wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN HARIAN 2 B SUNDA KELAS 7

Total questions: 15

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.
Pupujian téh nyaéta salahsahiji hasil karya sastra Sunda dina wangun....
a)
Puisi (ugeran)
b)
Pantun
c)
Wawacan
d)
Guguritan
2.
Wangun jeung eusi pupujian nyoko kana ajaran agama ...
a)
Hindu
b)
Konghucu
c)
Islam
d)
Protestan
3.
Pupujian téh kauger (dibatasi) kunaon, iwal...
a)
Purwakanti
b)
Pada
c)
Padalisan
d)
Engang
4.
Ngagalindeungkeun pupujian téh disebutna...
a)
Hotaman
b)
Nyinden
c)
Nyanyi
d)
Nadoman
5.
“Padeukeut atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah” nyaéta harti tina...
a)
Jejer
b)
Rumpaka
c)
Purwakanti
d)
Engang
6.
Ngagalindeungkeun pupujian biasa dilakuken dina acara, iwal...
a)
Hajatan
b)
Muludan
c)
Samen
d)
Rajaban
7.
Tempat ngagalindeungkeun pupujian nyaéta...
a)
Vihara
b)
Pura
c)
Gereja
d)
Masjid
8.
“Padeukeut atawa saruana sora anu ngajajar kagigir dina padalisan” disebut...
a)
Purwakanti runtuyan
b)
Purwakanti rantayan
c)
Purwakanti guru swara
d)
Purwakanti guru basa
9.

Dupi sadayana cai

Nu sok dianggo susuci

Eta aya tujuh rupi

Walungan anu kahiji


Dina rumpaka pupujian diluhur padalisan katilu nyaéta...

a)

Walungan anu kahiji

b)

Nu sok dianggo susuci

c)

Dupi sadayana cai

d)

Eta aya tujuh rupi

10.
Anu dimaksud ngarobah wangun ugeran (puisi) kana wangunan lancaran (prosa) nyaéta...
a)
Nyusun parafrase
b)
Nyusun paragraf
c)
Nyusun puisi
d)
Nyusun prosa
11.
Sapada dina wangun pupujian di wangun ku sabaraha padalisan...
a)
Dua
b)
Opat
c)
Genep
d)
Dalapan
12.
Pesen pangarang anu karasa ku nu maca pupujian, istilahna disebut...
a)
Jejer
b)
Nada jeung suasana
c)
Amanat
d)
Rasa
13.
Pupujian kapanggih lamun anu nadomkeunana ngajiwaan eta eusi pupujian, istilahna disebut...
a)
Jejer
b)
Nada jeung suasana
c)
Amanat
d)
Rasa
14.
Sikep pangarang ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu macana, istilahna teh sok disebut...
a)
Jejer
b)
Nada jeung suasana
c)
Amanat
d)
Rasa
15.
Dihandap ieu anu lain tujuan pupujian nyaéta...
a)
Sajarah para Kiyai
b)
Sajarah nabi jeung rosul
c)
Du’a
d)
Ajaran agama