wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PENILAIAN HARIAN BASA SUNDA Tema 4

Total questions: 10

Worksheet time: 3hrs 30mins

Name
Class
Date
1.

Jenis pakasaban ieu ngahasilkeun béas, sayuran, jeung bubuahan. Hasilna jadi sumber kadaharan nu terus dijual di warung, toko, atawa di supermarkét. Jenis pakasaban nu dimaksud nyaéta …

4 lines
2.

Urang ngarasa aman jeung tingtrim lantaran aya jenis pakasaban ieu. Biasana urang sok ningali jenis pakasaban ieu di jalan pikeun ngatur lalu lintas. Jenis pakasaban nu dimaksud nyaéta …

4 lines
3.

Pakasaban ieu tugasna ngubaran nu gering, jenis pakasaban nu dimaksud nyaéta…

4 lines
4.

Mak Iyam keur (sapu)…. di buruan. Kecap rajékan dwipurwa nu merenah keur ngeusian lolongkrang nyaéta…

4 lines
5.

Si Rian (gideug)….waé ditawaran emameun téh. Kecap rajékan dwipurwa nu merenah keur ngeusian lolongkrang nyaéta…

4 lines
6.

Sebutkeun 3 jenis pagawéan nu ngahasilkeun barang!

4 lines
7.

Sebutkeun 3 jenis pagawéan nu ngahasilkeun jasa!

4 lines
8.

Jieun kalimah wawaran nu nétélakeun “hidep sono ka sakola”!

4 lines
9.

Jieun kalimah wawaran nu nétélakeun “hidep ngimpi jadi artis”!

4 lines
10.

“Abong keneh geus beunghar, teu maliré ka batur, mani gedé hulu”. Jelaskeun harti tina babasan “gedé hulu”!

4 lines