NEW
Font size
WorksheetsBahasa Sunda Kelas 5 Pangajaran 8 "Kajadian Alam"
Total questions: 15
Worksheet time: 16mins
Tina sakitu loba kembang, anu dipikaresep ku Ibu teh kembang lili warna bodas. Saur Bapa mah kembang lili bodas teh gambaran Ibu, basajan tapi geulis. Fajar jeung Putri kungsi nyaksian kacida bungaheunana Ibu, basa Bapa masihan sabeungkeut kembang lili ka Ibu.
Saha anu masihan kembang lili ka Ibu?
Putri
Bapa
Fajar
Putri jeung Fajar
Warna naon kembang lili nu dipikaresep Ibu?
koneng
beureum
kayas
bodas
Kusabab katirisan da hujan teu ra'at-ra'at, Eulis ngaringkuk bae di kamar bari disimbut.
Kecap katirisan di luhur, sarua hartina jeung kecap ....
kahujanan
gering
ngahod-hod
hareudang
Di handap ieu nu teu kaasup kaayaan di bumi Nini upama usum hujan dina carpon "Caah", nyaeta ....
imah balocor
kenteng pareupeus
buruan kandel ku leutak
lauk di balong paralid
Bencana nu bakal kajadian, upama tatangkalan di leuweung dituaran nyaeta ....
angin topan
gunung bitu
lini
ca'ah
Lini/gempa di jero laut kusabab gerakna lapisan taneuh bumi, atawa gunung nu bitu di jero laut, sok disebutna ....
abrasi
erosi
urug
tsunami
Cirina rek hujan, biasana langit katutupan ku ....
mega
bentang
katumbiri
panon poe
Isuk-isuk panon poe sumorot ti belah ....
kidul /selatan
kaler/ utara
kulon/ barat
wetan/ timur
Di langit katembong katumbiri basa aya hujan poyan. Harti katumbiri nyaeta....
kabut
awan
pelangi
matahari
Kaayaan poek waktu bulan kahalangan teu caang, biasana di masjid sok aya sholat gerhana, disebutna ....
layung
guludug
samagaha
halimun
Fahri begadang nepi ka subuh, atuh isukna jadi ....
kabar angin
asup angin
kaanginan
angin-anginan
Di handap ieu nu teu kaasup kaayaan langit pami rek hujan, nyaeta ...
aya halimun/kabut
aya sora guludug
angkeub poek
ceudeum
Kajadian alam nu kajadianana di Tasikmalaya taun 1982 nu ngakibatkeun lebu ngeprul ka mana-mana dugi ka Ciamis, Garut, malah ka Bandung ge nepi nyaeta ...
urug
angin topan
lini
gunung bitu
Di handap ieu nu teu kaasup benda nu kaluar tina mumunggang gunung, basa Gunung Galunggung bitu, nyaeta ....
cai lahar
lebu
keusik
batu
Situs Gunung Padang nu ayana di daerah Cianjur, nyaeta titinggal sajarah manusia purba nu mangrupa ...
guha
meja batu
patung
fosil/tulang
