NEW
Font size
WorksheetsUlangan Harian Carita Wayang-Tradisi Sunda
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
1. Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebutna….
a. folklor
b. budaya
c. tradisi
d. tatakrama
e. étika
2.Ieu di handap anu henteu kaasup upacara daur hirup, nyaéta….
a. Adat nu Nyiram
b. Adat Ngariksa nu Reuneuh
c. Adat Ngariksa nu Ngajuru
d. Adat Mulasara Bali
e. Adat Nyalin
3.Ieu di handap anu henteu kaasup kana téhnik nulis karangan pedaran, nyaéta téhnik….
a. pérsuasi
b. idéntifikasi
c. ilustrasi
d. définisi
e. prosés
4.Wanda atawa tipena objék dina rangkay karangan pedaran kaasup kana bagian….
a. bubuka
b. eusi
c. panutup
d. inti
e. pamungkas
5.Sarat judul karangan pedaran nu hadé téh nyaéta saperti nu kasebut ieu di handap, kecuali….
a. Judul kudu luyu atawa relevan jeung téma atawa topik
b.Judul kudu nimbulkeun kapanasaran jalma hayang maca éta karya
c. Judul kudu singget, ulah dina wangun kalimah atawa prase panjang
d. Upama kudu nyieun judul nu panjang, ciptakeun judul utama nu singget, tuluy judul tambahan nu panjang
e. Judul kudu provokatif
6. Ieu di handap anu henteu kaasup kana warnaning wayang, nyaéta wayang….
a. golék
b. kulit
c. purwa
d. potéhi
e. prabu
7.Carita Bratayuda kaasup tina salasahiji bagian carita wayang….
a. Ramayana
b. Arjuna Sasrabahu
c. Mahabharata
d. Déwa Ruci
e. Jagal Bilawa
8.Siloka bubuka pagelaran anu dikawihkeun ku dalang dina wiwitan caritana disebutna….
a. murwa
b. nyandra
c. kakawén
d. antawacana
e. janturan
9.Anu disebut putra panengah Pandawa téh nyaéta….
a. Yudistira
b. Bima
c. Nakula
d. Arjuna
e. Sadéwa
10. Carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang disebutna….
a. wawacan
b. carita pantun
c. carita wayang
d. hikayat
e. dongéng
11. Tokoh Pandawa jeung Kurawa aya dina carita wayang….
a. Ramayana
b. Mahabharata
c. Wayang Purwa
d. Arjuna Sastrabahu
e. Angling Dharma
12.Carita wayang anu eusina nyaritakeun pangperangan antara Rama jeung Rahwana ku lantaran marebutkeun Déwi Shinta, aya dina lalakon….
a. Ramayana
b. Mahabharata
c. Wayang Purwa
d. Arjuna Sastrabahu
e. Angling Dharma
13.Bédana carita wayang vérsi India jeung Sunda diantarana saperti nu kasebut ieu di handap, iwal....
a. di Sunda aya tokoh Semar jeung anak-anakna, ari di India teu aya
b. di Sunda Dorna téh bageur tur wijaksana, ari di India pikasebeleun
c. di Sunda Drupadi téh jadi pamajikan Yudistira wungkul, ari di India poliandri
d. di Sunda Srikandi téh awéwé tulén/sajati, ari di India mah lain awéwé
e. di Sunda Gatot Kaca téh loba kacaritakeun, ari di India ngan kacaritakeun waktu lahir jeung maotna wungkul dina waktu perang Baratayuda
14.Bédana carita wayang jeung dongéng téh saperti nu kasebut ieu di handap,iwal….
a. Carita wayang mah umumna paranjang,sedeng dongéng mah parondok
b. Carita wayang mah awalna sumebarna sacara lisan,sedeng dongéng mah sacara tulisan
c. Carita wayang mah aya pangarangna, sedeng dongéng mah anonim
d. Carita wayang mah palakuna salian manusa téh aya déwa-déwi atawa manusa titisan déwa,sedengkeun dongéng mah palakuna bisa saha jeung naon waé
e. Dina carita wayang aya nu disebut wayang purwa ti pulo Jawa, wayang potéhi ti Tiongkok, wayang golék ti Jawa Barat. Dina Dongéng aya dongéng “Aladin” ti tanah Arab atawa dongéng ‘’1000 satu malam”, Di Eropa aya carita-carita Aésop, atawa ti Pasundan aya dongéng-dongéng Si Kabayan.
15.Kitab Ramayana dianggit ku….
a. Empu Tantular
b. Walmiki
c. Wiyasa
d. R.A.A. Martanagara
e. Rd. Sacadibrata
16.Kamekaran carita wayang dina kabudayaan Sunda téh nyaéta saperti nu kasebut ieu di handap,iwal….
a. carita wayang ukur pragmén tina Mahabharata jeung Ramayana
b. dipintonkeun minangka média hiburan dina pintonan wayang golék
c. caritana geus kaserepan unsur Islam
d. caritana luyu jeung galur aslina ti India
e. réa ditulis deui keur bahan bacaan
17.Ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré gambaran kana éta perkara atawa barang, disebut….
a. téhnik idéntifkasi
b. téhnik définisi
c. téhnik proses
d. téhnik klasifikasi
e. téhnik ilustrasi
18. Karangan pedaran téh lamun dina basa Indonésiana mah sarua jeung karangan….
a. déskripsi
b. narasi
c. éksposisi
d. arguméntasi
e. pérsuasif
19.Karangan pedaran lamun geus dimuat di média citak kayaning majalah jeung surat kabar disebutna….
a. carpon
b. béwara
c. iklan
d. artikel
e. biografi
20.Pokok pasualan atawa bahan nu rék ditulis/dipedar disebut….
a. rangkay karangan
b. judul
c. téma
d. tujuan
e. kacindekan
