WorksheetsKuis B. Sunda
Total questions: 15
Worksheet time: 3mins
1.Puji sinareng syukur hayu urang sanggakeun kahadirat Allah SWT, réhna dina dinten ieu urang tiasa kempel di ieu patempatan dina kaayaan séhat. Ungkara di luhur kaasup kana .... biantara.
a. panutup
b. salam panutup
c. eusi
d. bubuka
2.Nepikeun hiji kedalan atawa caritaan anu disusun sacara merenah di hareupeun jalma loba, dina suasana resmi atawa teu resmi disebut....
a. sajak
b. puisi
c. dongéng
d. biantara
3.Anu kaasup struktur téks pidato di handap ieu, iwal....
a. bubuka
b. judul
c. eusi
d. panutup
4.Rupina sakitu anu tiasa kapihatur. Kirang langkungna neda dihapunten. Ieu ungkara biasana kaasup .... biantara.
a. panutup
b. salam panutup
c. bubuka
d. salam pamuka
5.Teu karaos tos sataun sim kuring mancén tugas janten Pupuhu OSIS téh. Ayeuna tos nincak mangsana kedah digentos. Disérénkeun ka adi-adi kelas VIII. Émut baé, kapungkur waktos sim kuring dipercanten kanggo mancén tugas janten Pupuhu OSIS, teu kinten ngaraos wegah. Ungkara di luhur kaasup kana .... biantara.
a. panutup
b. salam panutup
c. bubuka
d. eusi
6.Ragam basa Sunda hormat biasana digunakeun pikeun acara-acara resmi, contona di handap ieu, iwal....
a. peresmian
b. pengajian
c. serah terima jabatan
d. miéling hari jadi kota Dépok
7.Ragam basa Sunda loma biasana digunakeun pikeun acara anu sifatna teu resmi, contona nya éta....
a. pelantikan Ketua OSIS
b. serah terima jabatan
c. kampanye
d. peresmian
8.Salah sahiji hal nu kudu diperhatikeun dina biantara nya éta…
a. lentong jeung wirahmana merenah
b. méré hiji pamahaman atawa informasi ka batur
c. kudu miboga pangaweruh anu heureut
d. ngahaturkeun nuhun
9.Kuring dahar sangu goréng. Dirobah jadi ragam hormat nya éta....
a. kuring neda sangu goréng
b. abdi neda sangu goréng
c. abdi tuang sangu goréng
d. kuring tuang sangu goréng
10.Abdi balik ti Sakola. Kecap "balik" saupama dirobah jadi ragam basa hormat pikeun sorangan (diri sendiri) nya éta....
a. mulih
b. angkat
c. wangsul
d. mios
11.Ieu gambar mangrupa istilah arsitéktur dina bentuk bubungan nu disebut ....
a. suhunan jolopong
b. badak heuay
c. parahu kumureb
d. julang ngapak
12.Ieu gambar mangrupa istilah arsitéktur dina bentuk bubungan nu disebut ....
a. parahu kumureb
b. jogo anjing
c. suhunan limasan
d. julang ngapak
13.Kampung adat naon anu aya dina éta gambar?
a. Kampung adat Naga
b. Kampung adat Baduy
c. Kampung adat Ciptagelar
d. Kampung adat Cireundeu
14.Kampung adat anu aya dina ieu gambar mangrupa kampung adat anu aya di daérah ....
a. Banten
b. Sukabumi
c. Tasikmalaya
d. Bandung
15.Tempat cicingna keluarga karajaan disebut ....
a. Leuit
b. Karaton
c. Pendopo
d. Kaputrén
