NEW
Font size
WorksheetsPAS BAHASA SUNDA KELAS 8 SEMESTER 1 22/23
Total questions: 40
Worksheet time: 20mins
Rumpaka kawih ngandung unsur-unsur puisi, boh unsur lahiriah (Ékstrinsik) boh unsur batiniah (Intrinsik). Unsur lahiriah ngawengku ...
Imajinasi - simbol/lambang - nada
Musikalisasi/wirahma – nada – rasa
Tema – rasa – amanat
Imajinasi – simbol/lambang – wirahma
Ilaharna kawih sok dijieun ku juru sanggi jeung juru rumpaka. Jalma nu sok nyiptakeun mélodi lagu atawa notasi lagu, disebutna ....
juru kawih
juru rumpaka
juru sanggi
juru lagu
Gambaran nu karasa, katingali/kareungeu, sok sanajan ukur dina wangwangan (ngira-ngira). Disebutna ...
simbol
rasa
imajinasi
nada
Indonésia gemah ripah lohjinawi
alam éndah héjo ngémploh sugih mukti
subur tutuwuhan, beunghar pepelakan
daun héjo ngémploh, karaharjaan lemah cai
Sempalan kawih diluhur judulna ...
Héjo Ngémploh
Sugih Mukti
Cinta Nusa
Alam Éndah
Kawih nu judulna Cinta Nusa dina tiap padalisan di wangun ku.... padalisan.
3 padalisan
4 padalisan
5 padalisan
6 padalisan
Kang Puloh .... pare ti sawah.
tanggeuy
nogencang
ngelek
nanggung
Usum bungbuahan dimana-mana, disebutna ..
usum tigerat
usum nguyang
usum panen
usum ajra
Mawa ku rancatan, tapi ngan sabeulah, disebut
Nogencang
Tanggeuy
Panggul
Ngagotong
“Iraha Pa pepen teh bade ...?
Datang
Sumping
Indit
Mios
Susunan bagian-bagian surat nu bener,
Tujul surat, titimangsa, salam pamuka, eusi surat, salam panutup.
Titimangsa, salam pamuka,tujul surat, eusi surat, salam panutup.
Salam pamuka, tujul surat, titimangsa, eusi surat, salam panutup.
Titimangsa surat, tujul surat, salam pamuka, eusi surat, salam panutup.
Tatangkalan nutup gunung ngambah reuma
Peryoga dijaga, diraksa, diriksa
Kakayon mangpaat, sumber kahirupan bangsa
Padalisan (baris) kahiji dina kawih diluhur kuduna ..
kakayon tumuwuh subur pajangkung jangkung
tutuwuhan nutup alas bandawasa
mamala tanah ngeblak nungtun gimir ketir
sawajarna putra bangsa nu merdeka
“Alam nu ngémploh héjo, pinarengan ngarangrangan dimamana”
Jumlah éngang jeung guru lagu dina sempalan kawih diluhur, nya éta ....
19 a
20 a
19 i
20 i
Conto titimangsa surat, nya eta....
Sukabumi, 5 Desember2016
Kahatur, Nuni Naura Erdianti
Hatur nuhun pisan
Assalamualaikum wr,wb...
kahatur
Nuni Erdianti Sopian
di Nyangkokot
Babagian surat di luhur kaasup kana...
Titimangsa surat
Tujul surat
Salam pamuka
a, b, c salah
Omongan anu eusina dibalibirkeun, henteu langsung kana maksud, nya éta ...
babasaan
rarakitan
paparikan
sisindiran
Paparikan kaasup kana wangun sisindiran anu sorana padeukeut sarta murwakanti dina tungtung kecap atawa padalisan (baris). Dina paparikan tiap pada (gundug) diwangun ku...
3 padalisan
4 padalisan
5 padalisan
6 padalisan
Dina nulis warta atawa rék ngawawancara nyumponan hiji rumusan 5 W+ 1H. Pananya pikeun ngawawancara patani nu mérénah, nya éta ...
Iraha diadégkeunana ieu bangunan?
Dimana badé kerja bakti téh?
Pupuk naon nu dianggo, pa?
