wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN KELAS 5 BAB I KAULINAN BARUDAK

Total questions: 20

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

Ari kaulinan ieu téh djieunna tina kai, panjangna kira-kira 40 cm, lébarna kira-kira 15 cm, luhurna maké logak sababaraha hiji, aya nu sapuluh aya nu dua welas. Unggal logak dieusian ku kewuk, siki salak, batu, jsté. Lobana tujuh siki. Caraulinna piligenti, tepi ka siki congklak beak (arasup kana logak indung). Kaulinan ieu nyaeta disebut kaulinan ....

a)

Ambil ambilan

b)

Oray-orayan

c)

Congklak

d)

Encrak

2.

Ieu kaulinan téh basajan pisan. Cukup ku tiluan atawa opatan tur carana gampang. Salasaurang namprakkeun leungeun, ari nu séjénna neundeun curuk kana dampal leungeun nu ditamprakkeun téa. Sanggeus kitu, nu namprakkeun leungeun téh ngawih kieu. Cingciripit tulang bajing kacapit kacapit ku bulu paré bulu paré seuseukeutna jol pa dalang mawa wayang jrék-jrék nong….Waktu ngucapkeun “jék-jék nong”, dampal leungeun nu namprak tuluy dikeupeulkeun. Ari tujuanana pikeun nyapit curuk téa. Saha-saha nu kacapit curukna, jadi ucing. Anu jadi ucingna kudu namprakkeun dampal leungeun bari kakawihan. Kaulinan ieu disebutna kaulinan

a)

Bulan bentang

b)

Oray-orayan

c)

Cingciripit

d)

Ambil-ambilan

3.

kaulinan ieu husus pikeun barudak awéwé. Parabot nu dipakéna bal leutik jeung kewuk atawa tutup botol limun sababaraha hiji. Carana, kewuk diawurkeun ka luhur bari ngalungkeun bal. Kewuk nu acak-acakan téh kudu dicokotan hiji-hiji. Nyokotna henteu sagawayah, tapi kudu bari ngalungkeun deui bal. Waktu bal di luhur kewuk kudu geus kacokot. Lian ti éta, dina hiji bagian, kewuk kudu diawurkeun sina pindah kana tonggong dampal leungeun, dikaluhurkeun saeutik, terus dirawu (dicakep). Dina kaulinan ieu biasana diperlukeun batur duaan atawa tiluan. Kaulinan ieu disebutna kaulinan ....

a)

Cingciripit

b)

Encrak

c)

Congklak

d)

Ambil-ambilan

4.

Dina kaulinan ieu téh digunakeun batu. Biasana baladan (duaan atawa tiluan séwang). Carana, mimiti nyieun heula tanda dina taneuh (make rokrak, cangkang kerang, atawa tutup botol limun). Lian ti nyieun tanda, kudu nyieun gurat sababaraha méter jauhna tina tanda. Ieu gurat téh tempat caricing mun rék ngalungkeun batu. Ari batu téh dialungkeun sina padeukeut-deukeut kana tanda. Sabaraha urang nu pangdeukeutna kana tanda sabaraha urang anu jauh. Anu deukeut jadi balad sarta pangheulana maén. Cara maénna nyaéta batu disimpen dina tonggong dampal suku, dijungjungkeun saeutik ka luhur, terus éngklé-éngkléan dibawa ka hareup pikeun diadukeun (ditémbakkeun) kana batu usuh nu geus dipasang. Kaulinan ieu disebutna ...

a)

Congklak

b)

Encrak

c)

Engkle

d)

Cingciripit

5.

Unggal logak congklak ............... ku kewuk. Kecap pagawean nu merenah pikeun ngeusian rarangken harep di- dina soal diluhur nyaeta ...

a)

dipake

b)

diawurkeun

c)

dieusian

d)

dicokotan

6.

Bal leutik jeung kewuk ............. dina kaulinan éncrak. Kecap pagawean nu merenah pikeun ngeusian rarangken harep di- dina soal diluhur nyaeta ...

a)

dieusian

b)

dipake

c)

diawurkeun

d)

dicokotan

7.

Barudak ........... kewuk ka luhur bari ngalungkeun bal.. Kecap pagawean nu merenah pikeun ngeusian rarangken hareup Nasal (N) dina soal diluhur nyaeta ...

a)

ngeusian

b)

make

c)

ngawurkeun

d)

nyokotan

8.

Barudak ........... batu dina kaulinan éngklé . Kecap pagawean nu merenah pikeun ngeusian rarangken hareup Nasal (N) dina soal diluhur nyaeta ...

a)

ngeusian

b)

ngawurkeun

c)

ngagunakeun

d)

makekeun

9.

