NEW
Font size
WorksheetsBasa Sunda Kelas 7
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Obrolan silih témpas antara dua urang atawa leuwih disebut....
Monolog
Paguneman
Dongéng
Biantara
Paguneman téh dilakukeun ku ....
Sorangan bari sorana bedas
Duaan tapi nu ngomongna saurang
Duaan atawa leuwih bari silih témpas
Sorangan bari sorana teu kadéngé ku batur
Hal nu kudu diperhatikeun lamun keur lumasungna paguneman, iwal....
Ngaregepkeun nu keur nyarita kudu daria
Henteu motong kalimah atawa ngaganggu omongan batur
Sorana haharéwosan, teu kadéngé ku batur
Sorana béntés, tétéla, wajar
Cara ménta idin saupama hidep rék kaluar kelas hadéna....
Cumarita langsung tina bangku ku sora nu tarik, sangkan kakuping ku guru
Nangtung heula terus ménta idin ka guru nu keur ngajar
Nyampeurkeun ka guru karék nepikeun maksud ménta idin
Langsung kaluar ti kelas, ka guru cukup unggeuk
Naon nu dimaksud tatakrama basa Sunda téh....
Aturan sopan santun ngagunakeun basa
Keur ngabéda-bédakeun jelema
Keur ngabédakeun dumasar pangkatna
Keur ngabédakeun dumasar statusna
Lamun dina nyarita urang teu maké tatakrama basa hartina....
Sopan
Henteu sopan
Biasa waé
Henteu nanaon, bebas
Fungsina ngagunakeun tatakrama basa nalika keur ngomong jeung batur pikeun....
Ngarendahkeun jalma
Ngabédakeun jalma
Silih moyokan
Silih hormat jeung silih ajénan
"Abdi neda, bapa ......"
Kecap tatakrama basa anu bener pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta....
Nyatu
Emam
Dahar
Tuang
".... abdi mah di Jalan Gegerkalong"
Kecap tatakrama basa anu bener pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta....
Bumi
Rorompok
Imah
Rumah
"Ibu .... cau ti kebon"
Kecap tatakrama basa anu bener pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta....
Bawa
Mawa
Ngabantun
Nyandak
"Abdi mios ka sakola, bapa ..... ka kantor"
Kecap tatakrama basa anu bener pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta....
Pergi
Angkat
Indit
Wangsul
Kamonésan anu mindeng dilakukeun ku barudak dina mangsa keur rinéh, disebut....
Kaulinan barudak
Heuheureuyan barudak
Kamampuh barudak
Kakawihan barudak
Kaulinan barudak lalaki nyaéta, iwal....
Gatrik
Langlayangan
Ngadu kaléci
anjang-anjangan
Kaulinan anu teu biasa dipaénkeun ku awéwé nyaéta....
Sondah
Béklen
Simar
Kolécér
Kaulinan barudak anu dibarung ku kakawihan, iwal....
Oray-orayan
Cingciripit
Slepdur
Boyboyan
Kaulinan barudak anu henteu dibarung ku kakawihan, iwal...
Congklak
Paciwit-ciwit lutung
Simar
Gatrik
Ngaran kaulinan barudak di luhur nyaéta....
Jajangkungan
Boy-boyan
Damdaman
Kobak
Ngaran kaulinan barudak di luhur nyaéta....
Slépdur
Oray-orayan
Ucing-ucingan
Hahayaman
Ieu di handap conto gambar kaulinan barudak congklak nyaéta....
Ngaran kaulinan barudak di luhur nyaéta....
Éncrak
Sapintrong
Simar
Sondah
