wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Carita Wayang Basa Sunda Kelas XII

Total questions: 25

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

5 jalma anu sakti lantaran katitisan ku Déwa sarta boga hak kana kaprabon Astinapura, nyaéta

a)

Kurawa

b)

Pandawa

c)

Aléngka

d)

Ayodya

2.

Dihandap ieu jalma nu nepikeun pintonan carita wayang golék nyaéta

a)
b)
c)
d)
3.

Arjuna miboga kamampuh pikeun ngulinkeun gada

a)

Bener

b)

Salah

4.

Gandari téh indungna Déstarata

a)

Bener

b)

Salah

5.

Pandawa miboga indung anu ngaranna ...

a)

Kunti Nalibrata

b)

Déstarata

c)

Sintawati

d)

Jabang Tutuka

6.

Jumlahna 100 urang sarta gumelar tina saguruntul daging ti Déwi Gandari, nyaéta ...

a)

Ayodya

b)

Pandawa

c)

Astinapura

d)

Kurawa

7.

Pandawa 5 téh nyaéta ...

a)

Yudhistira, Adipati, Arjuna, Nakula Sadewa

b)

Bima, Arjuna, Duryudana, Nakula, Sadewa

c)

Yudhistira, Bima, Arjuna, Nakula, Sadewa

d)

Bima, Rama, Arjuna, Nakula, Sadewa

8.

Cikalna tina Kurawa téh nyaéta ...

a)

Destarata

b)

Duryudana

c)

Yudhistira

d)

Rahwana

9.

Naon alesana kecap wayang téh dicokot tina kecap bayang-bayang?

a)

Suméndér kana pagelaran wayang golek

b)

Mangrupa simbol kahirupan manusa

c)

Jungkiringna kalangkang eta teh teu bina tina kahirupan jalma anu ditempo teh paropilahna

d)

Wanguna jiga manusa

e)

Diusik malikeun ku dalang

10.

Timana asalana carita Ramayana jeung Mahabarata teh?

a)

India

b)

Arab

c)

Cina

d)

Jawa

e)

Korea

11.

Dina carita Mahabarata nu nyekel kaadilan jeung nu murka teh nyaeta....

a)

Pandawa jeung Rahwana

b)

Pandawa jeung Kurawa

c)

Pandawa jeung Batara Wisnu

d)

Batara Rama jeung Dasamuka

e)

Rahwana jeung Dasamuka

12.

Naon anu jadi babon carita wayang golek?

a)

Mahabarata jeung Ramayana

b)

Carita Parahyangan jeung Mahabarata

c)

Babad Sumedang jeung Wawacan

d)

Wawacan jeung Carita Pantun

e)

Amir Hmazah jeung Umar Maya

13.

Wayang golék téh salah sahiji seni tradisi nu pangdipikaresepna ku kuring. Kabeneran, hirup téh dilingkungan masarakat nu raket pisan jeung wayang. Paling copélna, keur kuring budak kénéh, kira-kira taun 1960an, wayang golék téh keur meumeujeuhna nanjung.

Sempalan di luhur medarkeun ....

a)

Wayang golék

b)

Seni tradisi

c)

Kabiasaan masarakat

d)

Kahirupan jaman baheula

e)

Kabiasaan keur budak

14.

Dina pagelaran wayang lian ti dalang anu ngawayang, aya tukang nabeuh gamelan anu disebut ....

a)

Sindén

b)

Nayaga

c)

Dalang

d)

Juru alok

e)

Gugunungan

15.

Carita Mahabarata mangrupakeun carita ti India anu dikarang ku ....

a)

Wiyasa

b)

Wirasa

c)

Mpu Walmiki

d)

Mpu Tantular

e)

Rahwana

16.

Titenan ciri-ciri carita di handap ieu!

(1) Sumebar sacara tinulis

(2) Ngandung hal-hal nu teu asup akal

(3) Caritana basajan

(4) Caritana jembar

(5) Ngandung ajén atikan

(6) Teu kapaluruh saha nu ngarangna

(7) kapaluruh saha nu ngarangna

(8) Ngandung hal-hal nu teu pamohalan


Ciri-ciri carita wayang anu sarua jeung dongeng, nyaeta ....

a)

1 jeung 2

b)

2 jeung 4

c)

2 jeung 5

d)

5 jeung 7

e)

5 jeung 8

17.

Jelema nu sok nyaritakeun jeung ngigelkeun wayang sok disebut:

a)

Dalang

b)

Sinden

c)

Nayaga

d)

Purwa

e)

Suluh

18.

Carita wayang ditulis dina wangun....

a)

Prosa

b)

Puisi/Ugeran

c)

Sajak

d)

Paguneman

e)

Pupujian

19.

Anu teu kaasup kana unsur-unsur nu aya dina carita wayang nyaéta....

a)

Jejer

b)

Palaku

c)

Alur

d)

Wirahma

e)

Sudut pandang

20.

Inti pikiran anu aya dina carita dongéng nyaéta....

a)

Tema

b)

Palaku

c)

Alur

d)

Wirahma

e)

Sudut pandang

21.

Anu ngajelaskeun kaayaan tempat jeung waktu dina dongéng nyaéta

a)

Tema

b)

Palaku

c)

Alur

d)

Latar

e)

Sudut pandang

22.

Struktur Carita Wayang ka bagi....

a)

Dua

b)

Tilu

c)

Opat

d)

Lima

e)

Genep

23.

Anu dimaksud jejer nyaéta....

a)

Judul

b)

Ide Carita

c)

Jalan Carita

d)

Latar

e)

Palaku

24.

Sudut pandang jalma katilu nyaéta....

a)

Kuring

b)

Sim Abdi

c)

Ngaran Tokoh

d)

Anjeun

e)

Palaku Utama

25.

Peran tambahan dina hiji carita sudut pandang jalma ka....

a)

Hiji

b)

Dua

c)

Tilu

d)

Opat

e)

Lima