wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN HARIAN BAB DONGENG

Total questions: 15

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Anu disebut pamohalan téh nyaéta hal-hal anu ....

a)

kaharti ku akal

b)

enya-enya kajadian

c)

teu kaharti ku akal

d)

euweuh kajadianana

2.

Conto unsur pamohalan dina dongéng "Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Melak Cau" nyaéta ....

a)

Monyét beuki cau

b)

monyét ngala cau

c)

patani melak cau

d)

monyét bisa ngomong

3.

Dongéng téh carita rékaan anu kaasup kana wangun ....

a)

puisi

b)

éséy

c)

prosa

d)

kritik

4.

Dongéng anu patalina jeung asal-muasalna ngaran tempat disebut ....

a)

sasakala

b)

sajarah

c)

fabél

d)

farabél

5.

Tokoh Sangkuriang aya dina dongéng ....

a)

"Sasakala Gunung Geulis"

b)

"Sasakala Gunung Guntur"

c)

"Sasakala Gunung Tampomas"

d)

"Sasakala Gunung Tangkubanparahu"

6.

Tokoh Nyai Endit nyampak dina dongéng ....

a)

"Sasakala Situ Bagendit"

b)

"Sasakala Gunung Tampomas"

c)

"Sasakala Gunung Tangkubanparahu"

d)

"Sasakala Situ Paténggang"

7.

Ari dongéng Si Kabayan kaasup kana ....

a)

Dongéng fabél

b)

dongéng farabél (jalma biasa)

c)

dongéng sasakala

d)

dongéng sajarah

8.

Tokoh utama dina dongéng "Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Melak Cau" téh nyaéta ....

a)

Sakadang Kuya

b)

Sakadang Monyét

c)

patani

d)

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét

9.

Dina dongéng "Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Melak Cau", Sakadang monyét téh melak maké ....

a)

cauna

b)

anakna

c)

jantungna

d)

daunna

10.

Dongéng kaasup kana karya sastra balaréa lantaran ....

a)

kanyahoan nu ngarangna

b)

teu kanyahoan nu ngarangna

c)

dicaritakeun ku jalma réa

d)

anu ngarangna réa

11.

Dongéng nu dianggap dongéng asli Sunda nyaéta ....

a)

dongéng "Si Kabayan"

b)

dongéng "Batu Menangis"

c)

dongéng "Malin Kundang"

d)

dongéng "Abu Nawas"

12.

Conto dongéng anu panjang caritana nyaéta ....

a)

"Dongéng Jonggrang Kalapitung"

b)

"Dongéng Si Kabayan"

c)

"Dongéng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét"

d)

"Sasakala Tangkubanparahu"

13.

Dina dongéng "Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Melak Cau", Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét téh néangan binihna ka ....

a)

Gunung

b)

Laut

c)

Leuweung

d)

Pasir

14.

Salasahiji judul dongéng anu kapanggih dina buku Dongéng-dongéng sasakala karyana Ki Umbara nyaéta ....

a)

Hayam Kongkorongok Subuh

b)

Si Kabayan

c)

Sakadang Buaya jeung Sakadang Peucang

d)

Prabu Siliwangi

15.

Dina dongéng "Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Melak Cau", Pelak cau Sakadang Monyét mah tungtungna ....

a)

jadi daunan

b)

jadi buahan

c)

buruk

d)

leungit