wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Asesmen Harian Dongeng Sunda

Total questions: 20

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

karya sastra anu nyaritakeun rekaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan. Pamohalan sarua hartina jeung...

a)

kanyataan

b)

kajadian

c)

lalakon

d)

mustahil

2.

Minangka carita, dongeng teh ngandung unsur...

a)

Palaku, galur carita, gaya basa

b)

Palaku, gaya basa, jeung suasana

c)

Palaku, galur carita, jeung latar

d)

Galur carita jeung suasana

3.

Ieu di handap kaasup kana conto dongeng sasakala nyaeta . . . .

a)

b)

c)

d)

4.

Ieu di handap conto-conto unsur pamohalan dina dongeng, iwal...

a)

jalma bisa komunikasi jeung mahluk goib

b)

sasatoan bisa ngomong

c)

parahu bisa robah jadi gunung

d)

nu beunghar sok nyiksa nu sangsara

5.

Dongeng Si Kabayan teh kaasup kana jenis dongeng . . . .

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Sasakala

d)

Sage

6.

Dongeng Nyi Roro Kidul anu sumebar di masarakat basisir kidul kaasup kana jenis dongeng . . . .

a)

Fabel

b)

Sasakala

c)

Sage

d)

Mitos

7.

Unsur intrinsik dongeng anu ngajelaskeun jalan carita dongeng disebut . . . .

a)

Jejer

b)

Amanat

c)

Alur

d)

Palaku

8.

di handap ieu nu mangrupakeun ciri-ciri dongeng nyaeta....

a)

caritana panjang pisan

b)

dijieun ku urang luar

c)

sumebarna sacara lisan

d)

aya gambar dina masing-masing tema

9.

anu disebut dongeng fabel nyaeta....

a)

dongeng anu nyaritakeun asal usul kajadian tempat

b)

dongeng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan

c)

dongeng nu nyaritakeun kahirupan jalma biasa

d)

dongeng anu nyaritakeun mahluk hirup ciptaan bangsaning jurig

10.

dongeng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat nyaeta....

a)

legenda

b)

fabel

c)

parabel

d)

mitos

11.

dongeng nu nyaritakeun sagala rupa unsur sajarah nyaeta....

a)

fabel

b)

sage

c)

parabel

d)

legenda

12.

tema/jejer carita nyaeta....

a)

runtuyan kajadian anu patalina antara kajadian nu hiji jeung nu sejenna

b)

tokoh-tokoh nu aya dina carita dongeng

c)

carita anu jadi panutup hiji paragraf

d)

poko pasu'alan atawa ide nu hayang di tepikeun ku pangarangna

13.

Monyét jeung kuya ngala cabé ka kebon Pa Tani. Monyét buru-buru ngahakan cabé anu geus beureum. Monyét ladaeun, terus ngucap, seuhah... lata, ... lata,... lata. Pa Tani kaluar tina saung, Monyét lumpat sedengkeun kuya katéwak, sabab lumpatna boyot.

Geus kitu, kuya ku Pa Tani dikurungan, cenah isukna rék dipeuncit. Peutingna monyét ngadatangan kuya. Kuya nyaritakeun ka monyét yén manéhna rék dikawinkeun ka anak Pa Tani. Monyét kabitaeun, tuluy manéhna ménta nukeuran ka kuya. Si sakadang kuya ka luar tuluy sakadang monyét asup ka jero kurung.

Naon judul dongeng anu cocok pikeun dongeng di luhur?

a)

Monyét jeung Cabé

b)

Monyét jeung Kuya Ngala Cabé

c)

Monyét gelut jeung kuya

d)

Ngala Cabé

14.

Carita rekaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan disebut oge ...

a)

Pupujian

b)

Sajak

c)

Legenda

d)

Dongeng

15.

dongeng anu eusina nyaritakeun kapercayaan, perkara hal goib disebut...

a)

mite

b)

fabel

c)

parabel

d)

sage

16.

Dongeng "Sasakala Gunung Tangkuban Parahu" asalna ti daerah...

a)

Bogor

b)

Bandung

c)

Garut

d)

Ciamis

17.

Naon tujuan utama tina dongeng?

a)

Ngajarkeun cara masak anu bener.

b)

Ngajar nilai-nilai moral sareng budaya.

c)

Mere hiburan pikeun barudak.

d)

Ngabagi carita ngeunaan kahirupan sato.

18.

Naon anu dimaksud ku 'alur' dina dongeng?

a)

Runtuyan kajadian dina dongeng.

b)

Pesan moral anu disampeurkeun dina dongeng.

c)

Tempat di mana dongeng berlangsung.

d)

Runtuyan karakter dina dongeng.

19.

unggal daerah boga dongeng anu aya hubunganna jeung tempat atawa kapercayaan daerahna. eta sababna dongeng mangrupa bagian tina folklore atawa...

a)

A. carita batur

b)

B. carita daerah

c)

C. carita rakyat

d)

D. carita bohong

20.

Sipat tokoh Nyi Endit dalam dongeng sasakala "Situ Bagendit"

a)

welas asih (pengasih)

b)

Berehan (pemurah)

c)

Pedit (kikir)

d)

Ngedul (malas)