wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

TRADISI SUNDA XII

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Kabudayaan téh mangrupa konsép umum tina istilah

a)

culture (inggris)

b)

cultr (inggris)

c)

cultur (yunani)

d)

clture (yunani)

e)

calakara (sangsekerta)

2.

awéwé anu keur ngandeg tujuh bulan teu meunang sapatemon jeung salakina nepi ka opat puluh poé sanggeus ngajuru, sarta ulah digawé anu beurat sabab kandunganna geus gedé.

ieu teh kaasup kana tradisi sunda nu ngaranna ...

a)

sukuran

b)

hajatan

c)

tingkeban

d)

4 bulanan

e)

sunatan

3.

"Ayakan " dina tingkeban miboga harti ...

a)

hirup, kakuatan, panempo, pangrungu, omongan jeung kahayang.

b)

digambaran tokoh wayang, Srikandi jeung Arjuna ngandung ma’na mudah-mudahan anakna nurut, alus rupa jeung kulitna saperti kulit kalapa gading nyaéta konéng langsat.

c)

ngandung lambang yén ti mulai harita geus béak mangsa ulin sawaktu budak jeung satuluyna jadi indung.

d)

ma’na yén élmu anu dipiboga ku urang, kudu bisa dipilah-pilah mana nu hadé nu mibanda mangpaat pikeun dunya jeung ahérat sarta mana nu teu hadé.

e)

digambaran Arjuna ksatria nu gagah jeung tokoh Srikandi tokoh wanoja anu geulis. Lamun teu digambaran kudu ditulis ngaran tokoh wayang éta.

4.

Rujak kanistrén dina tingkeban miboga harti ...

5.

Kampung adat Baduy ge, sok biasa disebut ...

a)

Kampung adat Kuta

b)

Kampung adat Kanekes

c)

Kampung adat Kanenker

d)

Kampung adat Dukuh

e)

Kampung adat Dayak

6.

Dumasar kana katerangan ti kokolot Kampung Cikeusik nu ngaranna Naseni, Bupati Sérang P.A.A. Djajadiningrat negeskeun yén urang Kanékés téh lain nganut agama Hindu atawa agama Budha, tapi nganut Animismeu. Animismeu teh nya eta ...

a)

kapercayaan kana pituduh heubeul

b)

kapercayaan ka agama

c)

kapercayaan ka sasama

d)

kapercayaan anu muja roh karuhun.

e)

kapercayaan kana agama hindu

7.

"nyaéta cihujan nu kaasupkeun ka tempat nu aya di handapeunana, lantaran katebak ku angin, upamana cai nu ragrag tina curugan kana taweuran, kenténg hateup nu teu rékép masangna nepi ka clakna cihujan muncrat kana sela-sela kenténg."

ieu pamadegan sawer teh numutkeun ...

a)

R.Satjadibrata

b)

Yetty Kusmiaty Hadist

c)

Danadibrata

d)

d.k Adiwinata

e)

Sulanjana

8.

dina tahap awal fungsi sawer teh mangrupa ...

a)

fungsi magis

b)

fungsi sosial

c)

fungsi moral

d)

fungsi hiburan

e)

fungsi alatan

9.

Sistimatika téks sawér umumna diwangun ku bagian bubuka, poko eusi, jeung panutup.

dina bagian poko eusi biasana eusi teks na teh nyaeta ...

a)

mangrupa ucap-ucapan sasadu

b)

ménta idin ka Gusti, déwa, Nabi, wali, luluhur, ka hadirin yén rék ngalaksanakeun nyawér

c)

mangrupa dunga pikeun anu disalametkeun

d)

biasana banyol

e)

umumna mangrupa papatah

10.

Aya tilu alam, nurutkeun mitologi urang Kanékés saperti nu digambarkeun dina carita pantun. Tilu alam (tri-tangtu) nu dimaksud téh nyaéta

a)

Buana Sakha, Buana Panca Tengah Buana Larang

b)

Buana Nyungcung, Buana Panca Tengah, Buana Larang

c)

Buana Nyungcung, Buana Nyungcung, Buana Domas

d)

Buana Nyungcung, Buana Nyungcung, Buana Larang

e)

Buana Nyungcung, Buana Panca, Buana Larang