wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PH KAWIH KELAS 8

Total questions: 20

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

BASA SUNDA

Cipt: Ubun R Kubarsih

Basa Sunda, basa Sunda

Basa indung urang Sunda

Sapopoé kadé lali

Sasauran basa Sunda

Ka indung jeung ka bapa

Ka lanceuk jeung ka adi

Sing tarapti bari hadé budi

Basa Sunda, basa Sunda

Basa indung urang Sunda

Di sakola kitu deui

Sasauran basa Sunda

Ka ibu bapa guru

Ka sobat babaturan

Sing iatna hormat diajarna

Diajar basa Sunda diajar basa Sunda

Titénan dina kamusna

Na koran jeung majalah

Sing ngarti ulah salah

Resep temen maca buku Sunda

Diajar basa Sunda diajar basa Sunda

Titénan dina laguna

Apalkeun haleuangna

Sing béntés kalimahna

Resep temen ngawih lagu Sunda


Eusi kawih di luhur téh nyaritakeun ….

a)

Kudu nyarita basa Sunda

b)

Kudu resep maca buku Sunda

c)

Kudu resep ngawih lagu Sunda

d)

Kudu hormat ka indung jeung ka bapa

2.

Sapopoé kadé lali

Sasauran basa Sunda

Ka indung jeung ka bapa

Ka lanceuk jeung ka adi

Sing tarapti bari hadé budi


Dina kalimah “Sapopoé kadé lali”, kecap lali téh hartina ….

a)

Daék

b)

Bisa

c)

Sieun

d)

Poho

3.

Sapopoé kadé lali

Sasauran basa Sunda

Ka indung jeung ka bapa

Ka lanceuk jeung ka adi

Sing tarapti bari hadé budi


Dina kalimah “Sing tarapti bari hadé budi”, sasaruaan kecap (sinonim) ‘tarapti’ nyaéta ….

a)

Jujur

b)

Getol

c)

Kedul

d)

Teliti

4.

Dumasar kawih nu judulna 'Basa Sunda', di mana waé urang kudu nyarita basa Sunda?

a)

Di imah jeung di pasar

b)

Di sakola jeung di pasar

c)

Di imah jeung di sakola

d)

Di mana waé

5.

Dina kalimah “Sasauran basa Sunda”, sasaruaan kecap (sinonim) sasauran nyaéta ….

a)

Nyarékan

b)

Mapatahan

c)

Nyarita

d)

Ngageroan

6.

Dina kalimah “Resep temen ngawih lagu Sunda”, temen téh hartina ….

a)

Babaturan

b)

Sobat

c)

Pisan

d)

Rerencangan

7.

Amanat dina kawih 'Basa Sunda' nyaéta ….

a)

Urang kudu diajar jeung nyarita maké basa Sunda

b)

Urang kudu maca buku basa Sunda

c)

Urang kudu ngawih lagu Sunda

d)

Urang kudu jadi urang Sunda

8.

Kawih asal kecapna tina kavy anu hartina ….

a)

Lagu

b)

Tembang

c)

Sair

d)

Kakawihan

9.

Rumpaka kawih ditulis dina wangun ….

a)

Puisi

b)

Prosa

c)

Pupuh

d)

paragrap

10.

Bédana kawih jeung tembang nyaéta ….

a)

Kawih kauger aturan, tembang teu kauger ku aturan

b)

Kawih kaiket ku wirahma, tembang teu kaiket ku wirahma

c)

Kawih teu kauger aturan, tembang kaiket ku wirahma

d)

Kawih teu kaiket ku wirahma, tembang kaiket ku wirahma

11.

Dumasar kana kamekaran waktu, kawih dibagi jadi tilu bagian, iwal ….

a)

Kawih buhun

b)

Kawih jaman Walanda

c)

Kawih jaman Jepang

d)

Kawih wanda anyar

12.

Hal naon waé anu kudu diperhatikeun lamun urang rék ngawih?

a)

Réngkak, téhnik vokal, éksprési

b)

Rumpaka, téhnik vokal, éksprési

c)

Réngkak, rumpaka, téhnik vokali

d)

Réngkak, rumpaka, éksprés

13.

Naon anu dimaksud artikulasi?

a)

Mimik wajah

b)

Gerak awak

c)

Béntés/jelasna produksi vokal

d)

Penguasaan lagu

14.

Dumasar kana kamekaran waktu, kawih “Basa Sunda” kaasup kana wanda kawih ….

a)

Kawih buhun

b)

Kawih jaman Walanda

c)

Kawih jaman Jepang

d)

Kawih wanda anyar

15.

judul kawih di luhur nya eta....

a)

Es Lilin

b)

Manuk Dadali

c)

Mojang Priangan

d)

Bubuy Bulan

16.

judul kawih di luhur nya eta.....

a)

Peuyeum Bandung

b)

Tanah Sunda

c)

Bogor Lumigar Mekar

d)

Mojang Priangan

17.

judul kawih di luhur nya eta

a)

Bogor Lumigar Mekar

b)

Karatagam Pahlawan

c)

Tanah Sunda

d)

Bogor Kota Kesayangan

18.

judul kawih di luhur nya eta

a)

Bogor Lumigar Mekar

b)

Karatagan Pahlawan

c)

Tanah Sunda

d)

Teu honcewang

19.

judul kawih di luhur nya eta

a)

Bogor Lumigar Mekar

b)

Mesat Ngapung

c)

Tanah Sunda

d)

Manuk Dadali

20.

Mana nu kaasup kawih wanda anyar?

a)

Banjar sinom, Mojang Priangan

b)

Es lilin, Balon Ngapung

c)

Anggrek Japati, Balon Ngapung

d)

Hujan Munggaran, Anggrek Japati