isuk-isuk

b)

beurang

c)

sore

d)

Peuting

9.

Tanah anu dipelakan ku pare disebut . . . .

a)

sawah

b)

gunung

c)

lamping

d)

lembur

10.

Di handap ieu mangrupakeun sikep mikacinta lemah cai, iwal ti . . . .

a)

ngajaga lemah cai

b)

ngaruksak martabat bangsa

c)

ngalawan sakur gogoda

d)

reueus kana budaya

11.

Gunung-gunung tur sagara

Bumi jeung eusina

Kitu nu diibaratkeun kitu anu kagambarkeun


kecap anu digaris handap dina puisi di luhur hartina ....

a)

langit

b)

balong

c)

gunung

d)

laut

12.

Ciri jalma anu sarakah diantarana nyaeta ....

a)

migawe kahadean

b)

ngaruksak tatanen

c)

miara sasatoan

d)

melak tatangkalan

13.

Mun,

Gunung-gunung geus jadi lembur

Pasawahan jadi perumahan

Walungan kari ngagulaan

Pakebon jadi gedong sigrong


Mangka langit jadi pinuh polusi

Anginna nebar sakarat

Naraka keur pangeusina

Sawarga nyingkah teuing ka mana


Puisi di luhur diwangun ku ... pada.

a)

1

b)

2

c)

4

d)

8

14.

Mun,

Gunung-gunung geus jadi lembur

Pasawahan jadi perumahan

Walungan kari ngagulaan

Pakebon jadi gedong sigrong


Maksud kalimah “ Walungan kari ngagulaan” dina sajak di luhur nyaeta kaayaan walungan anu caina ....

a)

tarik

b)

banjir

c)

kiruh

d)

herang

15.

Mun,

Gunung-gunung geus jadi lembur

Pasawahan jadi perumahan

Walungan kari ngagulaan

Pakebon jadi gedong sigrong


Kaayaan gunung-gunung nu digambarkeun dina sajak di luhur geus robah jadi ....

a)

lembur

b)

leuweung

c)

pasir

d)

kebon

16.

Pasawahan nyaeta tempat . . . .

a)

miceun runtah

b)

melak lauk

c)

ngocorna cai

d)

melak pare

17.

Gambar kagiatan anu nuduhkeun cara ngajaga kaendahan sabudeureun sakola nyaeta . . . .

a)
b)
c)
d)
18.

Sajak atawa puisi nyaeta wangun karangan anu kauger ku . ...

a)

padalisan

b)

pada

c)

jejer

d)

guru lagu

19.

Di handap ieu anu narima barokah tina turunna hujan iwal ti . . . .

a)

tatangkalan

b)

manusa

c)

sasatoan

d)

wangunan

20.

Kajadian anu mindeng datang lamun hujan terus-terusan nyaeta ....

a)

gempa

b)

banjir

c)

sunami

d)

kahuruan

21.

Hui ngandung . . . nu sarua jeung beas.

a)

rasa

b)

gizi

c)

rupa

d)

warna

22.

Milih kadaharan kudu nu ....

a)

mahal

b)

alus

c)

sehat

d)

ngeunah

23.

Kadaharan kudu ditutupan sangkan teu . . . laleur.

a)

kapurulukan

b)

kaeunteupan

c)

kacepratan

d)

katepaan

24.

Kadaharan tina sampeu meunang marud, eusina oncom, sarta digoreng, nyaeta ....

a)

comro

b)

cireng

c)

katimus

d)

misro

25.

Kadaharan anu lada matak nyababkeun nyeri ....

a)

mastaka

b)

patuangan

c)

soca

d)

waos

26.

Anu teu kaasup bahan-bahan pikeun nyieun surabi nyaeta ....

a)

tipung beas

b)

uyah

c)

endog

d)

kalapa parud

27.

Kadaharan anu ngandung kuman, bisa nyabakeun panyakit ....

a)

Malaria

b)

Pilek

c)

diare

d)

DB

28.

Di handap ieu mangrupakeun kadaharan khas ti tatar Sunda, iwal ti ....

a)

wajit

b)

rendang

c)

peuyeum

d)

surabi

29.

Cara ngasakan ranginang nyaeta . . . .

a)

digoreng

b)

dikulub

c)

diseupan

d)

ditumis

30.

Kadaharan anu dijieunna ku cara dibeuleum nyaeta . . . .

a)

peuyeum

b)

cireng

c)

sate

d)

bolu