NEW
Font size
WorksheetsLATIHAN SOAL BAHASA SUNDA 1
Total questions: 20
Worksheet time: 3600secs
Najan urang geus hirup di alam moderen, ari pasipatan sabilulungan mah ulah tepi ka leungit.
Kecap sabilulungan saharti jeun . . . .
Gotong royong
Sauyunan
Rempug jukung
Babarengan
Titin, . . . ari maneh bet ceurik?
kunaon
dimana
saha
iraha
Ngetik dina komputer mah leuwih gancang, tibatan dina mesin tik biasa.
Kecap komputer dina kalimah di luhur kaasup kecap serepan tina basa . . . .
Indonesia
Arab
Daerah
Inggris
Alhamdulillah, dina dinten ieu urang sadayana tiasa patepang lawung, paamprok jonghok. Kiwari cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa urang kedah papisah paturai tineung.
Paraprap di luhur kaasup bagian . . . pidato
salam
bubuka
eusi
panutup
Rarangken tengah -ar- sok robah jadi -al- lamun dikantetkeun jeung kecap . . . .
budak
bageur
era
asup
Moal jadi jalma luhung
lamun teu munjung ka Indung
Moal gede darajat
lamun teu hormat ka Bapa
Sajak di luhur mun disawang, eusina nyaeta lamun hayang jadi jalma mulya tur bagja kudu . . . .
hormat ka nu leuwih kolot ti urang
hormat kanu mingpin urang
hormat ka Indung jeung Bapa
hormat ka kabeh babaturan
Dahar saur dina bulan puasa teh wanci . . . .
harieum beungeut
janari leutik
carancang tihang
hancu moyan
Tong ulin di jero kelas ari keur istirahat mah bisi aya . . . .
kaleungitan
laleungitan
leuleungiteun
leungiteun
Manuk hiber ku jangjangna, jelema hirup ku . . . .
budina
elmuna
hartana
akalna
Sing getol nginum jajamu
Nu gunana nguatkeun urat
Sing getol neangan elmu
Nu gunana dunya akherat
Disawang tina eusina rarakitan di luhur eusina . . . .
silih asih
seserebet
piwuruk
lulucon
Kakoncara ku ajarana "Ing ngarso sung tulodo, ing madya mangun karso, tutwuri handayani" gambar tokoh nu dimaksud nyaeta . . . .
Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung
Palanggeran pupuh di luhur nyaeta . . . .
8a, 6u, 6i, 8a, 8u
8ny, 8ng, 6h, 8a,8ng
9a, 8u, 6i,6a, 8u
8a, 8u, 6i, 8a, 8u
Tujuan pamarentah mgayakeun beasiswa teh,keur ningkatkeun kualitas . . . lain keur nambahan kabutuhan kulawarga nu diberena.
pendidikan
kasehatan
kesenian
kabudayaan
Jang Deden mah mani pikaresepeun, keur getol teh bageur deuih.
Antonim tina kecap getol nyaeta . . . .
bodo
kedul
rajin
tanginas
Urang salawasna kudu muji syukur ka Allah Swt kalayan ningkatkeun . . . .
SDM
NKRI
IPTEK
IMTAK
Ka kolot ulah cul laur, sabab kanyaah kolotmah . . . .
gampang kagusur
moal luntur
bisa diatur
beunang diukur
Budak awewe nu gelut, waktu dipisah keur . . . buuk
silih sikut
silih gebug
silih ciwit
silih jenggut
Neng Lilis mah sok . . . luhak lehek kitu bari nyoo buuk.
gumeulis
geulis
gareulis
geulis-geulis
Lobana pabrik teh teu salawasna nguntungkeun, sabab bisa nimbulkeun polusi.
Kecap pabrik dina kalimah di luhur ka asup istilah . . . .
teknologi
industri
paelmuan
organisasi
Moral manusa ka manusa sejenna, diwujudkeun ku raketna silaturahmi ka papada manusa, kaasup Pancasila sila ka . . . .
1
2
3
4
