wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

QUIZ KELAS 7 - PAGUNEMAN

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Paguneman téh asalna tina kecap gunem, nu hartina....

a)

Nyarita sorangan

b)

Nyarita gancang

c)

Nyarita silihtempas

d)

Nyarita lalaunan

2.

Dina basa Indonesia mah paguneman téh sarua jeung...

a)

Pantun

b)

Percakapan

c)

Deklamasi

d)

Pidato

3.

Paguneman bisa lumangsung lamun dilakonan ku minimal ..... jelema

a)

1

b)

3

c)

2

d)

4

4.

Anu kaasup conto paguneman nyaéta....

a)

Dongéng

b)

Babak

c)

Adegan

d)

Dialog

5.

Lamun ngobrol jeung jelema anu karék panggih, saluhureun, dina suasana resmi atawa nyaritajeung jelema anu dipikahormat maké basa...

a)

basa kasar

b)

basa lemes

c)

basa loma

d)

basa campuran

6.

Conto karya sastra anu dijerona aya paguneman iwal ti...

a)

Dongéng

b)

Drama

c)

Novél

d)

Biantara

7.

Dina teks paguneman sok aya kalimah langsung. Ciri kalimah langsung téh nyaéta...

a)

Dicirian ku tanda kekenténg

b)

Dicirian ku tanda geret

c)

Dicirian ku tanda Titik Dua

d)

Dicirian kutanda élipsis

8.

“ Gin, urang midamel PR yu” saur Tanjung ka Tigin.

“Hayu” saur Tigin

Kira-kira naon judul anu pantes pikeun téks paguneman diluhur...

a)

Tanjung nyampeur Tigin

b)

Ngajak midamel PR sasarengan

c)

PR ti Ibu guru

d)

Ngajak babaturan

9.

Lamun ngobrol jeung babaturan anu geus wanoh, geus akrab, alusna maké basa...

a)

loma

b)

lemes

c)

kasar

d)

campuran

10.

Dina paguneman, lamun urang nyarita ulah... jeung….

a)

daria, sorana béntés, tétéla, wajar, henteu aya kesan saperti anu cowong

b)

kudu antaré, teu gancang teuing jeung teu ngayayay

c)

maké lentong nu merenah

d)

nyarita gancang, sora laun