WorksheetsPTS Bahasa Sunda Kelas XI
Total questions: 15
Worksheet time: 15mins
Di handap ieu mangrupa susunan biantara anu bener nyaéta….
Salam pamuka, eusi, panutup, mukadimah, pangwilujeng do’a
Salam pamuka, do’a, mukadimah, eusi, pangwilujeng, panutup
Mukadimah, salam pamuka, pangwilujeng, eusi, do’a, salam panutup
Salam pamuka, pangwilujeng, mukadimah, eusi, do’a, salam panutup
Salam pamuka, mukadimah, pangwilujeng, eusi, do’a, salam panutup
“Sadaya puji kagungan Allah SWT, solawat sareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya nabi Muhammad SAW”
Kalimah di luhur mangrupa bagian tina biantara nu disebut…
Do’a
Mukadimah
Salam pamuka
Pangwilujeng
Salam panutup
Nu disebut ngandung wirahma nyaéta…
Omongan nu kudu diatur gancang kendorna jeung tarik halonna
Eusi biantara nu ditepikeun loba mangpaatna
Nyarita dina biantara kudu jelas jeung teges
Basa nu dipake dina biantara alus tur dibarengan ku gaya basa
Biantara nu ditepikeun teh kudu aktual
Aya sababaraha téhnik dina nepikeun biantara, di antarana nya éta…
Impromtu, Ékstemporan, Naskah, jeung Ngapalkeun
Impromtu, Eksempelar, Naskah, jeung Maca
Maca, Éksempelar, Impromtu, jeung Nulis
Maca, Nulis, Impromtu, jeung Ékstemporan
Impromtu, Ékstemporan, Nulis, jeung Ngapalkeun
Presiden Joko Widodo biantara di Istana Nagara, nalika poé kamerdékaan Indonésia. Anjeunna biantara ku cara maca tulisan nu diketik ku Jubirna. Présidén Jokowi ngagunakeun salah sahiji téknik biantara, nya éta…
Impromtu
Ngapalkeun
Ékstemporan
Bener kabeh
Naskah
1) ngucapkeun salam
2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar
3) ngucapkeun sukur ka allah
4) medar tema nu rek ditepikeun
5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping
sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...
1-2-3
2-3-4
1-3-5
3-4-5
Sisindiran asal kecapna tina sindir, hartina…
Wangun puisi nu maké patokan pupuh
Omongan nu teu puguh eusina
Omongan nu teu langsung dicaritakeun maksudna
Omongan anu teu miboga makna
Omongan nu langsung dicaritakeun maksudna
Peupeujeuh ari ka Dayeuh
Meuli kupat jeung gorengan
Peupeujeuh lamun geus euweuh
Tong ngupat kagorengan
Sisindiran di luhur kaasup kana sisindiran wangun…eusina.....
Paparikan sesebred
Paparikan piwuruk
Wawangsalan
. Rarakitan piwuruk
Rarakitan silih asih
Rarakitan ciri-cirina nyaeta …
Padeukeut sora tungtungna
Sasora (murwakanti)
Teu diomongkeun maksudna
Papak/sarua hareupna
Raket sorana
..............................
..............................
Reog dongkol asli Banjar
yu riksa ku sadayana
Cangkang nu luyu pikeun ngalengkepan paparikan di luhur nyaeta.....
Tangkal jengkol ngajalajar
hoyong ngalaan buahna
jaipong seni asal ti Banjar
hayu riksa seni Sundana
Barudak keur dialajar
harusu reujeung daria
Ka pasar jeung si Bi Ipah
Inditna kana kareta
Ongkos ti Bandung nepi ka Banjar
Hargana dualas lima
Nu teu kaasup kana ciri-ciri sisindiran nyaeta...
unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang
padalisan katilu jeung kaopat disebut eusi
padalisan kahiji jeung kadua disebut cangkang
sapadana diwangun ku opat padalisan
padalisan kahiji jeung katilu disebutna cangkang
(1)Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun awak.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat.
(2) Daun kelor daun ganas,
kuciat jeung pacar keling.
Hutang motor tacan lunas,
sakilat aya nu maling.
(3)Los ka kulah los ka talun,
rek neangan bongborosan.
Insya Allah taun payun,
nepangan bade narosan.
(4) Aya lumat dina batu,
aya kuya di muara.
Sing tumut kana waktu,
di dunya ukur ngumbara.
Sisindiran anu ngandung piwuruk aya dina nomer...
(1) jeung (2)
(1) jeung(3)
(2) jeung (3)
(2) jeung (4)
(1) jeung (4)
Nu kaasup kana wangun rarakitan nyaeta...
cau naon cau naon
cau kulutuk dihiru
bau naon bau naon
bau hitut nu di juru
Sing getol nginum jajamu
nu guna nguatkeun anak
sing getol neangan elmu
nu guna dunya aherat
Ti Soreang ka Garunggang
meser bensin satalenan
sanaos arang patepang
batin tetep sasarengan
aya lumut dina batu
aya kuya di muara
kedah tumut kana waktu
di dunya urang ngumbara
peupeujeuh ari ka dayeuh
meuli kupat jeung gorengan
peupeujeuh lamun geus euweuh
ulah ngupat kagorengan
Dumasar kana watekna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta....
paparikan, rarakitan, wawangsalan
piwuruk, sésébréd, silih asih
cangkang, eusi, wangsal
wawangsalan, tatarucingan, paparikan
tatarucingan, wawangsalan, rarakitan
“Palawargi anu dipikahornat, sakumna rahayat Indonesia, dimana waé ayana, kagungan hak kanggo nampi atikan. Unggal sélér bangsa diwajibkeun diajar sarta diwajibkeun daria dina nyukcruk élmu tilembut, ngulik pangarti ti leuleutik, ngalap pangabisa ti bubudak.”
Ceuk nu biantara di luhur, urang kudu “nyukcruk élmu ti lelembut, ngulik pangarti ti leuleutik, ngalap pangabisa ti bubudak.” éta kalimah téh ngandung harti …
Kudu boga élmu
Kudu daék diajar atawa sakola
Kudu boga pangarti
Kudu boga pangabisa
Kudu jadi jalma pinter
