Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN 08 WARTA

Total questions: 23

Worksheet time: 1hrs 9mins

Name
Class
Date
1.

Rebo, 15 Pebruari 2012, Wakil Bupati Majalengka, DR.H Karna Sobahi,M.M.Pd. ngaluuhan acara Rakor Sinkronisasi Program Kerja Taun 2012 nu dilaksanakeun di Aula Manggala Abdi Praja Kacamatan Cingambul. Rakor diluuhan ku parainohong, paraulama, pangurus organisasi pamuda, jeung aparatur pamarentah désa nu aya di Kacamatan Cingambul. Tujuan éta rakor pikeun nyukséskeun program kerja pamaréntah Kabupaten Majalengka taun 2012. Wakil Bupati miharep sangkan pangwangunan nu baris dilaksanakeun taun 2012 saluyu jeung kabutuh masarakat tur ayana kasinambungan jeung pangwangunan nu dilaksanakeun taun saméméhna. Rarancang program kerja taun 2012 utamana nyoko kana tilu hal nyaéta program pikeun ngaronjatkeun IPM ku cara nyadiakeun tempat dagang di rest area, program pikeun ngajait masarakat miskin, sarta program pikeun ngurangan angka pengangguran di Kabupaten Majalengka.


Wacana di luhur téh lamun disawang tina eusina kaasup kana ...

a)

warta

b)

dongéng

c)

carita pondok

d)

laporan kagiatan

2.

Rebo, 15 Pebruari 2012, Wakil Bupati Majalengka, DR.H Karna Sobahi,M.M.Pd. ngaluuhan acara Rakor Sinkronisasi Program Kerja Taun 2012 nu dilaksanakeun di Aula Manggala Abdi Praja Kacamatan Cingambul. Rakor diluuhan ku parainohong, paraulama, pangurus organisasi pamuda, jeung aparatur pamarentah désa nu aya di Kacamatan Cingambul. Tujuan éta rakor pikeun nyukséskeun program kerja pamaréntah Kabupaten Majalengka taun 2012. Wakil Bupati miharep sangkan pangwangunan nu baris dilaksanakeun taun 2012 saluyu jeung kabutuh masarakat tur ayana kasinambungan jeung pangwangunan nu dilaksanakeun taun saméméhna. Rarancang program kerja taun 2012 utamana nyoko kana tilu hal nyaéta program pikeun ngaronjatkeun IPM ku cara nyadiakeun tempat dagang di rest area, program pikeun ngajait masarakat miskin, sarta program pikeun ngurangan angka pengangguran di Kabupaten Majalengka.


Naon tarékah pamaréntah pikeun ngaronjatkeun ékonomi rahayat?

a)

nyieun rest area

b)

ngayakeun rakor

c)

bedah rumah

d)

raskin

3.
Warta anu ditulis dumasar kana ... nu aya di lapangan.
a)
fakta
b)
rekaan
c)
carita
d)
hayalan
4.
Eusi warta ... ku pendapat pribadi nu ditulis.
a)
henteu ditambahan
b)
ditambahan
c)
dianalisis
d)
dibungbuan
5.
Unsur poko dina nulis hiji warta (berita) urang kudu nangtukeun patokan nyaeta ….
a)
NASADIKUKU (5W+1H)
b)
5 W
c)
3 W + 1H
d)
naha, kumaha
6.
Warta téh nyaéta katerangan atawa béja anu ditepikeun ka ....
a)
balaréa
b)
kelompok
c)
pribadi
d)
kulawarga
7.
Hiji informasi atawa katerangan atawa béja bisa disebut warta upama ....
a)
dimuat dina média massa
b)
ditulis ku wartawan
c)
dikirimkeun ka média massa
d)
dibaca ku balaréa
8.
Dina seuhseuhanana mah warta teh dijieun dina wangun ....
a)
Tinulis
b)
Lisan
c)
Kajadian
d)
carita
9.
Kajadian anu bisa dijadikeun warta téh nyaéta kajadian .…
a)
anu dianggap penting pikeun balaréa
b)
anu dianggap penting pikeun urang
c)
anu dianggap penting pikeun kulawarga urang
d)
anu dianggap penting pikeun pamingpin
10.
Upama urang hayang nyaho poko-poko warta, baca baé ....
a)
bagian puhu wartana
b)
bagian eusi wartana
c)
bagian kateranganana
d)
judulna
11.
Dina warta aya unsur-unsur anu disebut …
a)
5W + 1H
b)
W+H
c)
5H + 1W
d)
5WH + 5H
12.
Warta teu meunang nuduh salah ka hiji jalma, lamun ....
a)
tacan kabuktian kasalahanana sacara hukum
b)
geus kabuktian kasalahanana sacara hukum
c)
tacan kabuktian kasalahanana ceuk balaréa
d)
tacan kabuktian kasalahanana ceuk wartawan
13.
Eusi warta téh kudu nétral, maksudna ....
a)
teu meunang mihak ka salasahiji pihak
b)
teu meunang mihak ka pamingpin
c)
teu meunang mihak ka balaréa
d)
teu meunang mihak ka nu boga médiana
14.
Adegan kalimah mah gumantung kana …
a)
caritaanana
b)
jejerna
c)
pangrandapna
d)
kateranganana
15.
Anu disebut kalimah barang mah caritaanana mangrupa ...
a)
kecap barang
b)
kecap pagawéan
c)
kecap sipat
d)
kecap barang
16.
Anu kaasup kalimah barang nyaéta ….
a)
Wawan boga buku basa Sunda.
b)
Wawan meuli buku basa Sunda.
c)
Wawan resep kana buku basa Sunda
d)
Wawan maca buku basa Sunda
17.
Anu kaasup kalimah pagawéan nyaéta....
a)
Murid kelas VIII keur dialajar.
b)
Murid kelas VIII aya 40 urang.
c)
Murid kelas VIII mah balageur.
d)
Murid kelas VIII garetol maca.
18.
Anu kaasup kalimah sipat nyaéta....
a)
Ujang mah turunan béréhan.
b)
Ujang duit ka Nyai.
c)
Ujang anak Pa Haji nu béréhan.
d)
Ujang teh haji anu béréhan téa.
19.
Piuntungeun dagang téh aya kana sapuluh rébuna. Kalimah di luhur téh kaasup kana ....
a)
kalimah bilangan
b)
kalimah barang
c)
kalimah sipat
d)
kalimah pagawéan
20.
Urang Kuningan mah kasohor rancagé. Kalimah di luhur téh kaasup kana....
a)
kalimah sipat
b)
kalimah barang
c)
kalimah pagawéan
d)
kalimah bilangan 
21.
Kang lyan keur meuli kaos ka Suci. Kalimah di luhur téh kaasup kana....
a)
kalimah pagawéan
b)
kalimah barang
c)
kalimah sipat
d)
kalimah bilangan
22.
Pa Déddy téh béntang pilem anu kasohor. Kalimah di luhur téh kaasup kana
a)
kalimah barang
b)
kalimah sipat
c)
kalimah pagawéan
d)
kalimah bilangan
23.
Tarajé geus ditanggeuhkeun, kari naék. Kalimah di luhur téh kaasup kana....
a)
kalimah pagawéan
b)
kalimah barang
c)
kalimah sipat
d)
kalimah bilangan