NEW
Font size
WorksheetsCarpon
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Sanajan salilana aya di jero cai, sakali waktu mumbul ngarénghap. Penyu napasna ku paru-paru. Penyu ngalalana kacida jauhna. Tempat nu jauhna 3.000 km bisa disorang salila 58-73 poé.
Rék naon penyu mucunghul ka luhureun beungeut cai?
rék ulin
rék ngojay
rék napas
rék luncat
Penyu jalu salilana hirup di laut.Penyu bikang muru basisir nyelang rék ngendog.Teu tulus ngendog mun kacaangan atawa kagandéngan. Di dunya téh ngan aya tujuh rupa penyu nu masih hirup, nyaéta penyu héjo, penyu sisik, penyu Kemp’s ridley, penyu lekang, penyu balingbing, penyu pipih, jeung penyu tempayan.
Naon nu nyababkeun penyu teu tulus ngendogna di basisir?
kagandéngan
katirisan
kapanasan
kapeutingan
Kumaha sikep hidep mun hiji waktu ningali anak penyu kajaring ku nelayan?
nyicingkeun wae
nulungan
miluan ngajaring
hare-hare
Salian ti penyu, naon deui sato nu geus langka di urang?
hayam
sapi
anoa
sireum
Kumaha pamanggih hidep mun nempo aya nu miara penyu nu dilindungi téa?
nyicingkeun
méré naséhat
ngiringan miara
resep ningalina
Di dunya téh ngan aya tujuh rupa penyu nu masih hirup, nyaéta penyu héjo, penyu sisik, penyu Kemp’s ridley, penyu lekang, penyu balingbing, penyu pipih, jeung penyu tempayan. Penyu balingbing téh penyu nu panggedéna. Panjang awakna 2,75 m, beuratna 600 -900 kg. Penyu lekang pangleutikna, beuratna ukur 50 kg. Anu pangmindengna kapanggih mah penyu héjo. Kabeukina tutuwuhan jeung sato laleutik.
Aya sabaraha rupa penyu nu masih hirup ....
genep
tujuh
dalapan
salapan
Jalak Bali atawa curik Bali téh
nyaéta manuk nu panjangna 25 cm. Manuk nu resep disada. Warna buluna bodas, mangrupa sato nu hirupna matuh di hiji tempat (éndemik) nu aya di Pulo Bali beulah kulon. Ieu manuk téh minangka sato éndemik Pulo Bali nu masih aya, sanggeus maung (harimau) Bali geus teu aya di kieuna. Ti mimiti taun 1991, sato nu kagolong kana katégori “kritis” téh digolongkeun jadi “fauna idéntitas” (maskot) di Provinsi Bali.
Sato naon nu dicaritakeun dina paragrap di luhur?
penyu
rusa
orang utan
jalak bali
Dr. Baron Stressmann, ahli sato manuk urang Inggris nu pangheulana manggihan jalak Bali dina tanggal 24 Maret 1911. Manuk Jalak Bali babari katangén da boga ciri-ciri husus, saperti buluna bodas di sakujur awakna. Kajaba, tungtung buntutna jeung jangjangna warna hideung. Pipina mah taya buluan, warnana biru, sukuna warna abu-abu. Manuk jalu jeung bikang téh sarupa. Jalak Bali méh tumpur, béak. Nu masih kénéh bisa hirup di alam habitat asli ukur wewelasan baé.
Nu teu kaasup ciri-ciri husus jalak Bali nyaéta ....
tungtung buntutna jeung jangjangna warna hideung
Manuk jalu jeung bikang téh sarupa
buluna hideung di sakujur awakna
sukuna warna abu-abu
Ngaran sato nu ditangtayungan di luhur nyaéta ....
ucing
maung
penyu
manuk
Cara mikayaah sasatoan, iwal ....
nulungan lamun aya sasatoan anu butuh pitulung
milu ngarojong sarta ngahargaan jalma-jalma anu nangtayungan sasatoan langka sangkan heunteu tumpur
miara langsung
nyiksa sasatoan anu aya
