Font size
WorksheetsPTS BAHASA SUNDA KELAS VII
Total questions: 25
Worksheet time: 2hrs 5mins
Santi : "Nepangkeun nami abdi Santi. Kumaha damang?"
Eusi : "_____________________"
Pikeun nyalengkeupan paguneman di luhur nyaèta
cageur
gering
Alhamdulillah pangèstu
wilujeng
Nu kaasup huruf Vokal dina Basa Sunda nyaèta ...
è, a, i, u, o
a, i, u, eu, o
è, a, u, i, o, eu
u, a, i, è, o, eu, e
Cara nulis angka 1968 dina kalimah anu ngagunakeun Basa Sunda anu bener nyaèta ...
Hiji Salapan Genap Dalapan
Sarebu Salapan Ratus Genep Puluh dalapan
Saribu Salapan Puluh Genep Dalapan
Saribu Salapan Ratus Genep Dalapan
Lamun urang ngobrol jeung babaturan saumur biasana sok ngagunakeun basa ...
lemes
hormat
hormat pisan
loma
Kecap anu ngandung vokal è nu hartina kalah dina Bahasa Indonesia aya dina kecap ...
èlèh
euleuh
eleuh
eleh
Asep : "Badè angkat ka mana, Pa?"
Pa Dudung : "_______________"
Pikeun nyalengkepan paguneman di luhur nyaèta ...
Haturnuhun
Badè mios ka Surabaya
Kadè sing atos-atos di jalan
Wilujeng ènjing
Putin : Sampurasun
Jokowi : ........
Putin : Kumaha damang Pak Jokowi?
Jokowi: Pangèstu, Mr. Putin. Di Rusia nuju usum halodo nya?
Jawaban pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaèta...
mangga
punten
rampès
sampurasun
Kalimah di handap ieu nu makè bahasa lemes nu bener, nyaèta...
kuring indit ka sakola
Tèh Dina badè angkat ka Bandung
antosan sakedap, abdi dahar heula
Mamah diuk gigireun Bapa
Pipit : ” punten !”.
Otin : . . .
Pipit : ” Dupi ifadah aya kitu ? ”.
Otin : ” Ifadah teh kaleureusan nuju dipiwarang ku ema. Bade aya naon kitu ? ”.
Keur ngalengkepan paguneuman di luhur anu tepat nyaèta ...
” mangga!”
” monggo! ”
” ya! ”
” yoi!”
Mang Utas : “Lo.. Kadieu sakeudeung, urang ngopi heula!”
Si Alo : “Aèh.. sugan tèh saha, meuni pangling ari diharudung sarung mah.”
Mang Utas : “Puguh Lo, amang tèh kabulusan, geus saminggu ieu di lembur urang mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis. Amang mah asa di Kutub, Lo.”
Tokoh paguneman di luhur, nya èta...
Hawa lembur nu tiis
Liburan ka kutub
Nginum kopi
Mang Utas jeung si Alo
Baca Sempalan paguneman ieu di handap!
Ahmad : “Wan, urang lalajo Persib di imah urang, yu!”
Irwan : “Hayu, ajak atuh nu sejen, urang lalajo bareng.”
Ahmad : “Kumaha mun ngajak Engkus jeung Nanang?”
Irwan : “Enya atuh, di-sms we..”
Sempalan paguneman di luhur teh ngagunakeun basa...
Kasar
Lemes
Hormat
Loma
Dedeh : “Assalamualaikum.”
Udin : “Wa’alaikumsalam.”
Dedeh : “Ieu Dedeh, punten badè tumaros, dinten
kamari aya tugas?”
Udin : “Oh muhun.. aya tugas Basa Sunda. Ku naon
atuh kamari teu sakola, Deh?”
Dedeh : “............”
Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan paguneman di luhur, nya èta...
"hayu atuh urang ngerjakeun isukan"
"muhun sakedap deui dugi"
"kamari teh abdi udur, nyeri patuangan. Janten teu sakola"
"kedah ngerjakeun naon PR bahasa Sunda teh?"
di handap ieu anu mangrupakeun tatakrama ngalakukeun paguneman, nyaeta...
mun batur nyarita, urang kudu motong caritaan batur
teu kudu nyambung jeung jejer/tema
sora kudu haharewosan
sora kudu jelas, ulah haharewosan
Kalimah ieu di handap nu make tatakrama basa nu merenah, nyaeta...
Abdi mah parantos tuang
Terang henteu kamari aya supa di kebon
Pa Usman nembè sumping ti Jakarta
Pa Angga wangsul ti payun
Bu Aul sareng guru nu lain nuju rapat sareng kepala sekolah. dina kaayaan ieu bahasa anu kos kumaha anu bisa dipake ku bu Aul ?
Bahasa kasar
Bahasa hormat
Bahasa loma
bahasa loma jeung hormat
Andrew : "Eh Ramdan badè kamana? geuning tos tiasa kana motor nya"
Ramdan : "Eh Andrew ieu badè ka payun mèsèr satè, enya tos tiasa sabulan kamari diajarkeun ku aa abdi"
dimana obrolan Andrew jeung Ramdan lumangsung...
Di jalan
Di Sakola
Di Imah
Di tukang sate
Wawang : “Nepangkeun, Ibu. Wasta abdi Wawang réréncangan Mira.” Kaleresan bénten SD. Janten nembéan ameng ka dieu.”
Ambu Mira : “Ohhh, paingan atuh, asa nembé ningal. Bingah pisan, Mbu tiasa tepang. Mir, ieu aya Néng Wawang.”
Paguneman di luhur conto paguneman...
Ngawanohkeun (ngenalkeun) diri
Amitan
Ngahununkeun
Menta Hampura
Tatakrama basa sunda diwangun ku …….
Basa kasar jeung basa sedeng
Basa kasar pisan, basa kasar, jeung sedeng
Basa kasar, basa loma, basa lemes/hormat
basa sedeng jeung lemes
Kuring kakara balik ti sakola
Di robah jadi ragam basa sedeng
Abdi nembe mulih ti sakola
Abdi kakara mulih ti sakola
abdi nembe wangsul ti sakola
abdi nembe mulang ti sakola
Mana urutan anu bener dina undak usuk basa na ….
balik
mulih
wangsul
balik
uih
wangsul
balik
wangsul
mulih
balik
wangsul
mulang
Badru: “Punten, Ceu Romlah abdi ....... céngék saparapat.”
Ceu Romlah: “Mangga, badé ngagaleuh naon deui?”
Mésér
Meuli
Nyandak
Ngagaleuh
“Manéh mawa pulpen dua teu? Urang poho teu ......”
nyandak
ngabantun
mawa
kacandak
“Abdi mah parantos.........., mangga atuh bapa ibu gera tuang bilih sanguna kabujeng tiis”.
neda
nyatu
emam
dahar
“Wangsul ti Bandung abdi téh Kang Badru.”
Kecap wangsul sarua hartina jeung …
balik
indit
datang
sumping
