wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS BAB SASTRA LAGU XI

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Karya sastra dina wangun ugeran anu ngawirahma tur sok dihariringkeun disebut...

a)

Sajak

b)

Rumpaka

c)

Guguritan

d)

Kakawihan

e)

Sastra lagu

2.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri sastra lagu, nyaeta...

a)

Ngawujud wangun ugeran atawa puisi

b)

Ngawangun puisi bebas atawa puisi kauger

c)

Sipat ngalalakon tur jelas tokoh-tokohna

d)

Mangrupa karya sastra anu dihariringkeun

e)

Aransemen musik anu diwuwuhkeun ku rumpaka

3.

Karangan sastra anu henteu kaasup kana sastra lagu nyaeta...

a)

Fikmin

b)

Mantra

c)

Sisindiran

d)

Guguritan

e)

Rumpaka kawih

4.

Midangkeun sajak anu dihariringkeun tur dipirig ku musik disebut...

a)

Maca sajak

b)

Transkripsi puisi

c)

Deklamasi puisi

d)

Parafraseu puisi

e)

Musikalisasi puisi

5.

Baca teks ieu di handap !

Kaso pondok kaso panjang

Kaso ngoroyom ka jalan

Sono mondok sono nganjang

Sono patepang di jalan

Nilik kana wangunna, ungkara teks di luhur kaasup kana wangun puisi...

a)

Sajak

b)

Pupujian

c)

Sisindiran

d)

pupuh

e)

mantra

6.

Baca teks ieu di handap !

Jang

Hirup teh teu gampang,

Teu cukup ku dipikiran,

Bari kudu dilakonan.

Sempalan teks di luhur teh eusina nuduhkeun yen hirup mah...

a)

Cukup ku dipikiran

b)

Kudu dilakonan

c)

Ulah dilakonan

d)

Kudu dipikiran

e)

Gampang

7.

Baca teks ieu di handap !

Jang

Hirup teh teu gampang,

Teu cukup ku dipikiran,

Bari kudu dilakonan.

Dumasar kana teks di luhur, kecap “Jang” sarua hartina jeung kecap....

a)

Ceu

b)

Nyai

c)

Bapa

d)

Ujang

e)

Mamang

8.

Rumpaka kawih sarua jeung...

a)

Purwakanti

b)

Cangkang

c)

Eusi

d)

Lirik lagu

e)

Sekar

9.

Padeukeutna sora kecap, boh di awal, tengah, boh ditungtung disebut..

a)

Nada

b)

Rasa

c)

Amanat

d)

Purwakanti

e)

Wangun

10.

Alunan sora nu dibalikan deui tur ngentep seureuh anu nyoko kana lagu disebut...

a)

Wirasa

b)

Wiraga

c)

Wirahma

d)

Wirupa

e)

Wiguna

11.

Baca teks di handap ieu !

Es lilin mah , aduh, kalapa muda

Kawih di luhur

Kawih di luhur numutkeun kana randegan wirahma jeung jumlah engangna nu bener nyaeta...

a)

5/4/3

b)

4/2/5

c)

2/2/2

d)

3/3/3

e)

4/4/4

12.

Titenan rumpaka kawih ieu di handap !

Prak reureuh tina ka riweuh

Prak pasrah ka nu kawasa

Prak reureuh tina kariweuh

Prak pasrah ka nu kawasa

Sempalan rumpaka di luhur kaasup kana pada purwakanti, nyaeta ngagunakeun sora...

a)

a-u-a-u

b)

a-a-a-a

c)

eu-a-eu-a

d)

a-eu-a-eu

e)

eu-eu-eu-eu

13.

nilik perenahna, purwakanti teh aya dua. Purwakanti anu padeukeutna sora kecap nu ngajajar kagigir dina sapadalisan disebut purwakanti...

a)

runtuyan

b)

rantayan

c)

rantuyan

d)

ngarambay

e)

gagantung

14.

Amanat teh pesen pangarang anu karasa ku nu maca rumpaka kawih, amanat kawih “papatong” nyaeta...

a)

Jadi jalma kudu bener

b)

Mapay jalan satapak majuangkeun kakasihna

c)

Jadi jalma kudu sabar

d)

Hirup teh teu cukup dipikiran, tapi kudu dilakonan bari tawakal ka pangeran

e)

Jalma kudu mundut pangampura

15.

Kawih papatong nyaeta sanggian...

a)

Darso

b)

Doel Soembang

c)

Bah Dadeng

d)

Nining Meida

16.

Titenan sempalan rumpaka kawih ieu di handap!

Papatong nu koneng teu tembong deui

Sempalan kawih di luhur nu nunjukeun citraan panempo (visual) nyaeta...

a)

Papatong

b)

tembong

c)

deui

d)

nu koneng

e)

papatong nu koneng

17.

Titenan rumpaka kawih di handap ieu !
wanci burit surya rek pamit

Hujan leutik ngaririncik

Kingkilaban pating kolebat

Sisi basisir jayanti

Sempalan kawih di luhur anu kaasup kana citraan swara/kadenge (audiktif) nyaeta...

a)

Wanci burit

b)

Surya rek pamit

c)

Hujan leutik ngaririncik

d)

Kingkilaban

e)

Sisi basisir jayanti

18.

Baca kalimah di handap ieu !

Diantara ibu-ibu sakelompokna, tiung Bu Ani mah pangkonengna

Kalimah di luhur kaasup kana kalimah sipat, anu nuduhkeun kalimah sipat anu...

a)

Sipat biasa

b)

ekuatif

c)

komparatif

d)

superlatif

e)

sipat aktif

19.

Baca kalimah di handap ieu !

papatong nu hiber sakoneng cau asak

Kalimah di luhur kaasup kana kalimah sipat, anu nuduhkeun kalimah sipat anu...

a)

sipat biasa

b)

ekuatif

c)

komparatif

d)

superlatif

e)

sipat aktif

20.

Jajaran kahiji jeung kadua dina sisindiraan disebut...

a)

cangkang

b)

eusi

c)

rumpaka

d)

engang

e)

pada