wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

materi Carita Pantun kelas XII

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Carita rekaan anu ukurana paranjang, gelarna dina lisan, ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan, anu ditepikeun ku juru pantun, dipirig ku kacapi, disebutna....

a)

Dongeng

b)

Hikayat

c)

carita pantun

d)

Wawacan

e)

Carita wayang

2.

Tokoh-tokoh anu dilalakonkeun dina carita pantun teh umumna, nyaeta....

a)

Satria atawa putri ti Karajaan Galuh jeung Pajajaran

b)

Raja-raja ti Tatar Sunda

c)

Raja-raja ti luar Tatar Sunda

d)


Rakyat biasa ti Tatar Sunda

e)

Sing saha wae anu aya hubunganana jeung Tatar Sunda

3.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana galur carita pantun, nyaeta....

a)

tokoh ngalalana

b)

kajadian nu karandapan

c)

tokoh mulang

d)

tokoh meunang ujian

e)

Rajah

4.

Bagean rumpaka (lirik) anu kudu dihaleuangkeun dina carita pantun, nyaeta....

a)

lalakon

b)

Rajah

c)

Papantunan

d)

Deskripsi

e)

Rajah pamunah

5.

Dewi Sri teh disebut-sebut minangka Dewi Pare lantaran....

a)

anu mimiti nyebarkeun pare di Pajajaran

b)

anu nyiptakeun pepelakan pare ti Pajajaran

c)

tina kuburanana jadi tutuwuhan, diantarana pare

d)

anu mimiti nyebarkeun pare di Pajajaran

e)

anu mimiti mawa binih pare ka Pajajaran

6.

Ieu di handap anu lain sasaruaan carita pantun jeung dongeng, nyaeta....

a)

pada-pada mangrupa carita rekaan (fiksi)

b)

Pada-pada ngandung Rajah

c)

Pada-pada sumebar tur tatalepa ku cara lisan

d)

Pada-pada ngandung unsur pamohalan

e)

Pada-pada teu puguh nu ngarangna (Anonim)


7.

Kumaha urutan/ struktur carita pantun nu bener téh?

a)

Monolog – Rajah – Dialog – Deskripsi – Narasi – Rajah Panutup

b)

Rajah – Monolog – Dialog – Deskripsi – Narasi – Rajah Panutup

c)

Narasi – Rajah – Monolog – Dialog – Deskripsi – Rajah Panutup

d)

Rajah – Narasi – Deskripsi – Dialog – Monolog – Rajah Panutup

e)

Dialog - Rajah - Monolog - Narasi- Deskripsi - Rajah panutup

8.

“ Aéh, Mama Léngsér, bagéa teuing, iraha dongkap?”

Tembalna Mama Léngsér “ Jagong carang, Ratu Emas!”

“ Jadi Mama Léngsér téh kakara hol? Atuh sukur, Mama Léngsér boa tos noong heula?”

“ Aduh Ratu Emas, ulah tadah-tuduh kanu puguh, ulah ngangaranan ka nu enya, palias teuing lamun teu tas noong”

Sempalan diluhur kaasup kana bagéan naon dina carita pantun?

a)

Rajah

b)

Deskripsi

c)

Monolog

d)

Dialog

e)

Narasi

9.

Sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina ménta idin, ménta pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet. Ménta kasalamétan téh lain keur nu dipangmantunkeun baé tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo éta pantun. Eta bagean teh disebut...

a)

Rajah

b)

Dialog

c)

Narasi

d)

Monolog

e)

deskripsi

10.

Bagean carita anu ditepikeun ku juru pantun keur ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian dina carita nyaeta ....

a)

Rajah

b)

Dialog

c)

Narasi

d)

Monolog

e)

deskripsi

11.

Anu ngalalakon kacatur mulang deui kaasalna disebut galur?

a)

Mérélé

b)

Simpay

c)

Leunjeuran

d)

Campuran

e)

Maju

12.

……..

Tuluy ngimpi kagungan bébéné, sarupa jeung sundan Ambu, ngalingling ngadeuleu maling. Enggeus nganggo raksukan, salin jenengan kana lutung kasarung, Kasarung ku sadulur, kasamping ku barayana.

………

Dumasar téks di luhur, nu ngalantarankeun Guru Minda salin jenengan jadi lutung sabab....

a)

ngimpi Sunan Ambu anu jadi bébénéna

b)

boga raksukan nu mirip jeung lutung

c)

neuteup jero pinuh ku napsu ka nu jadi indung

d)

kasarung ku sadulur

e)

rek miang ngalalana

13.

Carita pantun kaasup kana sastra sampakan, hartina...

a)

Karya sastra anu dianggap asli

b)

Mangrupa titiron tina budaya deungeun

c)

Karya adaptasi

d)

Ayana kapangaruhan ku karya sejen

e)

Karya serepan

14.

Dina pungkasan caritana, anu ngalalakon téh henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna. Sabada ngéléhkeun sababaraha nagara téh tuluy tumetep ngaheuyeuk nagara patalukan nu pangahirna, disebut galur

a)

Simpay

b)

Maju

c)

Campuran

d)

Leunjeuran

e)

Mundur

15.

Juru pantun biasana mah lolong. jeung carita patun anu dicaritakeun ku juru pantun gé, sagemblengna sok ditalar.

Harti kecap anu di miringkeun nyaéta...

a)

Bolong, dilatar belakangi

b)

Buta, diapalkeun

c)

Bangga, dilataran

d)

Bongé, ditularkeun

e)

Boga, diisukeun

16.

Seni pantun di pidangkeun dina dua bentuk ...

a)

Pikeun hiburan jeung ritual

b)

Pikeun ritual jeung atikan

c)

Pikeun hiburan jeung atikan

d)

Pikeun mahiwal jeung ritual

e)

pikeun nyebarkeun agama jeung atikan

17.

Perkara pantun tos nyampak dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian taun ...

a)

1515 M

b)

1516 M

c)

1517 M

d)

1518 M

e)

1519 M

18.

Ieu di handap mangrupa judul-judul carita pantun, iwal

a)

Nyi Pohaci Sanghyang Sri

b)

Lutung Kasarung

c)

Gunung Tangkuban parahu

d)

ciung wanara

e)

Mundinglaya Dikusumah

19.

Sabaraha lila pagelaran carita pantun?

a)

Sapoe sapeuting

b)

7 poe 7 peuting

c)

Sapeuting jeput

d)

Sapoean

e)

satengah poe

20.

1. tema

2. palaku

3. galur

4. wirahma

5. Latar

perhatikeun ku hidep...mana nu teu kaasup kana unsur instrinsik carita pantun?

a)

no 1

b)

no 2

c)

no 3

d)

no 4

e)

no 5