wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS GENAP MUPEL SUNDA

Total questions: 25

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Sastra Sunda

Sastra Sunda téh kagolong karya seni,

hasil rekacipta,

ku basa nu ngandung harti,

sangkan genah karasana.

Wangun sastra aya prosa jeung puisi,

teu kaliwat drama,

pupujian wangun sa’ir,

novel jadi panambihna.


Ari sastra Sunda kagolong kana naon ....

a)

Basa nu ngandung harti

b)

Karya seni

c)

Lalaguan

d)

Pupujian

2.

Sajak kaasup karangan wangun ....

a)

Puisi bebas

b)

Pantun

c)

Kaulinan

d)

Kakawihan

3.

Alam Padésaan

(Astri Martiani Irawan)


Éndah alam padésaan

Éstu lain pupulasan

Diriung ku gunung-gunung

Dikuriling pasir-pasir

Kidul, kulon, kalér, wétan

Plung-plong, matak waas téténjoan


Éndah alam padésaan

Upluk-aplak pasawahan

Leuweung héjo ku tatangkalan

Arula-arileu wahangan

Ngocorkeun cai canémbrang hérang


Aya sabaharaha pada sajak di luhur ....

a)

Sapada

b)

Dua pada

c)

Tilu pada

d)

Opat pada

4.

Harti konotatif dina sajak sarua hartina jeung ....

a)

Sampeuran nu ngandung harti pangaruh ti sastra Eropa

b)

Kanyataan

c)

Amanat mangrupa [esen ka nu maca

d)

Kiasan nu ngandung harti injeuman

5.

1. Jejer atau Tema

2. Padalisan

3. Nada jeung suasana

4. Amanat


Nu kaasup kana unsur-unsur sajak nya eta ....

a)

1,2, 3, dan 4

b)

1, 2 dan 3

c)

2, 3 dan 4

d)

1,3 jeung 4

6.

Kalimah anu ngandung harti Denotatif nya eta ....

a)

Neng Kintan mah Kembang Desa Cimanggis kaler

b)

Geus dua bulan hayam teh eureun ngendog na

c)

Danu teh bentangna di kelas 5

d)

ulah panjang leungeun jadi jalma mah, dijauhan ku batur.

7.

Ku sabab ... , lalangit ge bisa katoel


Kecap nu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur nya eta ....

a)

Pangwanterna

b)

Pangpinterna

c)

Pangpunjulna

d)

Pangjangkungna

8.

Dewi keur ... pituduh nginum obat keur ninina

a)

Macaan

b)

Mangmacakeun

c)

dibacaan

d)

Maca

9.

sasaruaan kecap lembur nya eta ....

a)

Kampung

b)

Desa

c)

Tempat Cicing

d)

Patempatan

10.

Tangkal nu munggaran buahanana mah biasana tara leubeut.


kecap munggaran sarua hartina nya eta ....

a)

Baheula

b)

Mimiti

c)

Kamari

d)

Can Lila

11.

Kadaharan digigir dijieunna tina bahan ....

a)

Boled

b)

Sampeu

c)

Tarigu

d)

Tipung beas

12.

Dihandap ieu kadaharan anu bahan ngajieunna tina sampeu, nya eta ....

a)
b)
c)
d)
13.

Tipung beas ditinyuh ku cipati heneut anu geus dibauran uyah sacukupna, digalokeun nepi ka rata. Dibungkus pasagi ku daun cau, di jerona dieusian ku cau raja atawa cau ambon beunang ngeureutan, tuluy diseupan nepi ka asak.


teks diluhur nyaritakeun cara-cara nyieun kue ....

a)
b)
c)
d)
14.

Tipung beas jeung tipung beas ketan ... ku parud kalapa


eusi titik-titik diluhur nya eta ....

a)

Dicipratan

b)

Adonan

c)

Disangray

d)

Digaloan

15.

Éndah alam padésaan

Éstu lain pupulasan

Upluk-aplak pasawahan

Plung-plong, matak waas téténjoan

Leuweung héjo ku tatangkalan

Arula-arileu wahangan

Ngocorkeun cai canémbrang hérang


Jumlah jajar guru lagu jeung guru wilangan dina padalisan sajak di luhur nya eta ....

a)

8a-8a-8a-10a-9a-9a-10a

b)

8a-8a-8a-10u-9a-9a-10u

c)

8a-8a-8a-10u-9a-9u-10a

d)

8a-8i-8a-10u-9a-9a-10a

16.

Bahan pikeun nyieun angeun bayem digigir nya eta ....

a)

Daun bayem jeung kacang pangjang

b)

Daun Bayeum jeung jagong amis

c)

Daun Bayeum, jeung wortel

d)

Daun Bayeum, jagong amis jeung wortel

17.

Di handap ieu nu heunteu ka asup kana rupa-rupa kadaharan has Sunda, nya eta ....

a)

Burayot

b)

Karedok

c)

Bibika ambon

d)

Kalua

18.

Kadaharan has Cianjur, nya eta ....

a)

Tauco

b)

Kiripik

c)

Tahu

d)

Ladu

19.

Nu kaasup inuman has sunda nya eta ....

1. Bandrek

2. Goyobod

3. Bajigur

4. Sekoteng

5. Cendol dawet

a)

1,2,3,4, jeung 5

b)

1,2,3, jeung 4

c)

2, 3, 4 jeung 5

d)

3, 4, 5 , jeung 1

20.

TANAH SUNDA

(Karya :Mang koko)


Tanah Sunda gemah ripah

Nu ngumbara suka betah

Urang Sunda sing toweksa

nyangga darma anu nyata


kalimah nu saharti jeung kecap nu digurat nya eta ....

a)

Rumawat

b)

Wibawa

c)

Subur ma'mur

d)

Benghar

21.

Kawih "Tanah Sunda" dikarang ku ....

a)

Mang Bambang

b)

Nano S.

c)

Mang Koko

d)

Gugum Gumbira

22.

Kalimah nu kaasup kana isitilah geografi nya eta ....

a)

Leuweung teh ulah di gunasika bisi ruksak

b)

Tukang dagang di buruan sakola teh diriung ku barudak

c)

Mun urang boga barang, kudu diriksa ngarah awet

d)

Sakola Dewi dipager warna koneng

23.

kadaharan nu tara di pais, nya eta ....

a)

lauk

b)

oncom

c)

tahu

d)

kacang

24.

kadaharan nu katelah ti Bogor nya eta ....

a)

Burayot

b)

Manisan Pala

c)

Kalua

d)

Papais

25.

bahan dasarna ngajieun kalua nya eta ...

a)

Jeruk Bali

b)

Jeruk Purut

c)

Jeruk mandarin

d)

Jeruk Garut