NEW
Font size
WorksheetsUH 1 Bahasa Sunda Kelas VI
Total questions: 15
Worksheet time: 30mins
Karangan dina wangun lancaran (prosa ) anu ukuran pondok disebutna ....
skétsa
carita wayang
dongéng
carpon
Carpon basa Sunda mimiti di muat dina majalah ....
Manglé
Sunda Midang
Parahyangan
Galur
Taun 1930 muncul buku kumpulan carpon munggaran ( yang pertama ), nu judulna ....
Carita Biasa karya R.A.F ( Rachmatullah Ading Affandie )
Papancangan karya Rusman Sutiasumarga
Dogdog Pangréwong karya G.S.
Ninggang Paspatén karya Yus Rusyana
Gagasan nu ditepikeun ku pangarang dina karyana, nyaéta ....
palaku
téma
latar
galur
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita, nyaéta ....
galur
amanat
palaku
latar
Tokoh nu ngalalakon atawa dilalakonkeun dina carita, nyaéta ....
latar
palaku
galur
amanat
Kecap nu teu ngandung rarangkén tengah, nyaéta ....
barudak
binarung
gumading
leumpang
Dawegan téh keur meujeuhna ( lého )
lumého
léhoan
léléhoan
ngalého
Gedang téh keur ( gading )
mading
gagading
guma
gumading
Ka saha buku téh dititipkeunana ?
kalimah di luhur gunana pikeun nanyakeun ....
pilihan
jalma
barang
harga
Ku naon Icih teu sakola?
kalimah ieu gunana pikeun nanyakeun ....
pilihan
sabab
hal
harga
"Asép téh sakolana geus kelas V."
Kalimah pananya anu cocog keur éta jawaban, nyaéta ....
Kelas sabaraha Asép téh sakolana?
Di mana Asép téh sakolana?
Sok kana naon Asép téh indit sakolana?
Saha nu geus sakola kelas V téh?
kalimah di handap ieu anu bener nulis hurup kapital, nyaéta ....
yanti mah bumina ogé di Ciwidey.
Pa samid nuju ngawulang kelas genep.
Bu Sari kagungan putra tilu, nyaéta Yana, Ucup, jeung Lia.
dang, punteun pangyandakeun kapur
Kalimah di handap ieu anu salah nulis hurup kapital, nyaéta ....
Budi sakelas jeung Yayat.
Di mana bumina Pa Dadang téh?
Bapa nembé mulih ti surabaya.
Bu Imah nuju ngawulang basa Sunda.
Kalimah di handap ieu anu salah nuliskeun tanda bacana, nyaéta ....
Iraha Kang Nanang sumpingna?
hayu ah urang ucing sumput.
Barudak kelas VI keu di ajar basa Indonésia.
Doni, pangyandakkeun buku di perpustakaan!
