wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Tengah Semester Kelas VIII

Total questions: 25

Worksheet time: 2hrs 42mins

Name
Class
Date
1.

Rakitan basa sabangsa tembang/lalaguan anu teu kauger ku patokan pupuh, biasana dipirig (diiringi) gamelan nyaéta....

a)

Kawih

b)

Tembang

c)

Lagu

d)

Kidung

2.

(Baca kawih di handap pikeun ngajawab soal nomor 2-4)

Isola bumi Siliwangi

Liliwatan Bandung Lémbang

Suku Tangkuban Parahu

Ngabedega éndah agréng sigrong

Kecap Isola, dina sempalan kawih di handap nuduhkeun....

a)

Daérah antara Bandung jeung Lémbang

b)

Wangunan

c)

Daérah Tangkuban Parahu

d)

Ngaran hiji tookoh masarakat

3.

Ngabedega éndah agréng sigrong. Kecap agréng sigrong hartina....

a)

éndah tur asri

b)

gedé tur alus

c)

kasép tur sopan

d)

geulis hadé haté

4.

Kawih “Isola Bumi Siliwangi” mangrupa sanggian....

a)

Mang Koko

b)

Nano S.

c)

Ida Rosida

d)

Iyar Wiarsih

5.

Ieu di handap kaasup kana conto kawih, iwal....

a)

Isola Bumi Siliwangi

b)

Mojang Priangan

c)

Bandung Lémbang

d)

Kinanti

6.

Kecap “diraksukan” dina kawih mojang priangan, mibanda harti….

a)

Jaman baheula

b)

Dangdanan

c)

Dibaju

d)

Turunan

7.

Kecap-kecap anu pangmerenahna pikeun ngalengkepan téks rumpaka kawih di handap nyaéta…

Sabilulungan

Sabilulungan dasar gotong …..

….. sipat silih rojong

Sabilulungan ….. ulah potong

Sabilulungan persatuan témbong

Tohaga, rohaka

Teguh tanggoh ….. sabilulungan

….., sajiwa

Segut singkil ngabasmi pasalingsingan

a)

royong; genténg; perbawa; sadia; sabilulungan

b)

royong; sabilulungan; genténg; perbawa; sadia

c)

sabilulungan; royong; genténg; perbawa; sadia

d)

genténg; perbawa; royong; sadia; sabilulungan

8.

Karya sastra wangun ugeran (terikat) nyaéta….

a)

prosa

b)

film

c)

puisi

d)

drama

9.

Conto karya sastra nu kaasup puisi nyaéta….

a)

Dongéng

b)

Novel

c)

Sajak

d)

Sandiwara

10.

Karya sastra wangun lancaran disebut…..

a)

prosa

b)

film

c)

puisi

d)

drama

11.

Karya sastra wangun paguneman disebut….

a)

prosa

b)

film

c)

puisi

d)

drama

12.

Gaya basa anu ngagunakeun basa kaleuleuwihi nyaéta gaya basa….

a)

Rarahulan

b)

Ocon

c)

Kadalon

d)

Ngasor

13.

Iber atawa béja ngeunaan perkara hiji kajadian atawa hiji hal boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan nu diumumkeun dina média massa disebut…..

a)

Wawaran

b)

Warta

c)

Wawartosan

d)

Wawaréhan

14.

Kecap “Warta” asalna tina basa….

a)

Walanda

b)

Sangsekerta

c)

Indonésia

d)

Jawa

15.

Warta salawasna kudu….

a)

Faktual

b)

Sakadaék

c)

Hoax

d)

Salah kabéh

16.

Unsur-unsur dina warta nyaéta....

a)

5W + 1H

b)

5H + 1W

c)

4W + 1H

d)

4H + 1W

17.

Ngaliwatan media naon warta bisa diterbitkeun?

a)

Koran jeung majalah

b)

Radio jeung televise

c)

Internet

d)

Kabéh jawaban bener

18.

(Baca wacana di handap pikeun ngajawab soal nomor 18-19)

Kereta anjlok di antara Stasiun Manggarai-Sudirman

Kareta anjlok nomor KA 2473 rute Manggarai-Bukit Duri lumangsung di antara Stasiun Manggarai-Sudirman, Rebo (6/4/2019) sakitar jam 15.16 WIB. Akibatna sajumlah perjalanan ka ganggu. Kareta relasi Bogor ka Tanah Abang jeung Jatinegara kitu oge sabalikna pikeun samentara waktu teu bisa dilakukeun.

