wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Wawancara Basa Sunda kelas X

Total questions: 27

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan anu geus ditangtukeun saméméhna.

a)

Wawancara

b)

Wawacan

c)

Wacana

d)

Wancina

2.

kagiatan guneman atawa tanya – jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung antara nu ngawawancara (interviewer) jeung nu diwawancara (narasumber ; responden). disebut .....

a)

Diskusi

b)

Wawancara

c)

Panumbu Catur

d)

Rapat

3.

wawancara dalam bahasa inggris disebut

a)

anter

b)

binter

c)

citer

d)

interview

4.

nu teu kaasup kana tujuan wawancara nyaeta ....

a)

Mastikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebut oge aktualitas fakta

b)

Nyangking pamadegan resmi ti narasumber

c)

Konfirmasi keur babandingan data.

d)

ngarahkeun jalanna diskusi

5.

Jalma nu diwawancara disebutna ….

a)

interviewer

b)

Girang serat

c)

Diskusi

d)

narasumber

6.

Tatakrama nu teu menang nyawad atawa ngawada kana pamanggih narasumber disebut ….

a)

netral

b)

sopan

c)

tegas

d)

santun

7.

saurang pawawancara ngayakeun wawaancara ka saurang narasumber disebut ....

a)

wawancara konferensi

b)

wawancara kelompok

c)

wawancara mandiri

d)

wawancara masal

8.

kagiatan wawancara anu ngalibatkeun sawatara narasumber. Upamana wae acara talkshow dina TV atawa kagiatan diskusi public disebutna ....

a)

wawancara konferensi

b)

wawancara kelompok

c)

wawancara mandiri

d)

wawancara masal

9.

pawawancara kudu bisa nyekel rusiah rupaning informasitina hasil wawancarana, timimiti identitas narasumber tug nepi ka perkara anu ditepikeun ku narasumber disebut ....

a)

wawancara kauger

b)

wawancara bebas

c)

wawancara konferensi

d)

wawancara kelompok

10.

Nu teu ka asup persiapan teknis nyaeta

a)

Perjanjian jeung narasumber

b)

Recorded

c)

Buku

d)

Pulpen

11.

sasadu, nanya idéntitas, pertanyaan inti, ngahaturkeun nuhun jeung pamit, nyaeta kaasup kana...

a)

Ngalaksanakeun wawancara

b)

Persiapan wawancara

c)

Ngapromosikeun wawancara

d)

Ngukur hasil wawancara

12.

Nanyakeun pamadegan/konfirmasi ti anu aya kaitanana disebut...

a)

Wawancara berita

b)

Wawancara pribadi

c)

Wawancara ka jalma loba

d)

Wawancara dadakan

13.

Ngawawancara sacara langsung teu make persiapan disebut...

a)

Wawancara berita

b)

Wawancara pribadi

c)

Wawancara ka jalma loba

d)

Wawancara dadakan

14.

Ngawawancara lewih ti saurang pikeun mikanyaho jawaban ti loba jalma disebut...

a)

Wawancara berita

b)

Wawancara pribadi

c)

Wawancara ka jalma loba

d)

Wawancara dadakan

15.

Kalimah pananya "Kumaha sumbangan dalang kana atikan ngagunakeun kecap pananya 5W 1+ H, anu ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi kecap-kecap ....

a)

naon, mana, saha, ku saha, naon sababna, kumaha

b)

mana, di mana, kamana, iraha, ku naon, kumaha

c)

saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha

d)

saha, naon, mana, iraha, naon sababna, kumaha

e)

saha, ku saha, ti saha, ka saha, keur saha

16.

Kalimah pananya "Kumaha sumbangan dalang kana atikan?" miharep jawaban ngeunaan ....

a)

pangaruh dalang kana atikan

b)

kaayaan kamekaran dalang

c)

undakna ajén atikan

d)

peranan dalang anu bisa jadi pangatik

e)

dalang jeung pangatik téh sarua

17.

Ieu di handap henteu kaasup nu sok ngayakeun wawancara, nya éta ....

a)

nu ngetés calon pagawé

b)

wartawan

c)

panalungtik

d)

pulisi

e)

padagang

18.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri kalimah pananya, nya éta ....

a)

ditungtungan ku tanda pananya

b)

diwangun tina kalimah wawaran

c)

ngandung kecap pananya

d)

miharep résponsi nu mangrupa jawaban

e)

miharep résponsi nu mangrupa tindakan

19.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana adegan wawancara, nya éta ....

a)

bubuka

b)

pamungkas

c)

eusi

d)

salam

e)

pananya

20.

Jawaban anu ditepikeun ku nu diwawancara umumna mangrupa kalimah atawa paragrap ....

a)

dadaran (déskriptif)

b)

alesan (argumétatif)

c)

pedaran (ékspositoris)

d)

carita (naratif)

e)

mangaruhan (pérsuasif)

21.

Ieu di handap anu lain tujuan (udagan) tina wawancara, nya éta ....

a)

mastikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebut ogé aktualitas fakta

b)

nyangking pamadegan resmi ti narasumber

c)

konfirmasi keur babandingan data

d)

ngéra-ngéra jalma nu diwawancara

e)

ngajaring informasi ti narasumber

22.

Fungsi kecap sabaraha, sakumaha nyaeta pikeun nanyakeun ...

a)

waktu

b)

barang

c)

tempat

d)

jumlah bilangan

e)

kajadian

23.

Anu teu kaasup kana kalimah pananya nyaeta ...

a)

ditungtungan ku tanda tanya

b)

responna mangrupa jawaban

c)

make kecap pananya

d)

responna mangrupa tindakan

24.

Wanda wawancara dumasar kana carana diwengku jadi ...

a)

hiji

b)

dua

c)

tilu

d)

opat

e)

lima

25.
Wartawan : .................................?
Pa RT : kaleresan abdi ogé ningali awal kajantenan ieu musibah téh. Malihan mah abdi nu nelepon petugas damkar!
Pananya anu pas pikeun ngeusian titik-titik diluhur nya éta....
a)
saha nami lengkep bapa?
b)
naon kalungguhan sareng padamelan bapa?
c)
iraha kajadian kahuruan téh?
d)
dimana kajadian kahuruan lumangsung?
e)
naha bapa aya dina pas kajadian kahuruan?
26.

Kagiatan wawancara umumna diwangun ku opat bagian, iwal.....

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Panutup

d)

Daftar Pustaka

27.

Nangtukeun tema, nangtukeun narasumber, jeung nyusun daptar pananya mangrupakeun proses...... samemeh wawancara.

a)

tatahar

b)

wawancara

c)

bubuka

d)

laporan hasil wawancara