wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UH Materi Biantara jeung Panumbu Catur

Total questions: 25

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.
Hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun sawangan (penilaian) atawa kamandang (pandangan) ngeunaan hiji perkara atawa hal disebut …..
a)
Dongeng
b)
Biantara
c)
Pupuh
d)
Pantun
e)
Carita Wayang
2.
Métode ngabiantara kalawan nyiapkeun gurat badag hungkul ideu poko biantara, disebut métode …..
a)
Presentasi
b)
Impromtu
c)
Talaran
d)
Manuskrip
e)
Ekstemporan
3.

Dina biantara aya istilah T-A-M-A-N

dihandap ieu nu lain harti istilah T-A-M-A-N nyaeta...

a)

Tatag nyaritana

b)

Munel Eusina

c)

Alus basana

d)

Aman temana

e)

Ngandung wirahma

4.

1) ngucapkeun salam

2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar

3) ngucapkeun sukur ka allah

4) medar tema nu rek ditepikeun

5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping


sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...

a)

1-2-3

b)

2-3-4

c)

1-3-5

d)

3-4-5

e)

1-3-4

5.
Eusi biantara dina acara paturay tineng kelas XII nyaéta, iwal ….
a)
ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola
b)
ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwihluhur
c)
nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah.
d)
ngahaturkeun nuhun ka para bapak jeung ibu guru
e)
ménta bekel keur neruskeun sakola kanu leuwih luhur
6.
patalina jeung gerak awak nu epektip dina biantara disebut oge istilah lainna nya eta....
a)
artikulasi
b)
lentong
c)
wirahma
d)
pasemon
e)
gesture
7.

dina nyusun teks biantara eusina kudu mundel,naon hartina kecap mundel teh...

a)

loba mangfaat jeung loba pulungeunana

b)

luyu jeung aturan nyieun teks biantara

c)

strukturna kudu bener

d)

merhatikeun kaedah-kaedah biantara

e)

dumasar kana struktur biantara

8.

dina hiji pertemuan, ketua RW 01 dijadwalkeun kanggo nepikeun biantara tapi nalika waktuna teu hadir kulantaran teu damang, ketua RW 02 ujug-ujug ditunjuk kanggo biantara tanpa aya persiapan heula

metode biantara nu sapertos kitu disebut

a)

Talaran / Memoriter

b)

Catetan ringkas / Ekstemporer

c)

Dadakan /Impromptu

d)

Naskah / Manuskrip

e)

Didaktik

9.

Baca ieu sempalan biantara!

Dina ieu waktos, sim kuring kedah sasanggem minangka wawakil ti sakumna murid kelas IX anu badé ngantunkeun SMP Santo Yusup. Saleresna mah rada rumegog waktos dipasihan ieu pancén téh, bilih anu baris dipisanggem kirang merenah sareng teu ngawakilan gerentes haté sadaya réréncangan. Namung ku margi ieu pancén dipasrahkeun ka sim kuring, kitu deui lbu sareng Bapa Guru ogé milih sim kuring, nya atuh teu tiasa nolak. Jalaran kitu, sateu acan ngadugikeun ieu biantara, sim kuring badé nyuhunkeun heula dihapunten, utamina pisan ka sadaya murid kelas IX, bilih baé pisanggem sim kuring téh kirang saluyu sareng harepan sadayana.


Tina naskah biantara anu dibaca ku hidep, nerangkeun ngeunaan naon eusina téh?

a)

paturay tineung

b)

hajat kawinan

c)

tujuh belasan

d)

karang taruna

e)

sunatan

10.

Hadirin sadayana.

Acara paturai tineung téh jadi panineungan kanggo abdi sareng réréncangan. Abdi moal tiasa lulus sepertos ayeuna, upami teu di didik sareng diaping ku ibu iwah bapa guru sadayana.

Ku kituna abdi sadaya ngahaturkeun séwu nuhun kasadaya, muga–muga waé amal kasaean ibu miwah bapa guru kénging ganjaran anu satimpal.


Saha nu biantara dina wacana diluhur téh !

a)

wakil murid

b)

wakil guru

c)

kepala sekola

d)

para siswa

e)

wakil komite

11.

pamingpin ieu di handap anu handal dina biantara atawa disebut orator ulung

a)
b)
c)
d)
e)
12.

