wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS Basa Sunda semester Ganjil kelas 5

Total questions: 20

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Lantaran geus teu bisa asup kadaharan, anu geus gering teh kapaksa

a)

disuntik

b)

diinfus

c)

dibaluran

2.

Engke sore rek ngalayad tatangga anu keur ___________ di rumah sakit

a)

dirawat

b)

dipariksa

c)

diubaran

3.

Oray welang mah ngandung _______ mun macok teh pibahayeun

a)

peurah

b)

beulah

c)

geutih

4.

paingan bengetna _________ atuh ari geus lila gering ripuh mah

a)

seger

b)

kanyos

c)

cahayaan

5.

Saenggeus _________ make kayu putih, awak teh teu karasa tiris teuing

a)

dikerokan

b)

diinuman

c)

dibaluran

6.

Engke weh lamun geus _______ ari rek milu nyaba ka Subang mah

a)

jagjag

b)

gering

c)

seseg

7.

Tangtuna ge lamun hirup _____ bakal jauh tina kasakit

a)

hideng

b)

berseka

c)

suci

8.

Anu keur gering teh ______ bangun ripuh ditungguan ku dulurna

a)

ngomong

b)

ngalempreh

c)

diluk

9.

Kahade urang teh kudu _____ kana kasehatan, ulah didagoan gering

a)

malire

b)

hayang

c)

nempo

10.

Waktu aya sora ngabeledug, apan ku urang didieu mah henteu

a)

kapireng

b)

katempo

c)

kanyahoan

11.

Naon gunana pacul?

a)

paranti mancing

b)

paranti macul taneuh

c)

paranti motong jukut

12.

Naon sababna bedog make sarangka

a)

ameh aya tutupna

b)

ameh alus

c)

ameh gampang make

13.

Tina bahan naon anu dipake doran?

a)

awi

b)

palastik

c)

karet

14.

naon wae anu sok biasa diarit?

a)

Tangkal cau

b)

Tangkal kalapa

c)

Jukut atawa pare

15.

Parkakas naon anu dina gambar?

a)

Kored

b)

Congkrang

c)

Pacul

16.

"Mang Dadan ngala lauk di balong lebak"

Robah kalimah diluhur jadi kalimah pasif

(a)  

17.

Pa Sutisna keur mariksa kenteng anu bocor

robah jadi kalimah pasif

(a)  

18.

Ujang ngasupkeun bedog kana sarangka

robah jadi kalimah pasif

(a)  

19.

Hayam digebahkeun ku Tisna

robah jadi kalimah aktif

(a)  

20.

gamelan keur ditabuh ku Dadan

Robah jadi kalimah aktif

(a)