Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS 1 BAHASA SUNDA KELAS 7

Total questions: 40

Worksheet time: 2hrs 32mins

Name
Class
Date
1.
Paguneman asal kecapna tina....
a)
Pagu
b)
Gunem
c)
Neman
d)
Gayem
2.
Harti anu paling deukeut tina kecap paguneman nyaéta...
a)
Silih témpas
b)
Silih tampa
c)
Silih asah
d)
Silih asih
3.
Wangun kalimah nu aya dina paguneman nyaéta...
a)
Kalimah pangajak
b)
Kalimah panitah
c)
Kalimah langsung
d)
Kalimah teu langsung
4.
Tatakrama basa teh nyaéta...
a)
Aturan sopan santun makéna basa dumasar kana kalungguhan, kararaban, jeung teu aya hubungan jeung peran panyatur, pamiarsa, tur nu dicaritakeun
b)
Aturan sopan santun makéna basa dumasar kana kalucuan, kararaban, jeung teu aya hubungan jeung peran panyatur, pamiarsa, tur nu dicaritakeun
c)
Aturan sopan santun makéna basa dumasar kana kalungguhan, kaakraban, jeung aya hubungan jeung peran panyatur, pamiarsa, tur nu dicaritakeun
d)
Aturan sopan santun makéna basa dumasar kana kaluyuan, kaakraban, jeung aya hubungan jeung peran panyatur, pamiarsa, tur nu dicaritakeun
5.
 Tilu wangun tatakrama basa sunda, iwal ti...
a)
Basa lemes
b)
Basa wajar
c)
Basa kasar
d)
Basa lémés
6.
Nu kaasup kana paguneman resmi nyaéta...
a)
Sawala
b)
Sawatara
c)
Biantara
d)
Upacara
7.
Conto paguneman teu resmi nyaéta...
a)
Sawala
b)
Ngawangkong caritaan sapopoe jeung babaturan
c)
Diskusi ngeunaan bahaya narkoba
d)
Biantara
8.
Naskah karya sastra anu paling sering ngagunakeun wangun paguneman nyaéta...
a)
Drama
b)
Sajak
c)
Dongeng
d)
Kawih
9.

Basa kasar umumna dipaké keur ka...

a)

Saluhureun

b)

Sahandapeun

c)

Sapantaran

d)

Sato atawa keur ambek

10.

Ditilik tina rupa-rupa paguneman teh nyaéta...

a)

Paguneman resmi jeung paguneman teu resmi.

b)

Paguneman hiburan jeung paguneman teu hiburan

c)

Paguneman rahasia jeung paguneman teu rahasia

d)

Paguneman umum jeung paguneman teu umum

11.
Kaulinan barudak nyaéta...
a)
Mangrupa kagiatan anu henteu enya-enya
b)
Mangrupa kagiatan bari heureuy
c)
Milampah hiji pagawean pikeun ngabungahkeun haté
d)
Milampah hiji pagawean pikeun ngabungahkeun haté, boh ngalongkéwang (bolostrong) boh maké alat
12.
Kaulinan barudak anu maenkeuna kudu bari ngawih nyaéta...
a)
Ngadu kaleci
b)
Langlayangan
c)
Cingciripit
d)
Congkak
13.
Makna atawa ajén-inajén kahirupan dina kaulinan barudak, iwal...
a)
Ajén hiburan (rékréatif)
b)
Ajén olahraga (sportif)
c)
Ajén atikan karakter (disiplin, gotong royong, mandiri, kerja keras)
d)
Ajén perekonomian
14.
Kaulinan anu teu kudu maké alat nyaéta...
a)
Pepeletokan
b)
Paciwit-ciwit lutung
c)
Simar
d)
Sapintrong
15.

Ngaran kaulinan anu dina gambar teh nyaéta...

a)

Sondah

b)

Simar

c)

Sapintrong

d)

Sisiriban

16.

Ngaran kaulinan anu aya dina gambar teh disebutna...

a)

Gatrik

b)

Galah

c)

Egrang

d)

Écor

17.

Cing ciripit ... ... ...

