WorksheetsPAS Bahasa Sunda Kelas 6 Hj. Siti Fatimah
Total questions: 35
Worksheet time: 2hrs 56mins
Karangan dina wangun lancaran (prosa) anu ukuranana pondok disebutna ....
dongeng
carpon
sketsa
carita wayang
Ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur carpon, nyaéta . . . .
wirahma
latar
palaku
galur
Kecap nu teu ngandung rarangken tengah, nyaéta . . . .
kumaki
barudak
laleueur
gumading
Di handap ieu nu teu ngandung kecap pananya, nyaéta . . . .
Saha nu ngarang carpon kanyaah kolot ?
Ari Wandi sakola henteu ?
Bu Lilis nuju ngawulang matematika.
Di mana Wandi téh bumina ?
"Wanda téh sakolana geus kelas VI."
Kalimah pananya anu cocog keur éta jawaban, nyaéta . . . .
Saha nu geus sakola kelas lima téh ?
Di mana Wanda téh sakolana ?
Sok kana naon Wanda téh indit sakolana?
Kelas Sabaraha Wanda téh sakolana ?
Kalimah pananya “ Iraha Bapa Sumping ti Surabaya ?” dipake pikeun nanyakeun. . . .
tempat
waktu
jalma
jumlah
Kalimah di handap ieu anu salah nulis huruf kapital, nyaéta . . . .
Dudi sakelas jeung Wandi.
Di mana bumina Pa Dédi téh?
Bapa nembé mulih ti jakarta.
Bu lilis nuju ngawulang IPA.
Di handap ieu kalimah pananya anu eusina nanyakeun kaayaan, nyaéta . . . .
Ku naon Pa Guru teu sumping ?
Kumaha damang, Pa?
Naha Budi teu sakola, nya?
Sabaraha pangaosna, Pa?
Teu saeutik bangsa deungeun anu ngahaja daratang ka Indonésia pikeun ningali . . . .
kaéndahan alam jeung budaya Nusantara
séler bangsa Indonésia
warga nagara Indonésia
jumlah pulo di Indonésia
Motto " Bhinneka Tunggal Ika" téh hartina . . . .
Bangsa Indonésia téh boga rupa-rupa sélér bangsa.
Nagara Indonésia boga rébuan pulo
Nagara Indonésia sarua jeung Nusantara
Najan rinéka tur binéka, tapi tetep hiji
Di handap ieu anu lain kalimah aktip, nyaéta . . . .
Mang Nana keur ngala buah
Bapa ngala lauk di balong
Kang Dudung meuncit hayam
Jang Adang kacugak paku
. . . .ku puyeng, Ma Icih ngagubrag .
kecap anu merenah keur ngeusian titik-titik éta kalimah, nyaéta
Aya
Lamun
Bakating
Najan
Ieu di handap anu lain seni budaya Sunda, nyaéta . . . .
Angklung
Calung
Bangréng
Tari lilin
Kasenian angklung téh dijieunna tina . . . .
kai
parunggu
awi
kuningan
Wacana anu eusina nyaritakeun ngeunaan kahirupan hiji jalma, ilaharna mah tokoh atawa inohong anu suksés dina kahirupan disebutna . . . .
otobiografi
biografi
monobiografi
bibliografi
Lanceukna Indung/Bapa urang disebutna . . . .
Bibi
Ua
Paman
Nini
Babasan bodo aléwoh hartina . . . .
bodo pisan
bodo katotoloyoh
bodo tapi daék tatanya
bodo lantaran kedul
Dihandap ieu kaasup kana kalimah paréntah, nyaéta . . . .
Punteun pangnyandakkeun buku!
Aduh, patlot abdi kakantun di rorompok.
Nuhun pisan tos dipasihan nambut, nya.
Saha nu geubis tina sapedah téh?
Anu kaasup kana kalimah panyarék, nyaéta . . . .
Mangga ka lebet, Pa !
Wan, nambut pamupus!
Muga-muga urang sadaya lulus!
Teu kénging ameng di dinya!
Kalimah anu merenah keur ngalemeuskeun " Kuring mandi isuk-isuk", nyaéta . . . .
Abdi siram énjing-énjing
Abdi siram isuk-isuk
Abdi ibak énjing-énjing
Abdi mandi énjing-énjing
Alat komunikasi anu bisa dibabawa ka mana-mana, disebutna . . . .
telepon
leptop
hp
line
Teknologi teh kudu kacanging ku urang. Kecap kacanging hartina . . . .
dicekel
dibeuli
diulik
dikawasa
Cai eueut téh lamun hoyong tiis mah kudu disimpen dina . . . .
bupet
lomari
kulkas
termos
Dihandap ieu kecap serepan tina basa Perancis . . . .
diploma
amplop
lomari
dasi
Kecap anduk asalna tina basa . . . .
Perancis
Portugis
Cina
Walanda
Ieu dihandap nu mangrupa kalimah barang, nyaeta . . . .
Ayeuna abdi tos kelas genep
Di kelas genep abdi diajar basa sunda
Di kelas genep abdi diajar basa sunda
Bukuna teh Pangrumat Basa Sunda
Di handap ieu au teu kaasup kana istilah teknologi . . . .
hateup
kulkas
kipas angin
parabola
Anu henteu kaasup kana istilah téhnologi dina komputer, nyaéta . . . .
léptop
plésdis
unduh
SMS
"Wawan mah beurat birit", hartina . . . .
babari dititah
hésé dititah
éraan
sieunan
“Hilman mah budakna sok gede hulu.”
Kecap nu dicondongkeun dina kalimah di luhur ngandung harti . . . .
Beunghar
Sangsara
Sombong
Agul
Jieun kalimah make kecap pananya "naon sababna" ?
Tuliskeun tilu basa daérah di Indonesia !
Pek robah jadi kalimah pasip
“Kang Wawan keur nyieun langlayangan”.
Pek lemeskeun ieu kalimah :
“ kuring kakara balik ti sakola.”
Tuliskeun tilu alat nu hurungna make listrik !
