NEW
Font size
WorksheetsPTS 2 B. SUNDA (Novel + Carpon)
Total questions: 25
Worksheet time: 31mins
Novel teh carita rekaan (fiksi) wangun lancaran (....) jeung kaasup karya sampeuran, umumna panjang sarta galur caritana atawa plotna ngarancabang. kecap Wangun lancaran sarua wae jeung....
Drama
Pamohalan
Prosa
Puisi
Wangun Ugeran
Buku novel munggaran dina sastra Sunda nya eta....
Galur teh runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepi ka ahir. Galur aya tilu nya eta merele, mundur jeung bobok tengah. Galur bobok tengah sarua hartinna jeung....
Campuran
Maju
Mundur
Flashback
Merele
Prasasti nu Ngancik dina Ati
(Popon Saadah)
Basa kuring keur ngaderes "Burni jeung Manusa" di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.
"Éta téh buku énggal?" Tanya manéhna.
"Yup!”
"Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!"
"Pamasihan."
"Parnasihan saha?"
Teu dijawab.
"Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?"
Manéhna ku kuring ukur dirérét.
"Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!"
Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun.
"Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun." Manéhna mencrong kénéh.
"Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug rnasihan," kapaksa kuring némbalan. Gandéng ku tetelepékna.
Dina sempalan tek di luhur palakuna saha wae...
Prasasti
Kuring
Prasasti, Kuring
Prasasti, Kuring (Rin), Fauzan
Prasasti, Fauzan, Rinega, Margareta
Ieu di handap anu teu asup kana cirri-ciri novel nya éta..
palakuna rea
Alur basajan
Caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé
Latarna laluasa
karangan non fiksi
Pasosore Ambu Warji ngalangeu di lawang imahna, panonna molotot teu puguh nu dipencrong, ceulina kawas nu torek, taya dedengeanana, sabab harita pikiran jeung ingetan Ambu Warji keur sabil, rusras ka jaman baheula, eling ka waktu bihari, waktu manehna hirup senang.
Ceuk dina pikirna, “Eh, naha teu nyana teuing ku milik diri, bet nepi ka kieuna. Padahal baheula mah waktu aya keneh Bapa Warji, aing teh teu kurang hakaneun teu kurang pakeeun, ari ayeuna aing nepi ka mindeng nyorang ngongkrong. Eh, naha ti mana aing bisa meunang hakaneun keur anak aing?”
Tina carita di luhur latar tempat anu nyampak dina éta carita téh nya éta…
pangkeng
enggo
imah
lawang imah
buruan
Amun kitu mah teu adil atuh dunya téh! Ari bangsat tobat bisa ditarima ku masarakat! Tukang tipu, copét ditampa ku masarakat. Na ari ungkluk geus tobat bet pada mikaceuceub baé? Pada mikaijid? Padahal sarua! Pagawéan hina, maling, nipu, jeung ngungkluk téh! Sarua hinana! (dicutat tina Novel kembang-kembang petingan karangan Holisoh ME).
Téma anu merenah pikeun sempalan novel di luhur téh nya éta…
sosial
budaya
lalampahan
agama
rumah tangga
Ieu di handap anu teu asup kana cirri-ciri novel nya éta....,iwal
palakuna rea
galurna teu ngarancabang
Caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé
Latarna laluasa
wanguna prosa (fiksi) panjang
unsur - unsur intrinsik novel nyaeta dihandap ieu,iwal....
tema
palaku
galur
amanat
nada
novel "Baruang ka nu ngarora" karangan...
moh.Amri
Aam amelia
D.K. Adiwinata
Dadan Sutisna
Tatang sumarsono
Nu kaasup novel barudak nya éta
Baruang Ka Nu Ngarora diterbitkeun taun ...
1914
1915
1916
1917
1918
Naon anu dimaksud carpon teh?
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun ugeran anu wangunna pondok
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran anu wangunna pondok
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran anu wangunna panjang
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun ugeran anu wangunna panjang
Karangan faktual dumasar kana kanyataan anu wangunna panjang
Nu teu kaasup ciri carpon nyaeta….
Kecapna antara 5000-10.000 kecap
Rengse dibaca kira-kira saparapat jam
Dititik 2 spasi, 4-8 lambar ukuran kertas A4
Caritana asup diakal
Nyaritakeun hiji kajadian
“ Barudak ngapalkeun mah geus kawajiban hidep. Ngapalkeun supaya bisa ngarti tur maham kana pangajaran. Jadi alusna mah ngapalkeun teh lain ngan ukur waktu ulangan wungkul. Tapi kudu jadi pagawean anu rutin. Ngarah siap lamun aya ulangan saperti kieu, sok ayeuna mah tulis soalna!”
amanat tina cutatan carpon diluhur, nyaeta…
Pungsina ngapalkeun
Poe harita dek ulangan
Ngapalkeun teh kawajiban
Ngapalkeun dina waktu dek ulangan
Ngapalkeun lamun dititah
Nilai-nilai dina carita, latar belakang pangarang, jeung situasi sosial dina nyiptakeun carita kaasup kana….
Unsur Intrinsik
Unsur Ekstrinsik
Ciri-Ciri Carpon
Struktur Carpon
Harti Carpon
Buku kumpulan carpon mungggaran dina basa Sunda téh judulna ...
Jajatén Ninggang Papastén
Dogdog Pangréwong
Nu Harayang Dihargaan
Diwadalkeun ku Siluman
Jurig Imitasi
Galur carita anu rangkaian kajadian susunanna teu luyu jeung urutan waktu kajadian atawa carita nu gerakna (flashback), disebut oge...
Galur Maju
Galur Mundur
Galur Campuran
Galur Biasa
Galur Merele
Téma nyaéta...
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang
Peran anu dilalakonkeun dina carita
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita
Pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang
Dina taun sabaraha buku kumpulan carpon munggaran medal?
Taun 1920
Taun 1930
Taun 1940
Taun 1950
Taun 1960
Anu ngabédakeun carpon jeung dongéng nyaéta...
Carpon eusina mangrupa carita, dongéng mah lalakon
Carpon mah eusina loba pamohalan, dongéng mah kaharti ku akal
Carpon eusina panjang, dongéng eusina pondok
Carpon eusina kaharti ku akal, dongéng mah loba pamohalan
Carpon galurna maju, dongeng mah galurna mundur
Carita pondok biasana museurkeun kajadian dina...kajadian
Hiji
Dua
Tilu
Opat
Lima
Titénan ciri-ciri ieu di handap!
1) Caritana rélatif pondok
2) Kajadianna tunggal
3) Caritana kompléks jeung tokohna loba
4) Napak kana kanyataan (réalitas) sapopoé
5) Aya unsur-unsur pamohalan (teu asup akal)
Anu mangrupa ciri-ciri carita pondok dituduhkeun ku nomer…
1,2,3
2,3,4
1,2,4
3,4,5
1,3,5
Barang jrut turun tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harérang patingjalugrug. Geus puguh motor mah patingjalajar teu kaitung réana. Panon eunteup deui na wangunan sakola tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak pantar kuring bangun anu palinter.
Latar tempat dina éta sempalan carpon nyaéta...
Lapang
Gudang
Sakola
Alun-alun
Mobil
Pituduh ngarang carpon Sunda dihandap, iwal ti...
Ditulis make basa Sunda anu bener tur merenah, basa komunikatif gampang kaharti kunu maca
Temana kudu aktual
Galur carita ngaleunjeur atawa ngaruntuy, logika jeung kanyataan kudu saimbang
Kudu puguh latar kajadian jeung saha tokohna
Amanat kudu ngandung unsur politik