Kareta Relasi Bogor jeung Bekasi nu nuju ka Jakarta, sabagian ngan ukur bisa dioprasikeun tepi Manggarai jeung sabagian tetep bisa dilanjutkeun perjalanan nepi ka Jakarta-Kota.

“Pikeun nu ngagunakeun jasa anu embungeun nanggoan, bisa ngalakukeun tiket di loket Stasiun jeung di penta ngagunakeun model transportasi lain,” Ceuk Humas PT KCJ Eva Chairunnisa ngaliwatan katerangan nu ditarima tim redaksi koran radar bogor.

Manehana oge menta panumpang merhatikeun kasalametan sewang-sewangan, jeung deui hente maksakeun naek kareta lamun geus pinuh” “Lamun geus pinuh, Mangga dagoan kareta anu salanjutna,” Ceuk Eva.

Dimana ayana karéta anjlok dina warta di luhur téh ....

a)

di antara Stasiun Manggarai-Sudirman

b)

di antara Stasiun Bogor-Bekasi

c)

di Jakarta

d)

di Manggarai

19.

Iraha kajadianana éta karéta anjlok ....

a)

Rebo (6/4/2019)

b)

Rebo (4/6/2019)

c)

Rebo (6/4/2020)

d)

Rebo (4/6/2020)

20.

(Baca wacana di handap pikeun ngajawab soal nomor 20-22)

Wilayah Barat Kabupaten Bandung Rawan Longsor

Ngaasupan usum hujan, wilayah Kacamatan Cililin, sarta sakurilingna rawan kana musibah longsor. Longsor ieu di antarana lumangsung di RT 2 RW 1, Désa Nanggerang, Kacamatan Cililin dina dinten Senén 6 Nopémber 2017 sonten.

Pupuhu Widang Pananggulangan Musibah di Wewengkon Kabupaten Bandung barat, Dicky Maulana nétélakeun yén longsor lumangsung di jalan panghubung di Kabupaten Bandung barat sareng Kabupaten Bandung.

“Longsorna lumangsung ti handap jalan, ku kituna henteu nutupan jalan. Janten akses jalan tiasa kénéh diliwatan.” Saur Dicky, Salasa 7 Nopémber 2017.

Nurutkeun Dicky, longsor ngabalukarkeun sisi jalan ambles sajero 25 méter. Aksés jalan mimitina kahambat, nanging ayeuna atos tiasa normal. Patugas BPBD masangkeun aturan-aturan mépéling di tiap-tiap lokasi longsor.

Dicky ogé nyebutkeun, yén longsor lumangsung kusabab hujan badag di wewengkon Desa Nanggerang, Kacamatan Cililin. Kaayaan taneuh di lokasi longsor labil, ku kituna teu kuat nahan gerusan cai hujan. Bencana alam longsor ieu teu nyababkeun ayana korban jiwa.

“Abdi nyuhunkeun supados wargi disakitaran lokasi longsor kedah tetep waspada terutami di unggal tempat anu masih boga poténsi longsor, sabab curah hujan ayeuna masih ageung sarta tiasa micu longsor susulan,” saur anjeunna.

Wilayah kabupatén Bandung belah mana anu rawan longsor téh...

a)

Wétan

b)

Kulon

c)

Kidul

d)

Kalér

21.

Iraha kajadianana longsor di kacamatan Cililin téh?

a)

7 Nopémber 2017

b)

6 Nopémber 2017

c)

5 Nopémber 2017

d)

4 Nopémber 2017

22.

Saha Pupuhu Widang Pananggulangan Musibah di Wewengkon Kabupatén Bandung Barat?

a)

Ridwan Kamil

b)

Ricky Maulana

c)

Dicky Gusnandar

d)

Dicky Maulana

23.

Conto kecap serepan tina basa Arab nyaéta…..

a)

baru

b)

agenda

c)

bakar

d)

ahlak

24.

Mobil, motor, jeung kapal mangrupa kecap husus tina…..

a)

Sarana umum

b)

Alat transportasi

c)

Barang

d)

Wangunan

25.

Kecap umum tina bajigur, sirop, és céndol, jeung cai kopi nyaéta…..

a)

Inuman

b)

Kadaharan

c)

bubuahan

d)

tatangkalan