wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan Soal Kawih

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Es lilin mah didorong-dorong

Dibantun mah dibantun ka Sukajadi

Abdi isin dunungan samar kaduga

Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Rumpaka kawih Es Lilin ngagunakeun wangun…

a)

Sajak

b)

Pupuh

c)

Wawangsalan

d)

Sisindirian

e)

Rarakitan

2.

Tanah Sunda (wibawa) gemah ripah (tur éndah)

Nu ngumbara suka betah

Urang sunda (sawawa) sing toweksa (percéka)

Nyangga darma nu nyata


Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran

Sing tulatén jeung rumaksa

Miara pakaya mémang sawajibna

Gatén titén rumawat tanah Pusaka


Rumpaka kawih ‘Tanah Sunda’ téh eusina mangrupa ébréhan cinta ka ….

a)

Kaèndahan Alam

b)

Indung Bapa

c)

Kabogoh

d)

Lemah cai

e)

Kabagjaan

3.

Di urang mah aya nu disebut kawih jeung aya nu di sebut kakawihan. Saenyana mah éta – éta kénéh, lalaguan anu sok dihaleuangkeun. Ngan baé ari kakawihan mah biasana dihaleuangkeun téh ……

a)

Dipirig ku gamelan

b)

Teu dipirig ku gamelan

c)

Di outdor

d)

Di buruan

e)

Bari ulin

4.

Nalika hidep niténan rumpaka kawih Mojang priangan, anu katitén ku hidep yén Mojang priangan téh ngagambarkeun sifat wanoja anu kumaha?

a)

Ngenes

b)

Judes

c)

Garihal

d)

nalangsa

e)

somèah

5.

És Lilin mah ceuceu kalapa muda

Dibantun mah dibantun ka Sukajadi

Abdi isin dunungan samar kaduga

Sok isin mah aduh henteu ngajadi

Dina padalisan kadua éta kawih aya … engang

a)

10

b)

11

c)

12

d)

13

e)

14

6.

Kawih téh mangrupa lalaguan Sunda anu teu kauger ku aturan pupuh. Jalma nu sok ngahaleuangkeun kawih biasana sok di sebut …

a)

Juru kawih

b)

Juru tembang

c)

Juru maos

d)

panyanyi

e)

Rajah

7.

Teu honcewang, sumoreang

Tekadna pahlawan Bangsa

Cadu mundur pantrang mulang

Mun maksud ta can laksana. 


Kawih dluhur dianggit ku …. 

a)

Mang Koko

b)

Euis Komariah

c)

Ida Rosida

d)

Euis Komariah

e)

Noneng

8.

Teu honcewang, sumoreang

Tekadna pahlawan Bangsa

Cadu mundur pantrang mulang

Mun maksud ta can laksana


Rumpaka kawih ‘Tanah Sunda’ téh eusina mangrupa ébréhan ….

a)

Tekad pahlawan bangsa

b)

Kareuues ka Tanah Sunda

c)

Pantrang mulanng ngalawan panjajah

d)

Nèangan maksud

9.

Tèangan harti  nu sarua tina kalimah ieu kagoda, gogoda, kasawang…. . 

a)

Kagembang, goda rancana, kacipta

b)

Balukarna, gelap, goda rancana

c)

Pinasti, rancucut, kacipta

d)

Pasini, goda rancana, kacipta

e)

Kacipta, pasini, gogoda

10.

Peuyeum Bandung dianggit ku . . . 

a)

Mang Koko

b)

Sambas Mangundikarta

c)

Wahyu Wibisana

d)

Ida Rosida

11.

dina lagu “Mawar Bodas” digambarkeun yèn waktu ngajugjug hiji lembur kaayaan di jalan tèh . .

a)

Jalanna rumpil jeung nyingkur

b)

Matak pikabetaheun

c)

Hujan angin dor-dar gelap

d)

Matak pikasediheun

e)

matak seger jeung senang

12.

Dina karawitan Sunda. antara kawih jeung tembang teh dlbedakeun. dina kawih

mah aya wirahma jeung .

a)

Tempo

b)

Padalisan

c)

Koncinada

d)

Birama

13.

Bedana kawih jeung tembang nyaeta…

a)

Kawih mah teu kauger ku rupa-rupa aturan, tembang mah kauger ku aturan nyaeta aturan pupuh.

b)

Tembang mah lalaguan jaman kiwari, kawih mah lalaguan tos lami

c)

Kawih mah tradisional, tembang mah modern

d)

Diwangun ku wirahma jeung tempo

14.

Unsur-unsur intrinsik kawih nyaeta, iwal ti…

a)

Latar

b)

Wiletan

c)

Tokoh

d)

Rasa

15.

Rupa-rupa kawih dumasar kana kamekaran waktu nyaeta...

a)

Buhun, Jaman Jepang, wanda anyar

b)

Jaman Belanda, Jaman Jepang, wanda anyar

c)

Buhun, jaman Belanda, baru.

d)

wanda heubeul jeung wanda anyar