wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Laporan Kagiatan

Total questions: 20

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

Laporan kagiatan anu ditulisna make struktur anu kaku, biasana aya dina...

a)

makalah

b)

koran

c)

berita TV

d)

siaran radio

e)

you tube

2.

Anu dimaksud laporan kagiatan nyaéta....

a)

ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, atawa hal naon waé nu geus kaalaman atawa kalaksanakeun

b)

ringkesan ngeunaan hiji matéri anu geus diajarkeun

c)

ringkesan ngeunaan anggaran salah sahiji kagiatn anu geus dilaksanakeun

d)

ringkesan ngeunaan hiji kagiatan anu rék dilaksanakeun

e)

laporan lalampahan

3.

Ditilik tina eusina, laporan téh aya tilu rupa nyaéta....

a)

laporan kagiatan, laporan keuangan, laporan eusi

b)

laporan kagiatan, laporan keuangan, laporan pamilon kagiatan

c)

laporan kagiatan, laporan keuangan, laporan jurnalistik

d)

laporan keuangan, laporan jurnalistik, laporan lalampahan

e)

laporan jurnalistik, laporan keuangan, laporan lisan

4.

Laporan kagiatan téh biasana ditulis dina wangun ….

a)

Sistematis

b)

Semiformal

c)

Formal

d)

Informal

e)

Bebas

5.

Salah sahiji mangpaat laporan kagiatan téh nya éta pikeun pertanggungawaban ka pihak nu patali jeung kagiatan atawa biasa disebut minangka ….

a)

bukti

b)

arsip

c)

rarancang gawé nu bakal datang

d)

pamilon kagiatan

e)

bahan evaluasi

6.

Jumlah nu miluan dina ieu kagiatan téh 255 urang (250 urang siswa jeung 5 urang guru pangaping)

kalimah di luhur kaasup struktur laporan kagiatan anu nandakeun......

a)

Waktu kagiatan

b)

Tujuan

c)

Kasang tukang kagiatan

d)

Waragad

e)

pamilon

7.

Waragad ieu kagiatan téh tina iuran para siswa anu gedéna Rp. 75.000,- saurangna, jeung dana bantuan ti sakola. Eta waragad téh digunakeun pikeun transportasi, mayar karcis di lokasi, jeung konsumsi.

kalimah di luhur kaasup struktur laporan kagiatan anu nandakeun......

a)

tujuan

b)

kasang tukang

c)

waragad

d)

pamilon

e)

waktu kagiatan

8.

Ieu Wisata Budaya diayakeun sangkan para siswa wanoh kana adat kabiasaan di Kampung Naga sarta para siswa bisa ngajénan kana budaya nu hirup di eta wewengkon.

a)

tujuan

b)

pamilon

c)

waragad

d)

waktu kagiatan

e)

panutup

9.

Ieu kagiatan teh dilakukeun ku sakumna siswa ti unggal kelas jeung jurusan, kalayan wawakil anu kadaptar pikeun unggal kelompok ti unggal kelas jumlahna aya 60 urang.

Kalimah di luhur mangrupa conto dadaran .... laporan kagiatan.

a)

Bubuka

b)

Waragad

c)

Hasil Kagiatan

d)

Pamilon

e)

Panutup

10.

Naon anu dimaksud kasang tukang dina nulis laporan kagiatan?

a)

kasang tukang mangrupa waktu jeung tempat kagiatan

b)

kasang tukang mangrupa alesan naha éta kagiatan perlu dilaksanakeun

c)

kasang tukang mangrupa simpulan tina sakabéh eusi kagiatan

d)

kasang tukang mangrupa eusi nu ngébréhkeun panutup

11.

1. Kacindekan

2. Saran

3. kasang tukang

4. Maksud jeung Tujuan

5. Hasil Kagiatan

6. Panata Calagara

7. Pamilon

8. Sasaran Kagiatan

9. waktu jeung tempat

10. ngaran kagiatan


nu kaasup kana bagéan bubuka dina laporan kagiatan nyaéta...

a)

(1), (2), (3)

b)

(3), (4), (10)

c)

(2), (3), (4)

d)

(5), (6), (7)

12.

Bagian waragad dina laporan kagiatan mangrupa....

a)

dadaran ngeunaan marga lantaran diayakeunna kagiatan

b)

dadaran iraha jeung dimana dilakukeunna kagiatan

c)

dadaran ngeunaan jumlah jalama anu ngilu kagiatan

d)

dadaran ngeunaan jumlah biaya anu dikaluarkeun nalika lumangsungna kagiatan

e)

dadaran ngeunaan runtuyan acara sarta saha anu ngeusianna, diperelekeun luyu jeung prak-prakanana.

13.

Bagian anu ngajéntrékeun ngeunaan naha bet nyieun éta kagiatan disebut ...

a)

Identitas kagiatan

b)

Sajarah kagiatan

c)

Kasang tukang kagiatan

d)

Proses kagiatan

14.

Anu dimaksud "pamilon" dina laporan kagiatan nyaeta .....

a)

Peserta

b)

Biaya

c)

Panitia

d)

Tujuan

e)

Latar belakang

15.

Anu dimaksud "waragad" dina laporan kagiatan nyaeta .....

a)

Peserta

b)

Biaya

c)

Panitia

d)

Tujuan

e)

Latar belakang

16.

Anu teu kaasup hal anu kudu diperhatikan dina nyusun laporan, nyaeta .... (teu kaasup = yang tidak termasuk)

a)

Tangtukeun maksud jeung tujuan laporan

b)

Tangtukeun tempat jeung waktu kagiatan

c)

Alat dina prosés ngumpulkeun data (ngarékam patarosan jeung saterusna)

d)

Laporan kudu subjektif jeung maké basa anu mernah

e)

Ngayakeun survéy atawa kunjungan awal, misal: nanyakeun kasadiaan pihak anu bakal diwawancara

17.

Anu teu kaasup fungsi nulis laporan kagiatan nyaeta .... (teu kaasup = tidak termasuk)

a)

Alat pikeun nepikeun informasi

b)

Dokumén pikeun bahan ulikan keur anu merlukeun.

c)

Alat keur pamingpin ngalakonan fungsi pangawasan

d)

Sumber pangalaman keur batur

e)

Keur arsip pribadi

18.

Anu teu kaasup lengkah lengkah nyieun rarancang laporan nyaeta .... (teu kaasup = tidak termasuk)

a)

Tangtukeun jeung identifikasi kasang tukangna ngalaksanakeun eta kagiatan

b)

Identifikasi kajadian-kajadian penting nu kalakonan salila ngalaksanakeun eta kagiantan

c)

Identifikasi saha wae pamilon na

d)

Siapkeun data-data pangrojong, misalna poto, daptar pamilon, jadwal kagiatan, jeung sajabana

e)

Tangtukeun jeung identifikasi tujuan atawa maksud ngalaksankeun eta kagiatan

19.

"Latar belakang" dina laporan kagiatan disebut oge .....

a)

Waragad

b)

Panata calagara

c)

Pamilon

d)

Kasang tukang

e)

Kacindekan

20.

"Simpulan" dina laporan kagiatan disebut oge .....

a)

Waragad

b)

Panata calagara

c)

Pamilon

d)

Kasang tukang

e)

Kacindekan