Resép teu diajar disakola téh?
Kalimah anu eusina méré béja atawa méré nyaho ngan teu ngabutuhkeun réspon anu mangrupa jawaban, nya éta ...
kalimah panyeluk
kalimah panaya
kalimah wawaran
kalimahsifat
baca cutatan warta di handap!
PASANGGIRI Budaya Sunda tingkat SD/MI/SMP/
Mts?SMK/MA di wilayah I Bogor lumangsung tilu poé noron, Jumaah-Ahad (28-30/5). Najan teu katembong aya pamapag ti inohong nu ti Provinsi Jawa Barat, pasinggiri ngageuleuyeung. Nembrakkeun hojah Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) nu teu rongrét-rongrét ngahurungkeun sumanget nonoman enggoning ngobyakeun budaya Sunda, saujratna, teu dijieun-jieun. Ieu pasanggiri ngawengku tujuh cabang, nyaéta pasanggiri maca sajak Sunda, maca warta, nembangkeun pupuh, nulis carpon, nulis jeung maca aksara Sunda, ngadongeng, jeung biantara.
Kagambar pisan sumanget parapamilon dina nagalaksanakeun ieu pasanggiri.
Tina warta di luhur bisa katitén, yén tujuan diayakeunana pasanggiri Budaya Sunda nya éta...
Ngahurungkeun sumanget nonoman enggoning ngobyakeun budaya Sunda
Ngahudangkeun sumanget nonoman Sunda
Ngayakeun tujuan pasanggiri Sunda
Ngalaksanakeun program BPBDK
Dina raraga mapag bulan Ramadhan, IKAPI Jawa barat, baris ngagelar (deui) Pameran Buku Islam Plus (PBPp). Nurutkeun katerangan Hj.Ikok S. Budiman, pupuhu panitia Pblptaun ieu masih keneh rék digelar di gedong Land mark Convention Hall, Jalan Braga No. 129 Bandung, ti mimiti tanggal 13 nepi ka 17 Oktober 2003. Jejer anu diasongkeun di na PBlp ayeuna; tebar buku leuwih tawadlu.
Ide poko tina cutatan warta di luhur nya éta ...
Di Jawa Barat baris ngagelar PBlp
Hj. Ikok S. Budiman pupuhu panitia PBlp
Pameran diayakeun di gedong Land mark Convention
Pameran diayakeun ping 13-17Oktober 2003
Komputer bisa dijingjing,
top waé ari hayang mah.
Wangsal tina wangun sisindiran di luhur nya éta ....
notebook
hapé
laptop
Internét
Anu mangrupa ciri-ciri sisindiran dituduhkeun ku nomer ...
1. diwangun ku opat jajar
2. unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang
3. jajaran kahiji jeung katilu mangrupa cangkang
4. jajaran kadua jeung kaopat mangrupa cangkang
5. engang panungtung jajaran kahiji kudu murwakanti jeung engang panungtungjajaran katilu
1, 2, jeung 3
1, 2, jeung 5
1, 4, jeung 5
2, 3, jeung 4
Anu mangrupa ciri-ciri wawangsalan dituduhkeun ku nomer ....
1. Diwangun ku dua jajar
2. Jajaran kahiji mangrupa cangkang, sedeng jajaran kadua mangrupa eusi
3. Jumlah engang dina unggal jajar umumna dalapan engang
4. Aya wangsal anu nyambungkeun cangkang jeung eusi
5. Engang panungtung jajaran kahiji kudu murwakanti jeung engang panungtungjajaran kadua
1, 2, jeung 3
1, 2, jeung 5
1, 4, jeung 5
2, 3, jeung 5
Teu weléh - ka sasaha - Tita - amis budi – mah 1 2 3 4 5
ramah
6
Runtuyan kecap diluhur sangkan jadi kalimah nu merenah, nya éta ...
3-4-2-1-6-5
3-5-4-2-1-6
3-4-2-5-1-6
3-6-5-1-2-4
Jalma nu husus ngaréka ungkara basa dina kawih, nya éta ...
juru kawih
juru rumpaka
juru sanggi
juru lagu
RIRIUNGAN
Ririungan urang karumpul
Meumpeung deukeut hayu rang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
Urang silih témpas silih élédan
Moal lila jeung babaturan
Hiji wanci nu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang
Eusi kawih Ririungan di luhur téh nyaritakeun naon?
