NEW
Font size
WorksheetsBasa Sunda Pangajaran 6 Kelas 5
Total questions: 20
Worksheet time: 40mins
Endah pisan lembur kuring
Di sawang ti kaanggangan
Harti kecap ti kanggangan nyaeta ....
ti kajauhan
ti hareup
ti kadeukeutan
ti tukang
Biru paul pagunungan, kasimbutan ku halimun.
Kecap halimun hartina ....
tumbuhan
awan
matahari
kabut
Pasawahan upluk-aplak, patani keur barang pelak.
Kecap upluk-aplak tina sajak di luhur ngabogaan harti ....
sawana loba
sawahna lega
sawahna subur
sawahna tereh panen
Sato nu ngahariring dina tangkal dadap cangkring nyaeta ....
jangkrik
papatong
manuk
kukupu
Suasana sajak nu karasa ku nu maca, sabada maca sajak "Lembur Kuring" nyaeta ....
bungah
sedih
ambek
deudeuh
Adi abdi sok .... di tembok imah.
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
ditulis
tulisan
tutulisan
dipangnuliskeun
Ka dieu atuh, De, ulah deuket teuing bisi ....!
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
katakol
ditakol
tatakol
ditakolan
Unsur sajak nu hartina mangrupa pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak, disebutna ….
amanat
nada
rasa
jejer/tema
Kecap anu langsung atawa sabenerna nuduhkeun barangna disebut ...
harti konotatif
harti denotatif
Di handap ieu kalimah anu ngandung harti denotatif, nyaeta …
Kaayaan isuk-isuk di lembur mah sok loba manuk nu ngahariring
Lamun budak kedul diajar, pastina bakal ngendog di kelas
Ibu nuju metikan daun sampeu, pikeun lalaban sambel
Ronaldo katelabh bentang lapang nu asalna ti Portugal
Buku sajak karangan Sayudi, taun 1963, ngabogaan judul ....
Tepung di Bandung
Aya Naon di Cinaon
Lalaki Langit
Lalaki di Tegal Pati
a. Pare nu tereh panen, kacirina tarungkul
b. Gajah teh sato panggedena nu aya di darat.
c. Di laut ombak teh paudag-udag muru ka basisir.
d. Pa dokter keur ngobatan pasien nu gering.
Kalimah-kalimah di luhur nu kaasup kalimah nu ngabogaan harti konotatif (injeuman, kiasan) nyaeta ....
a jeung b
a jeung c
b jeung d
c jeung d
Judul sajak karangan Chye Rétty Isnéndés, nyaéta. . . .
Wasiat Konglomerat
Jante Arkidam
Kidang Kawiyasa
Jamparing Hariring
Hal-hal anu ngajiwaan eusi sajak, bisa kapanggih sabada dibaca.
Unsur sajak di luhur nyaeta ....
tema
nada jeung suasana
rasa
amanat
“Soal matematika pikeun Jang Amir mah hipu atuh!”.
Kalimah di luhur ngandung harti konotatif (kiasan), dimana harti sabenerna kalimah di luhur nyaeta ....
soal matematikana hese
soal matematikana loba
soal matematikana gampang
soal matematikana saeutik
Midangkeun sajak nu geus diapalkeun, ditatar hareupeun umum maké pepeta (gerakan) jeung wirahma (intonasi suara), disebut. . . .
ngawih
pupuh
nyinden
deklamasi
Kang Ajat keur ...majalah, rek neangan sajak Sunda.
Kecap nu merenah pikeun kalimah di luhur nyaeta ....
babacaan
dibaca
macaan
pangmacakeun
Gunung nu pernahna di Kabupaten Bandung Barat nu jangkungna kira-kira 2.084 meter nyaeta ....
Gunung Guntur
Gunung Papandayan
Gunung Ciremai
Gunung Tangkuban Parahu
Gunung Tangkuban Parahu sok dipatalikeun kana legenda "Sangkuriang" nu nyaritakeun Sangkuriang teu bisa nedunan pamenta indungna, nyieun talaga jeung parahu dina waktu sapeuting. Kumaha ahirna carita ieu?
Sangkuriang jadi batu
Sangkuriang najong parahu nepi ka nangkub
Sangkuriang jadi raja
Sangkuriang diteunggeul ku indungna
Pek baca penggelan sajak "Sawarga Nu Ngemploh" :
Jangkrik piraku dengdem ngabetem, Di nu pangjerona nyamuni, Pan peutingna tengtrem ayem.
Kecap nyamuni dina kalimah di luhur nyaeta ....
cicing
nyumput
tembong/katingali
gandeng
