WorksheetsPAS 2020 kls 3
Total questions: 25
Worksheet time: 6hrs 15mins
Salah sahiji mangfaat mikanyaah sasatoan nyaéta ....
bakal kaurus jeung ngalobaan
awakna begang jeung loba nu paraėh
bakal punah jeung langka
Anu ka asup sato nu sok dipiara téh nyaéta ....
badak
hayam
singa
Ari ngaran kembang bawang nyaéta ....
ingwang
malati
méncénges
Ari anak kuda tėh disebutna ....
ménél
belo
cemé
Pupuh pucung
Warna warni lauk cupang tuh aralus
Cécépétna panjang
............. ......... .............. ..........
Lebar temen mun diadukeun ku urang
Kalimah anu bener keur ngalengkeupan pupuh di luhur nyaéta ....
kahandap rejeung ka luhur
kahandap rejeung ka gigir
kaluhur rejeung ka gigir
Jumlah éngang dina kecap sasatoan nyaéta ....
opat
tilu
dua
Harti kecap resik teh nyaéta ....
kotor tur bau
beresih tur éndah
barala ku runtah
Carita pengalaman
Ratna jeung Galih bungaheun pisan
Keur poé ahad tos piknik ti Pangandaran
Arulin pasir di basisir jeung naėk parahu
Pangalaman Ratna jeung Galih anu matak nineung téh nyaéta ....
piknik ka Pangandaran
maėn sasapėdahan di basisir
naėk gunung jeung emangna
Paguneman (Percakapan)
Dadang : Diding, méngbal téh jadina iraha maén na?
Diding : Ceunah mah, poé saptu soré!
Dudung : Dimana maén na, jeung jam sabraha Dang?
Dadang : Di lapang Siliwangi, jam opat maén na!
Diding : Oh kitu, alus atuh. Urang béjaan Asep jeung Maman.
Anu dicaritakeun dina paguneman di luhur nyaéta ....
jadwal méngbal
lapang Siliwangi
Asep jeung Maman
Jaka jeung Dodo badė mésér sapatu bola.
Asal parobahan kecap mésér téh nyaéta ....
meuli
pésér
mayar
Ari harti kecap goréjag tėh nyaéta ....
hudang pabeubeurang
hudang subuh-subuh
hudang kabeurangan
Ciri-ciri kaayaan usum halodo tėh diantarana
nyaéta ....
sumur pinuh ku cai
tatangkalan subur
taneuh barelah
Anu disebut usum ngijih téh nyaéta usum....
hujan
panén
halodo
Harti tina halodo entak-entakkan téh nyaéta ....
angin anu muih tarik
usum panas nu lila leuwih ti genep bulan
panasna mentrang
Sisindiran
Usum hujan di parigi
Walungan limpas caina
Loba élmu moal rugi
Bari teu susah mamawa
Eusi sisindiran di luhur téh nyaéta ....
élmu teu beurat mamawa
walungan mudal ka jalan
usum hujan di lembur
alus – gambar – kumaha – sangkan – mulas – carana
Susunan kalimah anu bener maké kecap di luhur nyaéta ....
Kumaha carana sangkan mulas gambar alus
Kumaha carana mulas sangkan gambar alus
Carana kumaha gambar alus sangkan mulas
Kapal teu tulus turun, sabab di bandara aya _______
Kecap anu mantes keur ngalengkeupan kalimah di luhur nyaéta ....
hujan girimis
halimun
angin puyuh
Anu dimaksud gotong royong téh nyaéta ....
migawé pagawéan sorangan
babarengan mereskeun pagawéan
tara migawé pagawéan
Kadaharan has ti daérah Cililin nyaéta ....
kurupuk kulit
peuyeum
kurupuk gurilem
Anu ka asup kana kecap dwi murni nyaéta ....
popoékan
gedė-gedė
diampihkeun
Sebutkeun kecap dua enggang!
Lengkeupan kalimah di handap ku parobahan kecap campur -> pacampur!
Geuning béas téh geus _______ jeung keusik.
Naon ari nu disebut usum katiga téh?
. Lengkeupan kalimat di handap maké kecap anu mantes!
Sok hariwang ari ... ... ... ... .... .... .... dordar gelap kieu tėh!
Tuliskeun kecap sabalikna tina kotor!
