NEW
Font size
WorksheetsQuiz Basa Sunda Kecap Kaayaan
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Cai walungan di lembur kuring mah ... sabab tara aya anu miceun runtah
beureum euceuy
bodas ngagenclang
hejo ngagedod
hideung lestreng
Wandi mah katurunan arab, mangkana irungna ...
bolotot
bedegul
bangir
demes
Mang Wawan mah sok dilandi Pa Ogah, sabab sirahna ...
gomplok
gundul
galing
cureuleuk
Nangka meunang ngala ti kebon teh geus asak, rasana amis ...
kareueut
molelel
nereptep
mongkleng
Ujang geus dua peuting gering, awakna karasa panas ... acan turun-turun
newewet
molelel
nereptep
bangir
Soca Pa Jaka ... lantaran ambek ka Wawan
bangir
bolotot
bayuhyuh
bedegul
Euleuh cengek teh rasana meni ...
amis kareueut
pait molelel
lada newewet
panas nereptep
Peuting ayeuna mah asa ... pisan, teu aya cahaya bulan
poek mongkleng
panas nereptep
bodas nyacas
hejo ngagedod
Putra pun bibi nembe dua taun yuswana, nyariosna masih ...
bangir
bolotot
bedegul
cadel
Rambut Neng Maya nya hideung nya ...
geulis
kasep
gundul
gomplok
