wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PENILAIAN AKHIR SEMESTER BASA SUNDA KELAS 5

Total questions: 30

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Kaulinan anu niru-niru jalma nu keur ngagotong jalma atawa barang make jampana, nyaeta......

a)

sondah

b)

galah

c)

jajampanaan

d)

tatarucingan

2.

Di handap ieu, anu teu kaasaup kaulinan barudak, nyaeta.....

a)

kukudaan

b)

ucing patung

c)

sisindiran

d)

sasalimpetan

3.

Kecap barang anu aya di jero imah, nyaeta......

a)

bor

b)

lampu lalu lintas

c)

katel

d)

televisi

4.

Kecap barang anu kaasup sesebutan jalma, contona nyaeta...

a)

tentara

b)

sireum

c)

hawu

d)

dus

5.

Ani keur metik........di pakarangan imah.

a)

bumi

b)

dus

c)

kembang

d)

korsi

6.

Kalimah pangajak anu bener, nyaeta......

a)

urang ulin ucung sumput yu?

b)

urang ulin ucing sumput yu.

c)

urang ulin ucing sumput yu!

d)

urang ulin ucing sumput yu/

7.

Di Tasikmlaya, Jawa Barat, aya kacamatan nu disebut Rajapolah. Eta kacamatan teh kasohor ku......

a)

dodol

b)

domba

c)

karajian

d)

tahu

8.

Jeung kudu.......deuih ari lulumpatan teh.

a)

ati-ati

b)

keuheul

c)

bedegong

d)

geulis

9.

Diantara dulur-dulurna, Neni teh..........nu lainna mah kudu dibejaan wae mun ulangan teh.

a)

pangbageurna

b)

pangpinterna

c)

panggancangna

d)

pangpendekna

10.

Jarak imah Rudi ka sakola teh.....

a)

pangsonagarna

b)

pangwanterna

c)

pangjagjagna

d)

pangjauhna

11.

Tanda baca anu dipake pikeun nuduhkeun pananya, nyaeta.....

a)

.

b)

,

c)

!

d)

?

12.

Tanda baca anu merenah, pikeun kalimah ieu, nyaeta....

"Memeh indit ka sakola, Nunu babacaan heula"

a)

.

b)

,

c)

?

d)

!

13.

Ari Doni......bumina?

a)

saha

b)

di mana

c)

iraha

d)

kamana

14.

Kecap pananya pikeun nanyakeun sabab, nyaeta.....

a)

ku naon

b)

ka mana

c)

saha

d)

naon

15.

He barudak kudu hirup rempug jukung,

jeung babatura ngahiji,

samiuk jeung dulur-dulur,

teu binarung goreng pikir,

komo bari olo-olo,

Cutatan guguritan di luhur nyeta.....

a)

magatru

b)

sinom

c)

kinanti

d)

maskumambang

16.

Sajajar dina sapada disebutna...

a)

pada

b)

sapada

c)

sapadalisan

d)

lisan

17.

Katangtuan sora vokal dina engang panungtung unggal padalisan, disebutna.....

a)

guru lagu

b)

guru wilangan

c)

guru juru

d)

guru sakola

18.

Jumlah guru wilangan dina cutatan pupuh di handap, nyaeta....

"Urang kudu boga sobat dalit"

a)

8

b)

9

c)

10

d)

11

19.

Guru lagu dina cutatan pupuh di handap, nyaeta....

"Sastra Sunda teh kagolong karya seni"

a)

a

b)

i

c)

u

d)

o

20.

Pintonan anu ngigelkeun sabangsa boneka tina kai, nyaeta.....

a)

pantun

b)

dongeng

c)

wayang golek

d)

wayang kulit

21.

Kecap "pamali" dina bahasa Indonesia, nyaeta.....

a)

tabu

b)

sakit

c)

perut

d)

sehat

22.

Jajan tambarakan ngabalukarkeun.....

a)

nyeri padaharan

b)

nyeri panangan

c)

nyeri mastaka

d)

nyeri hate

23.

Gambar di luhur nyaeta, mangrupakeun panyakit.....

a)

rieut

b)

cacar

c)

rorombeheun

d)

turuwiseun

24.

Tanda kekenteng anu bener dipake dina kalimah ieu di handap, iwal....

a)

"Mun geus karumpul," saur Emang.

b)

Buku anu dibaca teh judulna "Sastra Sunda".

c)

"Ceuk ema," gera indit sakola.

d)

Ceuk indungna, "Kade sing ati-ati".

25.

Kecap saharti/sinonim anu bener nyaeta.....

a)

diuk=nangtung

b)

bodas=hideung

c)

beurang=peuting

d)

nulis=nyerat

26.

Kecap dahar saharti jeung kecap.....

a)

neda

b)

indit

c)

mios

d)

kulem

27.

Kecap sabalikna/antonim anu bener nyaeta.....

a)

mios><wangsul

b)

dahar><neda

c)

mondok><kulem

d)

nagtung><tatih

28.

Anu teu kaasup kecap sabalikna/antonim, nyaeta.....

a)

panjang><pondok

b)

pinter><bodo

c)

getol><kedul

d)

beurang><siang

29.

Rampag kendang nyaeta kasenian Sunda nu ngagunakeun waditra.....

a)

suling

b)

gamelan

c)

kendang

d)

kempul

30.

Mana kalimah anu merenah tata krama basana?

a)

Abdi angkat ka sakola

b)

Abdi mios ka sakola

c)

Bapa indit ka kantor

d)

Abdi ngagaleuh beas ka pasar