Jalma nu keur kumpul ngariung
Jalma nu keur sosonoan lantaran rék papisah jauh
Jalma nu rék papisah jauh jeung dulur-dulur
Jalma nu keur ngawadul
Dina kawih aya mangrupa hiji barang atawa hal anu nyata saperti warna, kajadian alam, salian ti éta anu bisa digunakeun pikeun ngagambarkeun kahirupan atawa kaayan haté (rasa) manusa. Disebut...
Imaji
tema
wirahma
simbol/lambang
Teu honcéwang sumoréang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tega pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdika
Anu dicaritakeun dina téks di luhur nya éta …..
pajoang nu kakara mulang ti pangperangan
pajoang nu rék miang ka medan perang
pajoang nu geus taya dikieuna
pajoang nu buméla ka lemah cai
Teu honcéwang sumoréang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tega pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdika
Tekad pahlawan nu kagambar dina téks di luhur nya éta ……………
kacida gimirna enggoning nyanghareupan musuh
kacida mirisna enggoning nyanghareupan musuh
lébér wawanén enggoning nyanghareupan musuh
taya kaguam enggoning nyanghareupan musuh
Teu honcéwang sumoréang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tega pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdika
Nu kaasup kana sipat pajoang nu kagambar dina téks di luhur nya éta …
enggoning bajoang remen nandonkeun nyawa
enggoning bajoang remen mopohokeun kulawargana
enggoning bajoang henteu ménta pamulang tarima
enggoning bajoang salawasna ngorbankeun parasaan
Teu honcéwang sumoréang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tega pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdika
Usum hujan di sebut ogé usum ...
dangdarat
katiga
mamaréng
ngijih
“Iraha Pa asep Bayu téh badé .... ka SMPN 1 Cireunghasna?
Pikeun ngalengkepan kalimah diluhur maké tatakrama basa nu bénér, nya éta ...
datang
indit
mios
sumping
Rama mah ti kapungkur ogé parantos ...
tilar dunya
maot
ngantunkeun
paéh
Dina kabeungharan basa Sunda aya nu disebut pakeman basa. Pakeman basa téh rakitan atawa susunan kalimah nu matok, geus maneuh, teu meunang dirobah, teu meunang dikurangan, teu meunang dileuwihan. nu kaasup pakeman basa téh diantarana paribasa, babasan, jeung cacandran.
Kacindekan (ringkesna) tina artikel di luhur, nya éta
pakeman basa aya dina kabeungharan basa Sunda
pakeman basa téh susunan kalimah bebas
pakeman basa bisa dikurangan
pakeman basa téh meunang dileuwihan
Cara nulis tanda koma (,) nu bener, nyaeta..
Saadah, Siti. 2005. Gupay Kamelang. Tangerang: Pamulang.Unak-anik Basa Sunda. Tangerang: Pamulang.
Budiman, Yudi, 2005. Unak-anik Basa Sunda. Tangerang: Pamulang.
Herlina, Nina. 2005, tacan Kapanggih, Tangerang:Pamulang.
Saefulloh, Herlan. 2005. Tresna .
Munggaran, Tangerang: Pamulang.
1. Iy, mani pikagilaeun kitu !
2. Waktu manehna, datang kuring keur maca.
3. jadi jangjina, teu bisa dipercaya
4. Sdrk. Nuni, jalan Nyangkokot 20.
Anu bener ngagunakeun tanda koma (,) nyaeta nomer....
1,2
1,4
2,4
3,4
Alat dihandap ieu, disebut ...
Baliung
Bedog
Kampak
Pacul
Paranti ngerok kalapa disebut ...
Kukuran
Said
Lulumpang
Korang
Gambar pancarakan digigirieun naon ngarana ....
Dulang
Lulumpang
Jubleg
Boboko
Usum bungbuahan dimana-mana, disebutna ...
usum tigerat
usum nguyang
usum panen
usum ajrah
