wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UH 1 Materi WARTA Kelas XI (Smt 2)

Total questions: 16

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

“Kawijakan Pamaréntah”

Poé ieu, Senén 15 Desember 2008, pamaréntah nurunkeun deui harga jual bahan bakar minyak (BBM) jenis prémium saharga Rp. 5.000,-/létér jeung solar Rp. 7.000,-/létér. Ti mimiti jam 00.00 WIB. Harga prémium deui tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 5.000,-/létér, sedengkeun solar tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 4.800,-/létér.

Turunna harga BBM éta ditepikeun ku Présidén Susilo Bambang Yudhoyono dina keterangan pers satutas rapat kabinet terbatas di kantor Présidén, Jakarta Ahad 14 Désémber 2008 soré.


Jejer warta di luhur nya éta ...

a)

kawijakan pamaréntah

b)

turunna harga BBM

c)

Kaputusan présidén

d)

inflasi

e)

Kayaan ékonomi Indonésia

2.

“Kawijakan Pamaréntah”

Poé ieu, Senén 15 Desember 2008, pamaréntah nurunkeun deui harga jual bahan bakar minyak (BBM) jenis prémium saharga Rp. 5.000,-/létér jeung solar Rp. 7.000,-/létér. Ti mimiti jam 00.00 WIB. Harga prémium deui tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 5.000,-/létér, sedengkeun solar tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 4.800,-/létér.

Turunna harga BBM éta ditepikeun ku Présidén Susilo Bambang Yudhoyono dina keterangan pers satutas rapat kabinet terbatas di kantor Présidén, Jakarta Ahad 14 Désémber 2008 soré.


Warta di luhur ditepikeun dina tanggal ...

a)

20 Désémber 2009

b)

25 Désémber 2008

c)

15 Désémber 2009

d)

15 Désémber 2008

e)

25 Désémber 2009

3.

Di handap nu lain alat komunikasi anu aya hubunganana tv jeung radio ...

a)

Antena

b)

Tali

c)

Parabola

d)

Gelombang

e)

Penyiar

4.

Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan disebutna ...

a)

Béwara

b)

Iklan

c)

Gosip

d)

Warta

e)

amanat

5.

Anu disebut lead dina warta téh, nya éta ...

a)

Judul warta

b)

pamungkas warta

c)

Bubuka warta

d)

Nu nulis warta

e)

Waruga warta

6.

Naskah siaran teu meunang ngahina sual SARA. Di handap ieu anu lain panjangna tina SARA nya éta ...

a)

Suku (sélér)

b)

Agama

c)

Ras

d)

Rasa

e)

antargolongan

7.

Gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipaké ngajawab pananya ...

a)

Naon, kunaon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha

b)

Saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha

c)

Iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana

d)

Naon, kunaon, saha, ku saha, mana, di mana

e)

Mana, nu mana, di mana, ti mana, ka mana, beulah

8.

Hal-hal anu henteu asup kana padika maca naskah warta, nya éta kudu ...

a)

Bisa maca naskah warta

b)

Alus peta jeung dandanan (mun dina TV)

c)

Marahmay (mun dina radio)

d)

Alus artikulasi, lentong, jeda, jeung ngoncrang sora

e)

Keuna dina cara diuk jeung maké mic

9.

Kecap konci (keyword) nu ngawakilan warta kalawan gembleng biasana aya dina struktur warta bagéan ...

a)

headline

b)

lead

c)

Eusi

d)

Panutup

e)

Bubuka

10.

Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur nu dikandung ajén warta nya éta ...

a)

waktu (timeless)

b)

aya patalina jeung jahirupan balaréa (significance)

c)

anéh (the unusual)

d)

konflik

e)

pawarta

11.

Pikeun nanyakeun "kaayaan" ilaharna digunakeun kecap pananya ...

a)

naon

b)

mana

c)

kumaha

d)

naha

e)

iraha

12.

Struktur warta nu diibaratkeun jiga étalaseu toko nu nyieun nu nempo kataji, ku kituna kudu alus disebut ...

a)

headline

b)

judul

c)

bubuka (lead)

d)

waruga

e)

pamungkas

13.

Pikeun ngumpulkeun fakta keur nyieun warta aya sababaraha cara nu bisa dilakukeun. Nu teu kaasup kana cara na nya éta ...

a)

panitén

b)

observasi

c)

wawancara

d)

ghibah

e)

risét média/dokuméntasi

14.

Aya 3 cara nu bisa dilakukeun keur ngumpulkeun fakta keur nyieun wawancara. Ngumpulkeun informasi ku cara macaan sumber nu geus aya disebut ...

a)

Paniten

b)

(observasi)

c)

Wawancara

d)

tanya jawab

e)

riset media/dokumentasi

15.

Ajén warta nya éta niléy-niléy anu kudu dicumponan sangkan hiji kajadian atawa hiji hal bisa diangkat jadi warta. Ajén warta anu ngajelaskeun yén kajadian anéh anu bakal narik minat pamaca disebutna ...

a)

waktu

b)

significance

c)

the unusual

d)

konflik

e)

proximity

16.

Titenan ciri-ciri carita di handap ieu!

(1) Sumebar sacara tinulis

(2) Ngandung hal-hal nu teu asup akal

(3) Caritana basajan

(4) Caritana jembar

(5) Ngandung ajén atikan

(6) Teu kapaluruh saha nu ngarangna

(7) kapaluruh saha nu ngarangna

(8) Ngandung hal-hal nu teu pamohalan


Ciri-ciri carita wayang anu sarua jeung dongeng, nyaeta ....

a)

1 jeung 2

b)

2 jeung 4

c)

2 jeung 5

d)

5 jeung 7

e)

5 jeung 8