Kacapit ku bulu paré

Bulu paré sesekeutna

Jol pa dalang mawa wayang

Jrék-jrék nong, Jrék-jrék nong.

Dihandap ieu keur ngalengkapan lirik kawih anu paling bener nyaéta...

a)

Tulang bajing kacapit

b)

Tulang hayam kacapit

c)

Tulang bangkong kacapit

d)

Tulang sakit kacapit

18.
Kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa. Disebutna kaulinan....
a)
Anjang-anjangan
b)
Sondah
c)
Congkak
d)
Egrang
19.
Kaulinan tina kai atawa awi panjang ipis nu ditengah-tengahna maké as sarta muih/muter pas katebak angin, disebutna...
a)
Papanggalan
b)
Kolécér
c)
Jajangkungan
d)
Pepeletokan
20.
Istilah “engklé tuluy ulah ngaleuwihan garis” biasana aya dina kaulinan....
a)
Anjang-anjangan
b)
Sondah
c)
Congkak
d)
Égrang
21.
Pupujian téh nyaéta salahsahiji hasil karya sastra Sunda dina wangun....
a)
Puisi (ugeran)
b)
Pantun
c)
Wawacan
d)
Guguritan
22.
Wangun jeung eusi pupujian nyoko kana ajaran agama ...
a)
Hindu
b)
Konghucu
c)
Islam
d)
Protestan
23.
Pupujian téh kauger (dibatasi) kunaon, iwal...
a)
Purwakanti
b)
Pada
c)
Padalisan
d)
Engang
24.
Ngagalindeungkeun atawa ngalagukeun pupujian téh disebutna...
a)
Hotaman
b)
Nyinden
c)
Nyanyi
d)
Nadoman
25.
“Padeukeut atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah” nyaéta harti tina...
a)
Jejer
b)
Rumpaka
c)
Purwakanti
d)
Engang
26.
“Padeukeut atawa saruana sora anu ngajajar kagigir dina padalisan” disebut...
a)
Purwakanti runtuyan
b)
Purwakanti rantayan
c)
Purwakanti guru swara
d)
Purwakanti guru basa
27.

Dupi sadayana cai

Nu sok dianggo susuci

Eta aya tujuh rupi

Walungan anu kahiji

Dina rumpaka pupujian diluhur padalisan katilu nyaéta...

a)

Walungan anu kahiji

b)

Nu sok dianggo susuci

c)

Dupi sadayana cai

d)

Eta aya tujuh rupi

28.
Anu dimaksud ngarobah wangun ugeran (puisi) kana wangunan lancaran (prosa) nyaéta...
a)
Nyusun parafrase
b)
Nyusun paragraf
c)
Nyusun puisi
d)
Nyusun prosa
29.
Sikep pangarang ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu macana, istilahna teh sok disebut...
a)
Jejer
b)
Nada jeung suasana
c)
Amanat
d)
Rasa
30.
Dihandap ieu anu lain tujuan pupujian nyaéta...
a)
Sajarah para kiyai
b)
Sajarah nabi jeung rosul
c)
Du’a
d)
Ajaran agama
31.
Sawatara tatakrama anu kudu diperhatikeun dina nuliskeun atawa nyaritakeun pangalaman, iwal ti...
a)
Teu kudu aya téma
b)
Nepikeun bubuka carita anu hadé tur matak narik
c)
Galur carita anu ngaguluyur
d)
Ngagunakeun kalimah anu jelas tur sopan
32.
Basa lempang sorangan ti peuting Udin jol ...... lumpat sabab titingalian aya nu ngolebat bodas tina tangkal, kalimah anu cocok keur ngalengkapan titik-titik diluhur nyaeta...
a)
Bereteuk
b)
Kéclak
c)
Jung
d)
Bus
33.

Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa dipapantes, tapi kudu dumasar...

a)

Kanyataan di lapangan atawa anu karasa ku urang

b)

Data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman

c)

Naon waé anu dipikaresep ku urang atawa ku batur

d)

Data anu teu nyata, anu teu kungsi katempo atawa kaalaman

34.
Ayeuna mah loba jalma anu teu boga nanaon ge sok gede hulu, arti babasan gede hulu nyaéta...
a)
Sombong
b)
Teu boga ka éra
c)
Ramah
d)
Pinter
35.
Manéhna kungsi ... geuring ripuh basa sakola di kelas 6 SD
a)
Ngalaman
b)
Pangalaman
c)
Dialaman
d)
Alam
36.
Unsur anu kudu aya dina karangan pangalaman sorangan iwal ti...
a)
Padalisan
b)
Bubuka
c)
Eusi
d)
Panutup
37.

Dina poé salasa, tanggal 06 februari 2019, kuring sakeluarga indit ka ci panas ciater bandung. Harita téh mangkatna sakitaran jam 08.00 isuk ti imah, kuring sakeluarga mangkat ka ciater naék mobil pun mamang.

Basa nepi kaditu téh sakitaran jam 11.00. Beurang éta kaayaan di ditu numayan ramé da puguh masih poé peré sakola kénéh. Réa jalma nu keur marandi cai panas, ti mimiti budak neupi ka kolot. Teu ngadagoan lila kuring ogé langsung mandi di ditu sakeluarga. Reseup pisan poko namah di ditu téh.

Kurang leuwih sakitaran jam 14.00 mandi cai panas, indung kuring ngageroan ceunah titah dahar heula babarengan, émang kuring mawa bekeul sorangan ti imah jang di purak di ditu. Salain kaluarga kuring, tangtuna di ditu ogé loba jalma anu keur naririis ogé. Teu karasa didinya téh waktu geus nunjukeun jam 15.00 soré.

Jam 15.30 kuring jeung keluarga geus siap-siap rék balik ka imah, diperjalanan kuring kasaréan tibna nakeur na mobil, teu karasa basa hudang téh tos arék nepi daeui ka imah, abdi neupi imah sakitaran jam geneup pas pisan basa rék magrib.

Judul anu cocok keur carita pangalaman diluhur nyaéta...

a)

Liburan ka cipanas ciater

b)

Mandi cai panas

c)

Botram di cipanas

d)

Ka ciater tumpak mobil mamang

38.

Dina poé salasa, tanggal 06 februari 2019, kuring sakeluarga indit ka ci panas ciater bandung. Harita téh mangkatna sakitaran jam 08.00 isuk ti imah, kuring sakeluarga mangkat ka ciater naék mobil pun mamang.

Basa nepi kaditu téh sakitaran jam 11.00. Beurang éta kaayaan di ditu numayan ramé da puguh masih poé peré sakola kénéh. Réa jalma nu keur marandi cai panas, ti mimiti budak neupi ka kolot. Teu ngadagoan lila kuring ogé langsung mandi di ditu sakeluarga. Reseup pisan poko namah di ditu téh.

Kurang leuwih sakitaran jam 14.00 mandi cai panas, indung kuring ngageroan ceunah titah dahar heula babarengan, émang kuring mawa bekeul sorangan ti imah jang di purak di ditu. Salain kaluarga kuring, tangtuna di ditu ogé loba jalma anu keur naririis ogé. Teu karasa didinya téh waktu geus nunjukeun jam 15.00 soré.

Jam 15.30 kuring jeung keluarga geus siap-siap rék balik ka imah, diperjalanan kuring kasaréan tibna nakeur na mobil, teu karasa basa hudang téh tos arék nepi daeui ka imah, abdi neupi imah sakitaran jam geneup pas pisan basa rék magrib.

Sabaraha lila perjalanan kuring ti imahna nepi ka cipanas...

a)

Tilu jam

b)

Opat jam

c)

Genep jam

d)

Dalapan jam

39.

Kaasup kana pangalaman kumaha carita diluhur...

a)

Pikabungaheun

b)

Pikalucueun

c)

Pikasediheun

d)

Pikaeraeun

40.

Kumaha kaayan di ciater basa kuring nepi diditu...

a)

Réa jalma nu keur marandi cai panas

b)

Resep loba batur

c)

Sepi pisan pas nepi ka ciater teh

d)

Loba jalma anu keur nariis