NEW
Font size
WorksheetsBahasa Sunda Kelas 5 Bab 5 dan 6
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Rakitan basa nu bisa dihaleuangkeun ku juru kawih atawa juru sekar nyaeta ....
A. pupuh
B. sajak
C. kawih
D. biantara
Kecap atawa engang anu dibalikeun deui, boh dina jajaran anu sarua boh jajaran anu beda, nu maksudna sangkan eta kawih leuwih anteub eusina disebut ....
A. padalisan
B. purwakanti
C. kakawihan
D. rumpaka
Nu ngareka ungkara basana disebutna ....
A. juru kawih
B. juru sanggi
C. juru sekar
D. juru rumpaka
Bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutuganana disebut ....
A. gunung
B. pasir
C. huma
D. lamping
Aki jeung nini abdi mah bumina di kampung. Harti kecap kampung nyaeta ....
A. kota
B alun-alun
C. lembur
D. sawah
Gurat warna anu melengkung di langit, tina cahya panon poe dina mangsa hujan ngaririncik disebut ....
A. martabat
B. katumbiri
C. ngarumat
D. nyinglar
Merhatikeun kaayaan bisi aya kakurangan disebut ....
A. tohaga
B. toweksa
C. sarakan
D. martabat
Kaayaan gunung anu dugul lantaran tatangkalanana geus beak dituaran disebut ...
A. baroka
B. bulistir
C. dareuda
D. leleson
Istilah geografi tina sirah cai hartina ....
A. jalan cai anu bijilna ti suku gunung, geus nyampak di alam
B. tempat kaluarna cai di suku gunung anu satuluyna jadi walungan
C. tanah lapang di hareupeun kabupaten
D. lahan gigireun imah
Ngajaga kaendahan lingkungan sabudeureun imah, bisa dilaksanakeun ku cara ....
A. nembok buruan
B. sasapu unggal usik
C. mager sakuriling imah
D. pepelakan di buruan
