wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Materi Carita Babad

Total questions: 10

Worksheet time: 9mins

Name
Class
Date
1.

1 Anu dimaksud carita babad téh, nyaéta ….

a)

carita anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema.

b)

carita anu eusina nyaritakeun asal-muasalna kajadian hiji tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan.

c)

carita anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah.

d)

carita anu palakuna jalma biasa.

e)

carita gaib anu patali jeung kapercayaan masarakat.

2.

2 Babad Asalna tina basa ….., anu hartina muka lahan anyar (ngababakan, nyieun lembur anyar, nyeun wilayah anyar), atawa nuar tangkal.

a)

Sunda

b)

Jawa

c)

Bali

d)

Malayu

e)

Indonesia

3.

3 Nu teu kaasup wangun tulisan dina Carita Babad nya éta …

a)

Sunda Kuno

b)

Cacarakan

c)

Pegon

d)

Latén

e)

Arab

4.

4 Carita babad nu ditulis dina wangun pupuh disebut ….

a)

Wawacan

b)

Dongéng

c)

carita pantun

d)

carita pondok

e)

guguritan

5.

5 Anu teu kaasup kana ciri carita babad nyaéta ….

a)

Ngabogaan unsur sajarah

b)

Nyaritakeun kawani, kasaktian sarta kaajaiban hiji jalma

c)

Biasana nyaritakeun kajadian peperangan jaman baheula

d)

Palakuna salian ti jalma biasana aya sasatoan

e)

Caritana panjang jeung nyaritakeun kapahlawanan

6.

6 Teu kaasup bedana Carita babad jeung dongéng?

a)

Dongéng fiksi, carita babad fakta.

b)

Dongéng ngandung unsur pamohalan, carita babad ngandung unsur sejarah.

c)

Dongéng sumebarna ku cara lisan, carita babad sumebarna ku tulisan.

d)

Dongéng wangun lancaran/puisi, carita babad wangun prosa.

e)

Dongéng wangun prosa, carita babad bisa wangun prosa atawa lancaran/ puisi.

7.

7 Struktur carita babad nya éta ...

a)

Téma, amanat, gaya basa, galur, palaku, latar.

b)

Téma, amanat, palaku,latar, galur, puseur sawangan.

c)

Amanat, palaku, galur, purwakanti, puseur sawangan.

d)

Palaku, latar, galur, tema, amanat, puseur sawangan, diksi.

e)

Latar, palaku, galur, amanat, purwakanti, gaya basa, diksi.

8.

8 Ieu di handap anu teu kaasup gambaran umum galur carita babad nyaéta ….

a)

Tokoh carita indit lalampahan (diusir, dibuang, néangan élmu, néangan jodo)

b)

Tokoh carita meunang cocoba, halangan harungan (bégal, sato galak, musibah)

c)

Tokoh carita meunang pitulung

d)

Tokoh carita hasil ngahontal pamaksudan

e)

Tokoh carita terus bubuara di pangumbaraan.

9.

9 Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita, disebut ..

a)

Latar

b)

Amanat

c)

Téma

d)

Galur

e)

Puseur sawangan.

10.

10 Baca sempalan carita babad di handap!

Kocapkeun Prabu Siliwangi geus cunduk ka Nagri Mekah. Kabeneran manéhna patepung jeung Waliyullah. Harita kénéh kongkorong béntang téh turun ti langit. Pluk murag hareupeun Waliyullah. Prabu Siliwangi ngajenghok, ceuk pikirna, ieu pisan kongkorong béntang nu ditémbongkeun ku Batara Narada dina impian téh. Basa rék dicokot, éta kongkorong téh geus dicokot mantén ku Waliyullah.

(Dicutat tina buku cahara Basa)

Kalimat anu ngandung unsur dongéng tina sempalan carita babad di luhur nyaéta ….

a)

Kocapkeun Prabu Siliwangi geus cunduk ka Nagri Mekah.

b)

Kabeneran manéhna patepung jeung Waliyullah.

c)

Harita kénéh kongkorong béntang téh turun ti langit.

d)

Prabu Siliwangi ngajenghok, ceuk pikirna, ieu pisan kongkorong béntang nu ditémbongkeun ku Batara Narada dina impian téh.

e)

Basa rék dicokot, éta kongkorong téh geus dicokot mantén ku Waliyullah