NEW
Font size
WorksheetsDongeng
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Dongeng téh nya éta ...
Carita fiksi nu diwariskeun ti karuhun ku cara tulu-tumuluy nu teu apal saha nu ngarangna
Carita fiksi nu ngandung unsur palaku, galur, jeung latar
Carita nu loba palaku jeung panjang galurna
Carita anu luyu jeung kanyataan sapopoé
Dongéng anu eusina ngeunaan carita manusa biasa nu miboga karakter unik, nya éta ...
Legenda
Pabél
Parabél
Mitos
Ciri has carita dongéng nu ngabédakeun jeung carita nu séjén nya éta ...
ngandung pamohalan
aya palakuna
alurna maju
aya pangarangna
Anu lain judul dongéng téh ...
Si Kabayan
Sangkuriang
Situ Bagendit
Sajarah Depok
Dongéng ditepikeun ku kolot urang ku cara turun-temurun, ku kituna dongéng kaasup sastra ...
tulisan
lisan
modern
tulisan jeung modern
Anu teu kaasup ciri atawa sipat dongéng nya éta ...
kanyahoan nu ngarangna
teu kanyahoan nu ngarangna
ngandung unsur pamohalan
sumebar sacara lisan
Anu kaasup kana dongéng pabel nya éta ...
Sasakala Maung Panjalu
Si Kabayan Ngala Nangka
Sakadang Kuya jeung Sakadang Maung
Cikaracak Ningang Batu
Dongéng Parungbingung nyaritakeun asal-usul ...
ngaran barang
ngaran tempat
ngaran alam
sasatoan
Tokoh dongéng anu disebut-sebut asli Sunda nya éta ...
Abu Nawas
Si Pitung
Si Kabayan
Joko Bodo
Anu disebut Parungbingung téh ngaran hiji tempat. anu ayana di lebah pertelon ka jurusan Depok, Cinere, jeung Sawangan. Asalna mah ngaranna téh Parung. Ngan ku sabab sok ngabingungkeun, nya antukna disebut Parungbingung. Kecap pertelon hartina ...
lebah
perempatan
pertigaan
simpang
Anu disebut Parungbingung téh ngaran hiji tempat. anu ayana di lebah pertelon ka jurusan Depok, Cinere, jeung Sawangan. Asalna mah ngaranna téh Parung. Ngan ku sabab sok ngabingungkeun, nya antukna disebut Parungbingung. Kecap antukna hartina ...
ahirna
sabab
tapi
lain
Baheula, di dinya téh tempat ngadu, ti mimiti ngadu kartu nepi ka ngadu hayam. Anu daratang ka dinya ngadon ngadu téh lolobana mah rampog, jawara, jeung tuan tanah. Kecap ngadu sarua hartina jeung ...
ulin
ameng
judi
mabok
Baheula, di dinya téh tempat ngadu, ti mimiti ngadu kartu nepi ka ngadu hayam. Anu daratang ka dinya ngadon ngadu téh lolobana mah rampog, jawara, jeung tuan tanah. Anu teu datang dina éta tempat téh nya éta ...
rampog
jawara
tuan tanah
jalma beunghar
Di dinya aya sawatara jawara anu geus kasohor, di antarana baé Salikun, Ali Maskun, Saprin, jeung Arkani. Salian ti éta aya mandor Sairih jeung Rahim. Jumlah jawara nu disebutkeun di luhur téh aya ... jelema
lima
opat
genep
tujuh
Dongéng anu eusina nyaritakeun kahirupan bangsa jin atawa dewa-dewa disebut ...
pabel
parabel
mite/mitos
sagé
Dongéng anu palaku utamanna Nyi Endit téh nya éta ...
Situ Bagendit
Sangkuriang
Paryung Bingung
Nyi Roro Kidul
Tokoh nu teu aya dina dongeng Parungbingung nya eta ...
Mandor Sairih
Haji Nalih
Arkani
Rahim
Pasipatan Nyi Endit dina dongeng Situ Bagendit nya éta ...
bageur
korét jeung adigung
soméah (ramah)
sok nulungan batur
Latar carita Situ Bagendit ayana di wewengkon ...
Bogor
Bandung
Depok
Garut
Dongéng anu ngandung sajarah (sage) nya éta ...
Kéan Santang jeung Prabu Siliwangi
Sunan Gunung Jati
Sasakala Cai Laut Asin
Gajah Éléh ku Sireum
