NEW
Font size
WorksheetsUlangan Materi Teks Bahasan dan Carita Wayang
Total questions: 25
Worksheet time: 1hrs 15mins
Bahasan sok disebut oge ....
Narjamahkeun
Artikel
Pedaran
Sastra
Adat istiadat
Pedaran mibanda harti ....
Karangan basa lancaran anu eusina ngaguar hiji perkara
Karangan basa lancaran anu eusina ngaguar perkara budaya
Karangan basa ugeran anu eusina ngaguar hiji perkara
Rakitan basa lancaran anu eusina dibalibirkeun, henteu togmol
Rakitan basa ugeran anu eusina dibalibirkeun, henteu togmol
Kecap budaya asalna tina Basa Sangsekerta anu ngandung harti .....
Adat istiadat
Pikiran, akal, pangaweruh
Karya sastra
Kabiasaan
Sajarah
Di handap ieu nu teu kaasup unsur budaya, nya eta ....
Kasenian
Basa
Kapercayaan (Agama)
Kaulinan Barudak
Tehnologi jeung pakakas
Wayang golék téh salah sahiji seni tradisi nu pangdipikaresepna ku kuring. Kabeneran, hirup téh dilingkungan masarakat nu raket pisan jeung wayang. Paling copélna, keur kuring budak kénéh, kira-kira taun 1960an, wayang golék téh keur meumeujeuhna nanjung.
Sempalan di luhur medarkeun ....
Wayang golék
Seni tradisi
Kabiasaan masarakat
Kahirupan jaman baheula
Kabiasaan keur budak
Tulisan hiji bahasan ilaharna sok makè sababaraha wangun tulisan;
(1) argumèntasi
(2) dèskripsi
(3) narasi
(4) komposisi,
(5) èksposisi
(6) analisis
Urutan nu merenah dina nulis wangun tulisan bahasan nyaèta …
1, 2, 3, 4
2, 3, 4, 6
2, 3, 6, 1
3, 4, 5, 6,
1, 2, 3, 5
Karangan pedaran teh ilaharna sok dimuat dina koran atawa majalah. Lamun geus dimuat dina koran atawa majalah, karangan pedaran teh disebutna ....
Narjamahkeun
Artikel
Bahasan
Sastra
Adat istiadat
(1) Dina ngawangun imah teu meunang maké bata, jeung semén, rahabna kudu ngagunakeun kai jeung awi.
(2) Ogé teu meunang dipaseuk ku paku nu dijieun tina beusi atawa baja.
(3) Kitu deui hateup imah kudu maké kiray atawa injuk kawung.
(4) Ku kituna sangkan bahan keur piimaheun tetep nyampak, unggal marga mun ngabogaan anak, sapoé sanggeusna éta orok gubrag ka dunya, bapana kudu melak tutuwuhan pangpangna kai jeung kiray
Susunan rarancang nu merenah dina kalimah di luhur, nyaeta .....
1, 2, 3, 4
1, 3, 2, 4
2, 3, 1, 4
2, 1, 3, 4
3, 4, 2, 1
Titénan ieu pernyataan di handap!
(1) Aya ngaran nu nulisna
(2) Miboga gagasan nu aktual jeung atawa kontrovérsial
(3) Sipat tulisanana kudu naratif jeung subjéktif’
(4) Gagasan nu diangkat dina tulisan kudu patali jeung kapentingan jalma réa.
(5) Ditulis kalayan référénsial ku visi nu inteléktual
Artikel nu ditulis pikeun kalawarta atawa majalah mibanda ciri-ciri nya éta …..
1 - 2 - 3
2 - 3 - 4
3 - 4 - 5
1 - 2 - 4
1 - 3 - 5
Titénan cutatan artikel di handap!
… Dina naskah Kuna ieu téh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman harita (1). Aksarana ngagunakeun aksara Sunda Buhun nu disundakeun deui kana basa Sunda ayeuna ku Drs. Saleh Danasasmita taun 1985 (2).
Prabu Siliwangi (disebat ogé Jayadéwata, Pamanah Rasa, Wangi Sutah, Keukeumbingan Raja Sunu, Sri Baduga Maharaja) jumeneng rajana ti taun 1484-1521 M (3). Aya naskah Sunda kuna nu disebat Sanghyang Siksa Kanda’Ng Karesian (4). Ieu naskah Kuna téh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518 M (5). Sanajan kitu éta palanggeran téh tetep gedé gunana pikeun jadi palanggeran tatakrama pamingpin Sunda jaman ayeuna, éta palanggeran téh disebatna Parigeuing (6)….
Ngarancang urutan kalimah-kalimah di luhur sangkan jadi hiji wangun téks artikel nu ngéntép seureuh téh, nya eta ….
1 – 2 – 3 – 4 – 5 - 6
2 – 3 – 4 – 5 – 6 - 1
3 – 4 – 5 – 6 – 1 - 2
4 – 5 - 2 – 3 – 1 - 6
4 – 5 - 2 – 1 – 3 - 6
- Nangtukeun tujuan
- Nangtukeun jejer
- Nyieun rangkay karangan
- Ngumpulkeun bahan
- Mekarkeun rangkay karangan
- Milih bahan
Dumasar tabél di luhur, lengkah-lengkah nulis bahasan sacara runtuy, nyaeta ....