Anu dimaksud panumbu catur nyaéta?

a)

Jalma nu nyatet sakur kajadian salila kagiatan.

b)

Jalma nu nyiapkeun alat panuduh waktu.

c)

Jalma nu mandu acara sangkan acara téh lancar jeung suksés.

d)

Jalma nu nyepeng kadali (ngatur jeung ngokolakeun) dina hiji jirangan (sési) kagiatan.

e)

Jalma nu ngaping tahapan-tahapan dina hiji acara.

13.

Dina hiji kagiatan sawala/diskusi pihak anu kalibet di sajeroeunana, iwal ti . . . .

a)

Girang Serat

b)

Panumbu Catur

c)

Panata Calagara

d)

Pangjejer

e)

Pamilon

14.

Kagiatan ngébréhkeun pamadegan ngeunaan perkara atawa masalah sangkan bisa netepkeun kumaha pialuseunana disebut . . . .

a)

Simposium

b)

Lokakarya

c)

Seminar

d)

Rapat

e)

Sawala

15.

Saméméh urang ngalaksanakeun pancén jadi panumbu catur, sangkan acarana lancar sarta teu méngpar atawa kaluar tina topik bahasan, urang kudu . . . .

a)

Nyiapkeun slide dina power point.

b)

Nolak sakumna pananya ti audiéns.

c)

Maca heula saméméhna.

d)

Nyiapkeun catetan.

e)

Ngawasa pasualan anu luyu jeung jejer/téma acara.

16.

Sawatara hal anu kudu dipilampah ku moderator dina lumangsungna acara, iwal ti . . . .

a)

Dangdan heula sangkan teu ngérakeun.

b)

Pariksa mikrofon sarta kasiapan préséntasi materi.

c)

Datang leuwih ti heula batan pamilon.

d)

Ngawanohkeun diri ka paranarasumber.

e)

Maca heula kalawan bener biodata pangjejer

17.

Ieu di handap jalma anu purah mingpin diskusi publik anu disiarkeun dina televisi (talkshow), iwal ti . . . .

a)
b)
c)
d)
e)
18.

Ieu di handap minangka léngkah-léngkah nu perlu dipilampah ku panumbu catur, iwal ti . . . .

a)

Mikanyaho runtuyan acara kaasup lilana waktu (durasi) anu disadiakeun pikeun unggal narasumber.

b)

Mikanyaho kalungguhan pangjejer atawa narasumber.

c)

Mikanyaho kaayaan jeung kasang tukang pamiarsa (audiéns).

d)

Ngébréhkeun pamadegan ngeunaan perkara atawa masalah.

e)

Ngawasa pasualan luyu jeung jejer/téma acara.

19.

Ieu di handap minangka tatakrama dina sawala, iwal ti . . . .

a)

Nyarita ulah diborong ku sorangan.

b)

Omongan kudu matak jaheut ka batur.

c)

Ulah ngomong nyorongot bari popolotot.

d)

Ulah megat atawa motong omongan batur.

e)

Kudu sopan dina nepikeun perkara saupama teu satuju atawa teu sugema.

20.

Dina lumangsungna acara diskusi, panumbu catur kudu miboga sikep?

a)

Objéktif jeung mihak

b)

Nétral jeung objéktif

c)

Formal jeung nétral

d)

Formal jeung objéktif

e)

Normal jeung objéktif

21.

Aya jurig tumpak kuda

a)

Hade paroman

b)

Daekan Kana gawe

c)

Aya milik nu teu disangka-sangka

d)

Loba pengalaman

e)

Mustahil

22.

Pakeman Basa nu ngabahas ngeunaan ramalah hiji kota atawa panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun, diucapkeun ku karuhun urang jauh samemeh kajadian nyaeta...

a)

Cacandraan

b)

Candrasangkala

c)

Caturangga

d)

Rakitan Lantip

e)

Uga

23.

Ngaliarkeun (a)   ateul

24.

Nu burung (a)   , nu gelo didogdogan

25.

Adat ka kurung ku iga

hartina

a)

tabeat mah hese dipiceunna atawa dirobahna

b)

mikahayang nu pamohalan

c)

goreng hate

d)

teu aya kahayang

e)

sombang