wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Carpon Kelas XI

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Karya sastra fiksi atawa rékaan dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok

a)

Carpon

b)

Novel

c)

Warta

d)

Wawacan

e)

Dongéng

2.

Di handap ieu nu lain ciri-ciri carpon nyaéta....

a)

sifat caritana naratif jeung fiktif

b)

eusina kaharti ku akal atawa réalistis

c)

biasana nyaritakeun kajadian kompléks

d)

jumlah tokohna kawatesanan

e)

wangun karangan pondok

3.

Nu kaasup unsur intrinsik carpon nyaéta...

a)

domisili pangarang

b)

guru wilangan

c)

guru lagu

d)

wirahma

e)

amanat

4.

buku kumpulan carita pondok anu munggaran ku alpukahna Balé Pustaka, nyaéta....

a)

Dogdog Pangréwong

b)

Awéwé Dulang Tinandé

c)

Nu Harayang Dihargaan

d)

Oleh-oleh Pertempuran

e)

Sanggeus Umur Tunggang Gunung

5.

jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita, nyaéta....

a)

téma

b)

galur

c)

amanat

d)

palaku

e)

puseur sawangan

6.

Léngkah anu teu kudu dina ngarang carpon, nyaéta:

a)

Nangtukeun téma kudu pikaresepeun nu maca, masalah anu sok kapanggih dina kahirupan sapopoé, aktual témana, kacangking ku pangarang

b)

Nangtukeun tujuan, masalah naon nu hayang ditepikeun

c)

Nangtukeun palaku katut karakterna/pasipatanana , nangtukeun latar atawa sétting (di mana jeung iraha)

d)

Nangtukeun galur/plot, nangtukeun puseur implengan/sawangan, jeung gajudulan carpon

e)

nangtukeun wirahma jeung nada

7.

Dina galur hiji carita, aya bagéan carita anu disebut manggalasastra nyaéta….

a)

Bagéan awal atawa mangkat carita


b)

Bagéan tengah carita

c)

Bagéan rengkengna masalah dina carita

d)

Bagéan resolusi dina carita

e)

Bagéan panutup dina carita

8.

Dumasar kana puseur implengan/sawangan, carpon anu maké tokoh kuring, maké….

a)

Gaya jalma kalima

b)

Gaya jalma kaopat

c)

Gaya jalma katilu

d)

Gaya jalma kadua

e)

Gaya jalma kahiji

9.

Nu kudu disinglar dina ngajudulan carpon nyaéta….

a)

ngahudang kapanasaran nu maca

b)

luyu jeung téma

c)

pasalia jeung téma

d)

pikaresepeun

e)

babari dipikawanoh

10.

Nu kudu diperhatkeun saméméh prak ngarang carpon, nyaéta….(Jawaban leuwih ti hiji opsi)

a)

Ditulis maké basa Sunda anu bener tur merenah

b)

Ditulis maké basa anu komunikatif, babari kaharti ku nu maca

c)

Témana kudu aktual, nyaritakeun hal-hal anu keur meujeuhna ramé dicaritakeun

d)

Meunang aya tokoh sato atawa tutuwuhan

e)

Kudu puguh latar kajadian jeung saha tokohna. Sing kaciri watek atawa karakterna deuih.

11.

Karangan wangun prosa nu eusina carita rékaan anu panjangna diwatesanan. Minimal 50 kecap maksimal 150 kecap, disebut….

a)

novel

b)

tadok

c)

dongéng

d)

fiksimini

e)

guguritan

12.

Fikminer sok ngasupkeun simbol jeung siloka dina karyana, dina raraga….

a)

Pikeun nétélakeun yén karyana alus

b)

Pikeun nétélakeun yén manéhna tapis dina ngarang carita

c)

Pikeun ngasongkeun daya tafsir pikeun guareun anu maca

d)

Pikeun nétélakeun ayana jejer, tokoh, alur, latar jeung amanat

e)

Pikeun nétélakeun fikmin mah leuwih pondok ti carpon

13.

Dina tungtung fiksimini biasana téh ngandung rénjagan, hartina….

a)

Sakabéh eusi caritana matak tugenah hate

b)

Mimitina pikaresepeun kadituna pinuh ku hal anu misterius

c)

Carita dipungkas ku hal anu teu disangka-sangka

d)

Aya palaku nu reuwasan

e)

Fikminer ngareureuwas numaca

14.

Fikminer kudu tapis dina milih Jejer atawa téma nu nyengceling, hartina….

a)

Ayana tokoh atawa palaku nu mibanda karakter nu kuat

b)

Caritana kompléks

c)

Loba unsur pamohalan

d)

Dimimitian ku kecap “Kacaritakeun, jaman baheula….”

e)

Can ditulis ku fikminer séjén

15.

Fiksimini najan pondok alur carita kudu ngaleunjeur hartina…

a)

teu meunang ngacapruk sakarepna

b)

kudu monoton

c)

teu meunang aya tokoh séjén atawa ngan aya hiji tokoh atawa palaku

d)

teu meunang aya kasang tempat leuwih ti hiji

e)

kudu ngan aya hiji kasang waktu

16.

Ieu di handap anu teu kaasup kana kalimah pasif, nyaéta…

a)

Jalal katarajang kasakit panas

b)

Mang Kurdi kadpak béca

c)

Hayam diparaban ku kuring

d)

Barudak dibawa pikinik ku guruna

e)

Manéhna diajar ngawih di sanggar

17.

Ieu di handap kalimat aktif anu teu bisa dirobah jadi kalimah pasif, nyaéta…

a)

Bapa keur ngumbah mobil.

b)

Kuring mangmeulikeun buku keur Adé.

c)

Jamal ngakutan sayuran ti kebon.

d)

Mang Ahdi dagang sayur di pasar.

e)

Aki nuju ngala lauk di balong.

18.

Cara nulis kecap pangantét anu bener ceuk éjahan nyaéta…

a)

di sakola

b)

timana

c)

kasaha

d)

dipipir

e)

kulantaran

19.

Cara nulis anu salah dina nulis rarangkén aya dina kecap….

a)

dijual

b)

tiguling

c)

ti kusruk

d)

kabawa

e)

kadupak

20.

Kalimah anu bener cara nulis dina éjahanana nyaéta…

a)

Kulantaran hargana geus mahal, ayeuna mah dilembur kuring ogé loba tanah anu di jual kaurang kota.

b)

Imah na sawah na, kebon na, kabéh di jualan keur ngabiayaan anakna sakola kapaguron luhur nepika tamatna

c)

Numatak manéhna datang kadieu téh, kulantaran hayang nyaho kaayaan dilemburna sanggeus aya pabrik.

d)

Jalma daratang timana timendi, malah anu timancanagara ogé aya, ngadon tatamba kadieu.

e)

Imah anu di sisi jalan mah geus dikontrak ku mahasiswa anu ti luar kota.