1-2-3-4-5-6
1-2-4-6-3-5
2-1-6-4-3-5
2-1-4-6-5-3
2-1-4-6-3-5
Carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang disebutna .....
Wawacan
Hikayat
Carita pantun
Carita dongeng
Carita wayang
Enyaan binangkit éta mah Ki Dalang (1), keur meumeujeuhna tunduh, pecenghul wé Semar sapala putra: si Cépot, si Dawala, jeung si Gareng (2). Ngabodor béak karep (3), nu lalajo sura seuri, tunduh ditundung ku ting cakakak jeung tingceukeukeuk (4). Sora gamelan beukii maceuh siga nyaram nu lalajo ulang nyingkah (5).
Pamanggih pangarang ditandaan ku nomer ......
(1)
(2)
(3)
(4)
(5)
Dina pagelaran wayang lian ti dalang anu ngawayang, aya tukang nabeuh gamelan anu disebut ....
Sindén
Nayaga
Dalang
Juru alok
Gugunungan
Babon (induk/sumber) carita wayang golek asalna ti India tina carita ....
Rama jeung Sinta
Rama jeung Yana
Pandawa jeung Kurawa
Pandawa jeung Ramayana
Mahabarata jeung Ramayana
Di handap ieu anu henteu kaasup pandawa, nya eta ....
Yudistira
Arjuna
Nakula
Sadewa
Drupadi
Suluk bubuka pagelaran anu dilagukeun ku ki dalang dina mimiti caritana disebut ....
Murwa
Nyandra
Antawacana
Rumpaka
Sora
Kresna : “Eladalah, Yayi, Yayi Setiaki.”
Setiaki : “kaula nun.”
Kresna : “Kakang Patih Udawa.”
Udawa : “Lo, lo, lo. Hahahaha..... pun Kakang Patih Udawa. “
Kresna : “Marajeng ka payun calikna”
Dina seni padalangan, dialog di luhur ilaharna disebut.....
Carita
Wacana
Antawacana
Wawancang
Kramagung
Kombayana apal pisan, kakuatan Amarta téh di antarana lantaran diaping ku Lurah Semar badranaya, déwa kamanusaan nu bakti diri ka raja-raja nu hadé ahlakna. Saha baé nu kacicingan Lurah Semar, tangtu unggulna.
Nurutkeun sempalan carita di luhur, watek Lurah Semar nyaéta ....
Hadé ahlak
Satia satuhu
Sakti
Weruh sadurung winarah
Gagah perkasa
Sabalikna ka Dorna, ka Suyudana, ka Dasamuka, kumna ka urang Kurawa nu jahat, kalan-kalan ka Arjuna nu sok gampang ka pangaruhan ku Dorna gé bet mani teu resep, ceuceub kabina-bina. Tagtu wé embung siga maranéhna. Tongtonan nu jadi tungtunan téa kitu wayang téh? Enya sigah na mah.
Watek Arjuna nyaéta ....
Wijaksana
Teu boga pamadegan
Gedé ambek
Hayang onjoy ti batur
Ngulit bawang
Cara ngigel jeung merangkeun wayang dina pagelaran wayang disebut....
Kakawen
Murwa
Garap
Nyandra
Antawacana
Carita Mahabarata mangrupakeun carita ti India anu dikarang ku ....
Wiyasa
Wirasa
Mpu Walmiki
Mpu Tantular
Rahwana
Carita Ramayana mangrupakeun carita ti India anu dikarang ku ....
Wiyasa
Wirasa
Rahwana
Mpu Walmiki
Mpu Tantular
Titenan ciri-ciri carita di handap ieu!
(1) Sumebar sacara tinulis
(2) Ngandung hal-hal nu teu asup akal
(3) Caritana basajan
(4) Caritana jembar
(5) Ngandung ajén atikan
(6) Teu kapaluruh saha nu ngarangna
(7) kapaluruh saha nu ngarangna
(8) Ngandung hal-hal nu teu pamohalan
Ciri-ciri carita wayang anu sarua jeung dongeng, nyaeta ....
1 jeung 2
2 jeung 4
2 jeung 5
5 jeung 7
5 jeung 8
Baca sempalan dongéng di handap!
Déwa Anta pok unjukan bari ngalimba, “Nun Batara, anu mawi abdi sedih, rumasa moal lami deui hirup, da tangtos diteukteuk beuheung”. “Na, ku naon?” ceuk Batara Narada. Déwa Anta ngawalon, “Pan tadi saur Batara, sing saha anu teu tiasa nyumponan éta pamundut, baris diteukteuk beuheung. Ari abdi téa taya petana tiasa nyumponan, margi kapanan teu gaduh leungeun teu gaduh suku”. Batara Narada ngaheneng, socana mencrong ka nu keur sedih. Clak, clak, clak cipanon Déwa Anta murag kana taneuh tilu keclak. Gorolong, gorolong, gorolong cimata téh jadi ... endog tilu siki.
Hal nu pamohalan tina sempalan carita di luhur bisa kapanggih tina kalimah ....
“... rumasa moal lami deui hirup, da tangtos diteukteuk beuheung”
“... sing saha anu teu tiasa nyumponan éta pamundut, baris diteukteuk beuheung. ...”
“... margi kapanan teu gaduh leungeun teu gaduh suku”.
Clak, clak, clak cipanon Déwa Anta murag kana taneuh tilu keclak.
Gorolong, gorolong, gorolong cimata téh jadi ... endog tilu siki.