Barudak ngumpul limaan atawa genepan. Tuluy nguntuy bari nyekel taktak babaturanana anu aya hareupeunana. Budak nu panghareupna jadi hulu oray, ari nu pangtukangna jadi buntut oray. Geus kitu, leumpang ngénca jeung ngatuhu, nurutan oray ngaléor siga oray. Bari luar-léor téh babarengan ngawih. Kaulinan siga kieu disebutna kaulinan ....

a)

ambil-ambilan

b)

eundeuk-eundeukan

c)

oray-orayan

d)

cingciripit

10.

Ilaharna kaulinan ieu téh merlukeun réa batur. Kumaha prak-prakanana ieu kaulinan téh? Dua urang pahareup-hareup, tuluy leungeunna pacekel-cekel, bari rada dikaluhurkeun. Barudak nu séjénna ngantay bari silih cekel taktak. Budak nu aya di tukang nyekel taktak budak nu aya di hareupeunana. Geus kitu, barudak nu ngantay téa arasup ka kolong leungeun nu duaan, nu tadi leungeunna geus pacekel-cekel téa. Kituna téh bari kakawihan. Kaulinan ieu disebut kaulinan ....

a)

oray-orayan

b)

ambil-ambilan

c)

cingciripit

d)

endeuk-eundeukan

11.

"Tuluy Féri namprakkeun dampal leungeun. Barudak séjénna: Déni,Tanu, Hari, jeung Néng Uni ngantelkeun curuk kana dampal leungeun Féri. Bari namprakkeun dampal leungeun", Nurutkeun sempalan paguneman di luhur Saha barudak nu teu asup bagean ngantelkeun curuk téh?

a)

Deni

b)

Tanu

c)

Hari

d)

Feri

12.

"Baralik sakola Deni, Tanu, Hari, jeung Neng Uni karumpul di imah Féri, Barudak téh limaanana natangga jeung sosobatan. Sosobatanana téh ti kelas hiji kénéh. Malah di sakolana ogé sakelompok. Ka ditu ka dieu layeut tara papisah. Mémang sosobatan maranéhna téh raket pisan.Nurutkeunsempalan carita di luhur, katangen yen maranehna teh geus sosobatan sbaraha lila

a)

1 taun

b)

2 taun

c)

3 taun

d)

4 taun

13.

"Waktu ngucapkeun “jék-jék nong”, dampal leungeun nu namprak tuluy dikeupeulkeun. Ari tujuanana pikeun nyapit curuk téa. Saha-saha nu kacapit curukna, jadi ucing. Anu jadi ucingna kudu namprakkeun dampal leungeun bari kakawihan “Cingciripit”. Dina sempalan carita di luhur, Keur naon gunana namprakkeun leungeun dina kaulinan cingciripit?

a)

keur ngeupeulkeun

b)

keur nyapit

c)

keur namprakeun

d)

keur ngawihkeun

14.

"Baralik sakola Deni, Tanu, Hari, jeung Neng Uni karumpul di imah Féri, Barudak téh limaanana natangga jeung sosobatan. Sosobatanana téh ti kelas hiji kénéh. Malah di sakolana ogé sakelompok. Ka ditu ka dieu layeut tara papisah. Mémang sosobatan maranéhna téh raket pisan". Dina sempalan carita di luhur katangen yen barudak teh sailn ti natangga jeung sosobatan, kumaha barudak téh disakolana?

a)

sok ngarumpul

b)

sok babarengan

c)

sok masin-masing

d)

sok sakelompok

15.

Ari congklak téh ..................... tina kai.

Kecap nu mernah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ..............

a)

ngajieunna

b)

dijieunna

c)

makena

d)

dipakena

16.

Bapa ............................ congklak tina kai. kecap nu mernah pikeun ngalengkapan kalimah di luhur nyaeta .........

a)

dipake

b)

make

c)

nyieun

d)

dijieun

17.

Kecap nu ngandung harti SUSUR atawa dina basa Indonesiana hartina menyusuri nyaeta kecap ..............

a)

Luar leor

b)

leuwi

c)

sedeng

d)

mapay

18.

Kecap mejeuhna atawa cukup atawa dina basa Indonesiana sedang, nu sarua hartina aya dina dikecap ................

a)

mapay

b)

leuwi

c)

pandeuri

d)

sedeng

19.

Di pengker atawa ditukang (datangna terahir) atawa harti dina basa Indonesiana datangnya terakhir kali, kecap nu saharti jeung harti diluhur nyaeta kecap......

a)

mapay

b)

pandeuri

c)

tiheula

d)

panungtung

20.

Kewuk ................... ka luhur bari ngalungkeun bal. Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ........

a)

ngalungkeun

b)

dialungkeun

c)

diawurkeun

d)

ngawurkeun