wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda Kelas XI

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Wawangsalan mana nu merenah pikeun ieu poto

a)

Anak munding nyusu keneh

Aduh Enéng deudeuh teuing

b)

Anak munding nyusu kénéh

Aduh Enéng deudeuh teuing

c)

Anak munding nyusu kénéh

Aduh Énéng deudeuh teuing

d)

Anak munding nyusu kénéh

Aduh Enéng dedeh teuing

e)

Anak munding nyusu kénéh

Aduh Enéng deudeuh teing

2.

Biantara anu biasana teu maké persiapan (ngadadak) disebut métodeu biantara sacara...

a)

Téks

b)

Naskah

c)

Ektemporan

d)

Ngapalkeun

e)

Impromtu

3.

Aya jalma anu parigel dina biantara nepika jadi ahli biantara. Jalma anu ahli dina biantara disebutna...

a)

moderator

b)

koléktor

c)

kurator

d)

orator

e)

koruptor

4.

Paribasa sing caringcing pageuh kancing, sing saringset pageuh iket ngandung harti...

a)

kudu maké papakéan anu alus tur rapih  

b)

kudu maké baju jeung calana pangsi katut iket

c)

saged atawa siap nyanghareupan pagawéan

d)

kudu maké papakéan has atawa tradisional

e)

kidu maké baju anu aya kancingan, ulah ku seléting

5.

Bandung heurin ku tangtung, Sumedang ngarangrangan kaasup kana...

a)

Cacandran

b)

Babasan

c)

Paribasa

d)

Candrasangkala

e)

Panyaraman

6.

Ka Pasar rék meuli déblo,

ngaliwatan parapatan.

Kieu nasib budak jomblo,

ku batur sok dipoyokan.

Sisindiran diluhur kaasup kana wangun...

a)

Wawangsalan

b)

Rarakitan

c)

Kaulinan

d)

Paparikan

e)

Tatarucingan

7.

Ulah sok nyalahkeun bujur,

sabab hitut ngaburudul.

Ulah sok nyalahkeun batur,

sabab anjeun nu teu jujur.

Sisindiran diluhur kaasup kana wangun...

a)

Rarakitan

b)

Paparikan

c)

Tatarucingan

d)

Kaulinan

e)

Wawangsalan

8.

Dihandap ieu mana cara nulis sisindiran anu bener…...

a)

Mawa peti dina sundung,

            Dibawa ka Nusa Jawa.

            Pangarti teu beurat nanggung,

            Kabisa teu beurat mawa.

b)

mawa peti dina sundung,

            dibawa ka Nusa Jawa.

            pangarti teu beurat nanggung,

            kabisa teu beurat mawa.

c)

mawa peti dina sundung,

            dibawa ka Nusa Jawa,

            pangarti teu beurat nanggung,

kabisa teu beurat mawa.

d)

Mawa peti dina sundung.

    Dibawa ka Nusa Jawa.

   Pangarti teu beurat nanggung.

  Kabisa teu beurat mawa.

e)

Mawa peti dina sundung,

            dibawa ka Nusa Jawa.

            Pangarti teu beurat nanggung,

            kabisa teu beurat mawa.

9.

Teu beunang disupa dulang,

      teu beunang dibébénjokeun.

Wangsalna...

a)

bejo

b)

kéjo

c)

supa

d)

ténjo

e)

sangu

10.

Hadirin, ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pedah nyarita ku  basa Sunda, malah kudu sabalikna urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumulé budaya karuhun.

Harti kecap nu digurat handapan duluhur nyaéta...

a)

Ningkatkeun

b)

Nyindekkeun

c)

Ngarasa

d)

Ngurus/ miara

e)

Ngawawuhkeun

11.

Budak anu soméah, kasasaha sok marahmay tur tara paséa jeung batur téh ceuk babasan mah nukitu téh budak...

a)

Amis budi

b)

Laér gado

c)

Amis cau

d)

Bodo Aléwoh

e)

Kokoro manggih mulud

12.

Panca Pandawa Ngemban Bumi=

a)

1255 Saka

b)

5521 Saka

c)

1255 Masehi

d)

5521 Masehi

e)

1255 Hijriah

13.

Monyét hideung sisi leuweung

asa teu puguh tungtungna

a)

Monyét

b)

Lutung

c)

Hideung

d)

Leuweung

e)

Tungtung

14.

Mawa peti dina sundung,

------------------------------.

Pangarti teu beurat nanggung,

kabisa teu beurat mawa.

Ungkara nu merenah pikeun ngeusian jajaran kadua...


a)

Banda Acéh di Sumatra

b)

urang nu jadi siswa

c)

dibawana ka  Jakarta

d)

nu mawana saha waé

e)

dibawa ka Nusa Jawa

15.

Batur mah jalan ka Dago,

kuring mah rék ka Jatayu.

Batur mah mareunang jodo,

kuring mah teu acan payu.

a)

rarakitan sésébréd

b)

paparikan silihasih

c)

rarakitan silihasih

d)

paparikan piwuruk

e)

rarakitan piwuruk