Font size
WorksheetsRumpaka Kawih
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Rumpaka kawih "Tanah Sunda" teh eusina mangrupa ebrehan rasa cinta ka .....
lemah cai
kabogoh
indung bapa
kaendahan alam
Puisi anu sok dilagukeun, boh ditembangkeun tapi dina Kasundaanmah sok di kawihkeun. Èta wangenan tèh di sebutna naon?
Rumpaka Kawih
Rumpaka Puisi
Rumpaka Sisindiran
Rumpaka Sajak
Rumpaka Kawih tèh di wangun ku dua unsur, aya rumpaka jeung kawih. Ari Rumpaka raket patalina jeung naon?
Sisindiran
Puisi
Seni Musik
Rarakitan
Rumpaka lagu sunda tèh di wangun ku dua unsur, aya rumpaka lagu sunda buhun (heubeul) jeung kiwari (kaayeunakeun). Dina wangun naon umumna rumpaka kawih Sunda buhun tèh?
Seni Musik
Puisi
Sisindiran (diwangun ku cangkang jeung eusi)
Paparikan
Kumpulan sajak-sajak anu dijadikeun rumpaka lagu teh disebutna naon?
Musikalisasi Puisi
Drama
Musikalisask Drama
Puisi
Es lilin mah didorong-dorong
Dibantun mah dibantun ka Sukajadi
Abdi isin dunungan samar kaduga
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Rumpaka Kawih Es lilin ngagunakeun Wangun...
Sajak
Pupuh
Wawangsalan
Sisindiran
Rumpaka kawih Es lilin diwangun ku .... padalisan
4
6
8
10
Nu kaasup conto kawih modern nyaeta
Tanah Sunda
Peuyeum bandung
Budak jalanan
Karatagan Pahlawan
Situ Ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hateNingali ngeplak caina
Naon judul tina sempalan rumpaka kawih di luhur?
Peuyeum Bandung
Situ Ciburuy
Bubuy Bulan
Es Lilin
naon anu raket patalina jeung karawitan (seni musik)?
rumpaka
kawih
lagu
sora
Tanah Sunda
Sanggian : Koko Koswara
Tanah sunda (wibawa) gemah ripah (tur éndah)
Nu ngumbara suka betah
Urang sunda (sawawa) sing toweksa (percéka)
Nyangga darma nu nyata
Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran
Sing tulatén jeung rumaksa
Miara pakaya mémang sawajibna
Getén titén rumawat tanah Pusaka
Rumpaka kawih “Tanah Sunda” téh eusina mangrupa ébréhan cinta ka ....
kaéndahan alam
indung bapa
kabogoh
lemah cai
Sapopoé kadé lali
Sasauran basa Sunda
Ka indung jeung ka bapa
Ka lanceuk jeung ka adi
Sing tarapti bari hadé budi
Dina kalimah “Sapopoé kadé lali”, kecap lali téh hartina ….
Daék
Bisa
Sieun
Poho
Bédana kawih jeung tembang nyaéta ….
Kawih kauger aturan, tembang teu kauger ku aturan
Kawih kaiket ku wirahma, tembang teu kaiket ku wirahma
Kawih teu kauger aturan, tembang kaiket ku wirahma
Kawih teu kaiket ku wirahma, tembang kaiket ku wirahma
Bubuy bulan sanggray béntang
Panonpoé disasaté
Unggal bulan abdi téang
Unggal poé ogé hadé
Kawih di luhur téh rumpakana ngagunakeun puisi ....
sair
puisi bébas
sisindiran
pupuh
Ide poko pikiran nu aya dina rumpaka kawih disebut...
rasa
wirahma
jejer
amanat
Sora vokal tungtung engang nu sarua disebut...
Nada
Wirahma
Ras
Purwakanti
Manuk dadali, manuk pangagahna
... sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna.
Kecap anu merenah pikeun nyampurnakeun kawih manuk Dadali di luhur nya eta ... .
pertanda
perlambang
pertelon
perwatek
Kawih asalna tina kecap?
Kawy
Kavy
Kavi
Kapy
Baca rumpaka ieu kawih!
Es lilin mah, aduh kalapa muda
Dibantun ma, geuning ka Sukajadi
Abdi isin, geuning, samar kaduga
Sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi
Purwakanti dina rumpaka kawih di luhur, nyaéta…
e-d-a-s
da-di-ga-di
muda-Sukajadi-kaduga-ngajadi
a-i-a-i
Eusi pada kahiji rumpaka kawih “Es Lilin” nyaéta…
És lilin dijieunna tina kalapa muda
Abdi isin samar kaduga sabab sieun teu ngajadi
És lilin dijual ka Sukajadi
Sieun teu jadi dibawa ka Sukajadi
