NEW
Font size
WorksheetsPTS Basa Sunda Semester 1
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Manuk dipiara ku Dodi.
Kecap dipiara hartina ....
Diingu
Diangon
Dikukut
Diasuh
Kalimah anu ngandung kecap barang nyaéta ....
Geura indit atuh!
Saha anu hayang dahar?
Téh Lina maké baju koneng
Kanyaah indung ka kuring kacida gedena
Réa masarakat anu gareuring lantaran dicoco ku reungit. Kecap gareuring maké rarangkén tengah ...
-in-
-ar-
-al-
-um-
" ... ngaranna budak anu anyar pindah sakola téh?
Kecap pananya anu merenah keur ngalengkepan éta kalimah, nyaéta ....
Iraha
Saha
Mana
Naon
Kecap anu henteu dirarangkénan tengah -in-, nyaéta ....
Tinulis
Sinatria
Binatu
Pinanggih
Tempat cicingna anak manuk dina tangkal kai, disebutna ....
Kurung
Jowok
Daun
Sayang
Anu mangrupakeun kalimah aktif di handap ieu nyaéta ....
Kuring ngetik laporan dina laptop
Baju disetrika ku bi Minah
Loték dibeuli ku Surya di warung bi Murni
Dodol ketan dijieun ku bi Mursih
Gita diajak ulin ka Ekalokasari ku lanceukna.
Kalimah di luhur mangrupa kalimah ....
Aktif
Pasif
Pagawean
Tanya
Teks lagu kanggo soal nomor 9 - 11
Sabilulungan
Sanggian: Mang Koko
Sabilulungan, urang gotong royong
Sabillulungan, urang silih rojong
Sabillungan, genteng ulah potong
Sabilulungan, persatuan tembong
Tohaga, rohaka
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
Satia, sajiwa
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
Saha anu nyiptakeun lagu "Sabilulungan" teh?
Mang Karni
Mang Koko
Asep Sunarya
Doel Sumbang
Kecap "silih rojong" ngandung harti ....
Silih akur
Silih sauyunan
Silih satia
Silih dukung
Kecap "pasalingsingan" sarua hartina jeung ....
Teu sapamadegan
Sapamadegan
Babarengan
Papasean
Conto kecap anu maké rarangkén tukang -ing- nyaéta ....
Estuning
Kersaning
Bakating
Sarupaning
Conto kecap anu maké rarangkén tukang -ning-, nyaéta ....
Mungguhing
Sabangsaning
Awaking
Bakating
Conto kecap barang anu teu nyata nyaéta ....
Baju
Jelema
Kanyaah
Gunung
Nu kaasup kalimah nu maké kecap sifat, nyaéta ....
Budak téh saré meuni lila
Wati diwedak meuni bodas
Satria resep miara ucing
Budak téh meuni judes tara seuri
Adi jeung lanceuk téh pohara geténna dina miara manukna.
Kecap geténna sarua hartina jeung ....
Bagerna
Nyaahna
Rukunna
Perhatianana
Manfaat tina persatuan jeung kesatuan téh nyaéta ....
Hirup jadi damai
Hirup jadi teu tengtrem
Hirup babarengan
Hirup sauyunan
Mudah-mudahan hidep pinanggih jeung kabagjaan.
Pinanggih asal kecapna tina ....
Papanggih
Panggih
Paparanggih
Manggih
Kecap Bhineka Tunggal Ika hartina ...
Rupa-rupa tur béda-béda, tapi tetep tunggal ngahiji
Loba, tapi tetep ngahiji
Loba, tapi parasea
Rupa-rupa jeung teu akur
Anggara keur newak hayam di buruan.
Anu mangrupakeun jejer dina kalimah di luhur nyaéta ....
Hayam
Keur newak
Anggara
Di buruan
Reni mah keur geulis teh someah.
Someah sarua hartina jeung ....
Bageur
Akur
Judes
Akuan sarta amis budi
Kuring keur ... duit tabungan nu barudak.
Kecap anu mérénah pikeun titik-titik di luhur nyéta ....
Ngitung
Nulis
Maca
Nyumputkeun
Indonesia kaasup nagara anu wilayahna lega, ti tungtung kulon Sabang nepi ka tungtung ... Merauké.
Kulon
Kidul
Wétan
Kalér
Pikeun ngalarapkeun kecap tohaga nu luyu, aya dina kalimah ....
Manéhna mah mani tohaga pisan ari ka sakola téh.
Imahna Jang Juned mani tohaga.
Ipan mah tanagana mani tohaga.
Ibu mayang ngagaleuh jeruk mani tohaga
Conto kecap pagawéan nyaéta ....
Nangtung, meja jeung diuk
Indit, mandi jeung geuring
sagala, loba jeung diajar
Maca, diajar jeung nulis
