Font size
WorksheetsPemantapan PAT Sunda Kelas 5
Total questions: 20
Worksheet time: 40mins
Sajak ngenaan miara lingkungan anu judulna "Lalaki jeung Runtah" mangrupakeun karya ....
Mutia
Namina Milati
Mang Koko
Ai Lala
Lengkepan kalimah di handap ku paribasa anu merenah.
Tacan nanaon geus menta buruh, anggeuskeun heula atuh sasapuna, ulah ....
kawas wayang pangsisina
cul dog dog tanggel igel
pupulur memeh mantun
goong nabeuh maneh
Paribasa "kawas wayang pangsisina" ngabogaan harti ....
rupana goreng patut
menta bayaran memeh digawe
sok ngagulkeun diri sorangan
joledar ka kolot
Istilah geografi keur nyebutkeun bagian walungan anu jero (dalam) nyaeta ....
basisir
leuwi
pertelon
galengan
Dua kecap (dua kata) anu digabungkeun terus ngandung harti anyar disebutna nyaeta ....
kalimah langsung
kecap kantetan
kalimah panyeluk
babasan
Aki Ujang calik dina korsi goyang bari maca koran.
Kecap kantetan dina kalimah di luhur nyaeta ....
Aki Ujang
dina korsi
korsi goyang
maca koran
Uned boga sipat ... nu matak dipikaresep ku babaturanana.
Kecap kantetan eksosentris anu bener keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
haseum budi
gurat batu
amis budi
beurat birit
Lotek, karedok, jeung tumis kangkung mangrupakeun conto kadaharan anu bahan pokokna tina....
bungbuahan
beas ketan
sangu
lalab/sayur
Parabot dapur keur ngolah kadaharan tinu beas anu dijieun tina tambaga, bentukna jiga topi tukang sulap anu tibalik nyaeta ....
seeng
langseng
kastrol
dulang
Indungna Uned keur ngisikan beas make ....
hihid
boboko
dulang
langseng
Ambuing, anak gajah teh mani sagede kitu!
Kalimah di luhur mangrupakeun conto kalimah ....
langsung
teu langsung
paribasa
panyeluk
Cara panulisan kalimah langsung anu bener aya dina kalimah ....
Naha Muti tacan balik? Uned nanya.
Naha Muti tacan balik? Uned nanya!
"Naha Muti tacan balik?" Uned nanya
'Naha Muti tacan balik?' Uned nanya!
Minggu kamari kampungna Uned kena ku musibah ..., loba imah anu kaurugan ku taneuh.
urug
lini
kahuruan
angin puyuh
Lamun keur usum ...., loba sumber cai anu saat.
tornado
sunami
angin puyuh
halodo panjang
Alahieung, ieu huntu mani nyanyautan kieu!
Kalimah di luhur mangrupakeun conto kalimah panyeluk anu ngebrehkeun rasa ....
bungah
geleuh
nyeri
kesel
Istilah geografi anu hartina jalan cagak (jalan bercabang) nyaeta (a)
Kalimah langsung ditulisna make tanda kutip dua atawa disebut oge tanda (a)
Dina teks carpon "Tangkal Rungkad" saha ngaran budak anu teu asup sakola kusabab huhujanan?
(a)
Dina teks carpon "Tangkal Rungkad" tangkal naon anu rungkad pas aya hujan gede?
(a)
Teks carpon "Tangkal Rungkad" mangrupakeun karangan ...
(a)
